Perguruan Tinggi Henteu Bisa Deui Mibanda sifat Lokal
Ketua Badan Pengurus Yayasan Islam Nusantara Letjen TNI (Purn) H.Achmad Roestandi,SH nu mayungan Universitas Islam Nusantara (UNINUS) saperti diberitakeun Koran Giwangkara netelakeun Persaingan luar biasa di widang Pendidikan Tinggi dialaman ayeuna nu nyababkeunnana bisa tina sagala rupa hal ,tapi diantarana nu paling aktual jeung relevan nyaeta ku ayana globalilsasi pendidikan tinggi kulantaran pemerintah Indonesia geus ngamedalkeun Undang-Undang Penanaman Modal anyar nu eusina geus ngaluarkeun sektor pendidikan,tina “ negative list “ hartina saha bae,ti nagara mana wae dimeunangkeun pikeun muka sagala jenjang sakola di Indonedesia. Ari Faktor sejenna nu kudu dibalitungkeun nyaeta kulantaran baheula sakitu gampangna pemerintah ngadegkeun Perguruan Tinggi Swasta(PTS) atawa Program Studi (Prodi) anyar. Akibatna ayeuna di Provinsi Jawa Barat wae aya kurang leuwih 450 PTS jeung aya 1400 Program Studi.(Prodi) .Dina kaayaan kondisi saperti kieu jelas yen pengelolaan Perguruan Tinggi kudu ditujukeun pikeun ngaantisipasi kahirupan pinuh ketidakpastian,paradoksial turta lobana saingan pikeun tarekah ngaberdayakeun jeung ngaronjatkeun sumber daya nu aya.
“Kukituna Perguruan Tinggi ayeuna kudu dikokolakeun ku jalma mibanda komitmen sarta boga kamampuan ti mimiti level Program Studi nepi ka tingkat Yayasan. Lian ti kitu perguruan tinggi kudu mampu ngajamin hasil didikna di widang profesi pikeun meunang sertifikasi profesi salaku syarat pikeun meunang hak digawe luyu jeung kompetensi kepakaran nu dipelajari di perguruan tinggi”.pokna sawatara waktu anyar kaliwat di kampus Uninus Jl.Soekarno-Hatta No.530 Bandung.Numutkeun Achmad Roestandi kiwari para lulusan nyanghareupan situasi salambar ijazah pendidikan tinggi geus henteu deui jadi andelan pikeun mangsa pikahareupeun. Pasar lapangan pagawean beuki ngutamakeun prestasi nyata jeung kamampuan pembelaaran tinimbang tingkat pendidikan salaku indikator kamampuan SDM kulantaran daya tawar para lulusan henteu deui dina gelar tapi kamampuan pikeun terus nga-update pengetahuan luyu jeung tuntutan jaman. “ Ku hal ieu aktivitas pendidikan tinggi henteu deui mibanda sifat lokal,sok sanajan disarankeun sangkan penyelenggaraanna tetep sifatna lokal,ngan boga wawasan global atawa internasional. Hartina kualitas pendidikan kudu dironjatkeun sangkan mampu saingan jeung kualitas lulusan ti lembaga pendidikan di luar negeri “.ceuk Achmad Roestandi bari inyana nambahkeun soal ngawaragadan pendidikan akibat tina pangaruh globalisasi geuningan henteu bisa dileupaskeun tina aliran dana sifatna multinasional sok komo peserta didik atawa mahasiswana aya di sababaraha nagara.
Achmad Roestandi ngajentrekeun era saingan ayeuna nungtut parobahan berfikir disakabeh lini kahirupan kaasup perguruan tinggi. “ Saupama hayang hasil meunang saingan,sok sanajan lain lembaga bisnis,perguruan tinggi ku cara sistem standar kudu dikelola ngagunakeun make “market oriented” nu nyumponan bari jeung henteu ninggalkeun peran sosialna.Perguruan Tinggi kudu salawasna milu mikiran ngamekarkeun identitas jeung inovasi produk dina hal program-program fakultas,hartina perguruan tinggi kudu bisa ngadeteksi ti ayeuna kana satiap parobahan sarta mibanda kapasitas ngamekarkeun program anyar atawa saupama perlu nutup program nu teu luyu jeung kaayaan di masarakat. “ Perekrutan dosen entong ngan didadasaran ku gelar atawa kapinteranna wungkul tapi kudu difokuskeun kana figur mibanda sumanget dedikasi jeung bisa ngatransfer ilmu ka sakabeh peserta didik sacara signifikan”.ceuk Achmad Roestandi(Suherman.S).-