UIN SGD Bandung Wisuda 2.105 Lulusan
Universitas Islam Negeri (UIN) Sunan Gunung Djati (SGD) Bandung saperti diberitakeun Koran Giwangkara Poe Minggu 18 September 2016 ngalaksanakeun Sidang Terbuka Senat dina raraga Wisuda Ka 65 ngawisuda sajumlah 2.105 lulusan lumangsung di Gedong Aula Anwar Musaddad Kampus UIN Jl.A.H.Nasution No.105 Cibiru Kota Bandung.Sajumlah lulusan diwisuda Rektor UIN SGD Bandung Prof.Dr.H.Mahmud,M.Si nyaeta asalna ti Program Sarjana (S1) Fakultas Tarbiyah & Keguruan 469 lulusan,Syariah & Hukum 349 lulusan Dakwah & Komunikasi 342 lulusan,Sains & Teknologi 219 lulusan,Ilmu Sosial & Politik 208 lulusan,Adab & Humaniora 200 lulusan,Ushuluddin 98 lulusan,Psikologi 40 lulusan sarta Program Pasca Sarjana (S2) 153 lulusan jeung Program Pasca Sarjana (S3) 22 lulusan..Mahmud dina biantarana lian ti ngawilujengkeun ka para lulusan oge menta ka para lulusan sangkan ngajaga ngaran hade almamater sarta netelakeun pihakna kiwari terus ngabina mahasiswana ku ngadegkeun pesantren luhur (Ma’had Ali) jeung Imah Al.qur’an di Cileunyi Kabupaten Bandung .Salila sataun para mahasiswa nu lolos seleksi asup bisa diajar ka Mahad Ali pikeun diajar ilmu-ilmu kaagamaan saperti kitab kuning..Para mahasiswa oge bisa diajar luyu jeung asal program studina. Sedengkeun Imah Alqur’an nu gawe bareng jeung UstazYusuf Mansur pikeun ngahasilkeun mahasiswa nu arapal al-qur’an kulantaran motto UIN SGD Bandung nyaeta Wahyu Memandu Ilmu .” Para mahasiswa dibina nepi ka apal 30 juz Al-qur’an ku fasilitas diasaramakeun. Geus aya sababaraha kabupaten/kota di Jawa Barat nu ngabiayaan mahasiswa ti daerahna pikeun diajar di Imah Al-qur’an sarta rencanana sakabeh kabupaten/kota bisa ngabiayaan “. Ceuk Mahmud (Suherman.S).-