UT UPBJJ Bandung Masrahkeun Ijazah Ka 1.455 Lulusan

Universitas Terbuka (UT) Unit Program Belajar Jarak Jauh (UPBJJ)  Bandung salila dua poe  25 jeung 26 Februari 2015 ngayakeun kagiatan acara Upacara Penyerahan Ijazah (UPI) masrahkeun  ijazah ka 1.455 lulusan. Kagiatan  acarana lumangsung di Balai Sartika Convention Hall Jl.Suryalaya  Indah 1-3 Buah  Batu Bandung diluuhan Kepala Lembaga Pengembangan Bahan Ajar,Ujian  & Sistem Informasi  (LPBAUSI) UT  Dewi Mutiara ,SH,M.T  sarta Plt.Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Dr.Ir.H.Ahmad Hadadi,M.Si,Kepala UPBJJ-UT Bandung Dra.Dina Thaib M.Ed sarta Kepala Dinas Pendidikan kabupaten kota di wilayah kerja UPBJJ-UT Bandung  sarta para Pengurus Kelompok Belajar.Sajumlah lulusan  ngawengku 918 lulusan   ti program S1-PGSD,101 lulusan  program S-1 PGPAUD sarta 436 lulusan  D-2  Perpustakaan. Para lulusan nu narima  ijazah 25 Februari 2015  masing –masing   asalna ti kab.Ciamis,Pangandaran,Garut,kota Bandung,Cimahi ,kab.Bandung  jeung kota Banjar.Tina  lululusan  asal  kab/kota  ieu  kapeto lulusan meunang Indeks Prestasi Kumulatif (IPK)  panghadena Haiva Sofiah D-2 Ilmu Perpustakaan  IPK 3,40 jeung  Rohayati  D-2 Ilmu Perpustakaan ti kab.Ciamis jeung Diah Sudiyana S-1 PGSD IPK 3,30 ti  kab.Bandung.

Sedengkeun lulusan nu narima ijazah 26 Februari  2015 asalna ti kab.Sumedang,kota Tasikmalaya,kota Cirebon,kab.Cirebon,kab.Indramayu,kab Kuningan,kab.Tasikmalaya .kab.Purwakarta,kab.Bandung Barat jeung kab.Subang.Kapeto lulusan panghadena Eneng Ipah Saripah S1-PGSD  IPK 3,45  ti kab.Tasikmalaya sarta Rita Puspita Sari  S1-PGPAUD  IPK 3,43 jeung Nurqomarina Agustin  D-2 Ilmu Perpustakaan  IPK 3,35 ti kab.Kuningan.Kepala LPBAUSI UT Dewi Mutiara  dina biantarana  netelakeun ku  meunangna gelar Diploma  atawa Sarjana,para lulusan kudu  ngarasa syukur turta  ngarasa reueus  kulantaran henteu  sakabeh jalma hasil rengse tepat waktu, peunteunna hade jeung IPK na panghadena. Sok komo  dina konteks diajar di UT kacida  tegasna dina mere peunteun.“ Pikeun meunang peunteun  turta IPK hade UT maksa mahasiswa sangkan  rajin jeung serius dina diajar. Peunteun jeung ijazah penting  tapi eta akibat tina proses diajar nu dipiampah”.pokna.Dina eta  kasempetan Dewi Mutiara ngainformasikeun yen dina raraga ngadeukeutkeun layanan UT sarta ngafasilitasi ningkatkeun akses kaparigelan ngamangfaatkeun teknologi komunikasi  jeung  informasi mahasiswa dina pembelajaran,UT geus gawe bareng jeung PT.Telekomunikasi Indonesia,TBK pikeun ngadegkeun  sarta ngayakeun Sentra  Layanan UT (SALUT) di sakuliah Indonesia. “ Kiwari geus ngadeg siap operasi  3 SALUT nu lokasina di Cibinong (Bogor),Rangkasbitung(Banten) jeung Cirebon. Nepi ka ahir 2017 ditargetkeun 150 SALUT ,sarta di taun 2021 ngadeg 300 SALUT di  sakuliah Indonesia “.ceuk Dewi Mutiara saperti diberitakeun Koran Giwangkara.

Sapoe saacan dilaksanakeun UPI,Salasa  24 Februari 2015 di tempat eta keneh  dilaksanakeun heula  Seminar  temana “  Memaknai Revolusi Mental Melalui Ejawantahan Reformasi Dalam Pendidikan”didugikeun  Dr.Ir.H.Ahmad Hadadi,M.Si  salaku  Plt.Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat . Numutkeun  Ahmad Hadadi  revolusi mental kuduna museur  kana pangwangunan manusa ku ngaliwatan pendidikan. Pendidikan kacida strategis dina ngabentuk mental anak bangsa kulantaran prosesna  euweuh ahirna ( never ending proses).Di palebah dieu pola pikir sakaligus karakter  positif anak mimiti diwangun.  “ Guru nyaeta aktor utama ngawujudna masarakat terdidik.Sajarah dunya geus ngabuktikeun  yen guru ngarupakeun  pondasi pikeun pangwangunan bangsa.Kukituna  faktor   pendidikan  jadi hal nu kacida penting pikeun nyiptakeun pembaruan mental masarakat utamana  para wanoja harepan bangsa “.ceuk Ahmad Hadadi.(Suherman.S).- 

You may also like...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *