Dr.H.Dedi Herawadi : Program Kepsek Ngawujudkeun Sakola Efektif Di Tilu SMPN Kota Bandung

Kawijaksanaan Dinas Pendidikan kota Bandung  jeung program kapamingpinan sakola dina ngawujudkeun sakola efektif di tilu SMPN kota Bandung nyaeta  di SMPN 5,SMPN 2 jeung di SMPN 4  l umangsung hasilna  hade luyu jeung nu diharepkeun  “ Kaberhasilan  ngawujudkeun sakola efektif ditujukeun ku  saruana ayana   dilakukeun boh salaku kepala sakola salaku pembangkit motivasi (motivator) nyakitu deui Kepsek salaku ngamekarkeun Sumber Daya Manusia (SDM) nyakitu deui Kepsek  salaku pendelegasi nu boga  wewenang  tangggungjawab  sarta Kepsek salaku pengawas jeung nu boga  tujuan “.ceuk Dr.H.Dedi Herawadi salaku Kepala Bagian Umum PPPPTKIPA (Pusat Pengembangan Pemberdayaan Pendidik & Tenaga Kependidikan IPA) waktu mertahankeun disertasina “ Strategi Kepemimpinan Kepala Sekolah Dalam Mewujudkan Sekolah Efektif  (Studi Kasus pada Tiga SMPN di Kota Bandung)  dina sidang ujian terbuka pikeun ngaraih gelar Doktor Widang Manajemen Pendidikan Program Studi Manajemen Pendidikan Pasca Sarjana Universitas Islam Nusantara (Uninus) lumangsung Rebo 6 April 2016 di kampus Jl.Soekarno-Hatta No.530 Bandung  hasilnya ditandeskeun lulus kukituna boga hak pikeun make gelar Dr.

Numutkeun Dedi saperti diberitakeun Koran Giwangkara  Kepala Sekolah SMPN 5,SMPN 4 di Bandung  pikeun  mingpin sakola geus sagemblengna  ngeumbing kana Permendiknas Nomor 13 Taun 2013. Tapi aya bedana  tina segi input siswa di SMPN 4 leuwih pacampur baur pengetahuannna,sikapna,katerampilan sarta lingkungan kulantaran  deukeut pemukiman jeung pasar.  Dedi ngebrehkeun implementasi program sacara umum lancar luyu jeung rencana na nyaeta ngawengku  program Pelayanan  Penerimaan  Peserta  Didik Baru (PPDB),Program ningkatkeun sarana prasarana, ningkatkeun kompetensi guru jeung kompetensi tenaga kependidikan,ngamekarkeun prestasi akademik siswa,pembelajaran pola PAIKEM, ngamekarkeun  lingkungan  sakola  kondusif jeung kakulawargaan,ngamekarkeun lingkungan sakola  berkarakter jeung berbudaya.lingkungan sakola  berprestasi non akademik (life skill), gawe bareng  wali murid  jeung komite sakola,ngaoptimalkeun entrepreneur. Program-program sakola  nu geus  direalisasikeun  ku kapapingpinan  hade  strategina tepat ieu teh  bakal  mawa implikasi atawa mangaruhan  kana ngawujudna sakola efektif  nu perlu dipertahankeun jeung diomean   diluyukeun jeung mekarna kawijaksanaan pendidikan Implementasi program nu hade  bisa  nimbulkeun kapercayaan masarakat  terus ngaronjat,lulusanna mibanda kualitas, sakolana kondusif, lingkungan bersahabat . Hal ieu mangaruhan kana ningkatna  kualitas pendidikan.

Sedengkeun  masalah  disanghareupan kepala sakola dina ngamekarkeun  srategi jeung program-program kapamingpinna  tembong  variatif.   Saperti masalah  disanghareupan kepala  SMPN 4 kota Bandung dina ngawujudkeun sakola  efektif  kacida  komplek hal ieu  balukar tina  lobana faktor  ngahambat  kapamingpinnanna kepala sakola ngamekarkeun  sakolana.  Tapi beda deui jeung di SMPN 5 jeung SMPN 2 kota Bandung dina ngawujudkeun sakola efektif  teu pati loba masalah . Hal ieu katinggalina tina sagala rupa  kaberhasilan geus ditampilkeun ku kadua sakola ieu.  Masalah disanghareupan pingpinan sakola perlu  sagancangna direngsekeun     sacara daria  pikeun   ngawujudkeun  sakola efektif,saupama  diantep  bakal  mangaruhan kana kurang percayana masarakat pikeun nyakolakeun budakna  nu oge mangaruhan kana kualitas mutu pendidikan beuki handap. Kukituna Solusi jeung lengkah ngomean ka hareupna kudu terus dilakukeun  ku cara pendidikan jeung pelatihan,pertemuan ilmiah,kursus,gawe bareng.kagiatan-kagiatan  nu bakal nganteurkeun ngaronjatna kapercayaan masarakat  kana pendidikan

“ Nyakitu deui dina ieu kasempetan  Simkuring ngarekomendasikeun pikeun kepala sakola di tilu SMPN kota Bandung nyaeta  SMPN 5, SMPN 2  jeung SMPN 4 dina ngalaksanakeun  program-programna geus   tepat ka arah ngawujudna sakola efektif perlu dipertahankeun sarta  terus  perlu diomean sangkan bisa dijadikan conto  ditepakeun ka kepala sakola sejenna .ceuk Dedi kalahiran   Ciamis  6 Januari 1960 alumni  S1 Pendidikan Biologi IKIP Bandung,S2  Kebijakan Publik Unpad kiwari  boga anak  opat hasil perkawinan jeung Dra.Hj.Elly Nurlaely K.H,MM guru SMAN 18 Bandung nyaeta Gema Aghnia Fadillah S.Pd lulusan Pendidikan Biologi UPI ,dr.Ikhbar Fallah lulusan Kedokteran Unjani,Gina Nurulfaridah,S.Hum lulusan Unpad,Gita Nurfarhah siswa SMAN 3 Bandung.    Kagiatan  sapopoena Dedi di kantorna Jl.Dipenogoro No.12 Bandung  lian ti salaku fasilitator  Nasional Pendidikan IPA & Kebijakan Pendidikan,Wakil Manajemen mutu ISO,Ketua Korpri PPPPTKA IPA sarta sering ngalanglangbuana ka mancanagara boh kursus,studi banding,kerjasanma pelatihan,konperensi,monitoring ,seminar nyaeta pernah ka Malaysia,Jerman,Belanda,Amerika,Kamboja,Vietnam,China,Thailand,Filipina,India jeung Jepang.(Suherman.S).-          

You may also like...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *