Prof.Dr.Yoyo Mulyana,M.Ed : Pendidikan Karakter Perlu Dilaksanakeun Saupama Henteu Bangsa Indonesia Jadi Bangsa Kuli
Bangsa Indonesia saengeusna 65 tahun merdeka saupama ayeuna dititenan sapopoe nu kabireungeuh teh nyaeta loba panyakit masarakat nu nyaliara sumebar dimana mana boh beuki rongkahna korupsi sarta beuki loba jalma nu resep nyiksa diri sorangan ku cara ngonsumsi narkoba, loba jalma sarakah,,kalakuam sex nu goreng patut, etos kerja oge goreng patut malahan nu pikahariwangeun deui mah diantara sabagian jalma na ieu teh aya nu geus leungiteun cita –citana henteu ngarasa bangga salaku bangsa Indonesia. Pon kitu deui masarakatna geus ngarasakeun riweuh balukar tina kisis ekonomi,krisis politik,krisis hukum, samalah mah ayeuna aya dina posisi krisis karakter (akhlak),krisis nilai-nilai kejuangan nu geus buyar jeung krisis kepercayaan diri dina makna krisis identitas nu ngakibatkeun krisis jati diri. “Anu ngabalukarkeun krisis karakter jeung jati diri ieu tangtuna loba pisan sababna tapi diantarana lian ti jalmana tina akibat henteu bisa diajar tina pangalaman bangsa sorangan oge ku kajongjonan teuing kana luyah layahna sumber daya alam sarta pangwangunan ekonomi nu ngan nyoko salawasna kana eksploitasi sumber daya alam sarta pangwangunan ngan ukur kana pangwangunan fisik jangka pendek turta salah duga,materi disangka bakal mampu ngagantikan sumangat.” Ceuk guru besar Universitas Pendidkan Indonesia (UPI) Prof.Dr.Yoyo Mulyana,M.Ed waktu ngadugikeun makalahna “ Gerakan Pendidikan Karakter Dari Gagasan Ke Tindakan” dihareupeun 1000 urang peserta Seminar Nasional Pendidikan diayakeun ku Fakultas Keguruan Ilmu Pendidikan (FKIP) Universitas Islam Nusantara lumangsung poe Saptu 25 Februar1 2012 di aula kampus Jl.Soekarno Hatta No..530 Bandung. nu dina ieu kasempetan ngaguar oge makalah ti dosen PPKn-FKIP/Ketua Prodi S3 Ilmu Pendidikan Pasca Sarjana Uninus no oge salaku Ketua Korpri Unit Kopertis IV Jabar & Banten Prof.Dr.H.Dedi Mulyasana M.Pd.
Numutkeun Yoyo Mulyana saperti diberitakeun di Koran Giwangkara ku nitenan kaayaaan kondisi bangsa saperti kitu teh tangtuna kaayaan bangsa aya dina biwir jurang,hal ieu teh geus datangna lonceng peringatan tanda dibutuhkeunnana pendidikan karakter,saupama lonceng peringatan tanda bahaya dipadulikeun bangsana bakal musnah kukituna ngeunaan pendidikan karakter kudu buru-buru sagancangna dilaksanakeun malahan apanan geus ti baheula keneh Presiden RI Ir.Soekarno geus wanti-wanti kungsi peupejeuh turta cumarita “ Bangsa Indonesia kudu diwangun ku cara ngaheulakeun pangwangunan karakter,saupama henteu dilakukeun,bangsa Indonesia bakal jadi bangsa kuli”. Kiwari Presiden RI Dr.Susilo Bambang Yudoyono oge cumarita yen perlu ngalakukeun lengkah reformasi pendidikan sangkan bisa ngawangun mibanda makna pikeun proses ngawangun karakter jeung jati diri bangsa nu salawasna ngarojong bangsa Indonesia berpikir jeung bertindak inovatif.
Satululyna Yoyo netelakeun geuningan pendidikan karakter teh lain ngarupakeun kagiatan anyar nyakitu deui konsepna pendidikaan karakter dina nerapkeunnana henteu diajakeun tapi dibiasakeun.Inyana nyontokeun aya sababaraha koridor pendidikan karakter nyaeta menginternalisasi nilai,memilih nilai-nilai nu hade,ngabiasakeun diri sarta jadi teladan. Oge ngadidik karakter kudu mawa sakabeh komponen nu aya pakuat pkaitna jeung peserta didik sacara babarengan. Nyakitu deui proses pendidikan kudu diperhatikeun suasana belajar,proses belajar .,bahan ajar jeung evaluasi belajarna kulantaran pendidikan karakter nyaeta kegiatan ever ending proses. Sedengkeun nu dijadikeun indikator hasilna pendidikan karakter di tatanan formal sakola bisa katangen diantarana wae para siswana beuki jujur,kabiasaan nyontek bakal ngurangan.prestasi siswa dina sagala widang ngaronjat, moal aya geng-geng,kelompok sarta tawuran , siswana sopan santun boh tingkah laku sata tutur bahasana,loba siswa nu miluan bakti sosial,kagiatan kaagamaan,beuki bangga produk dalam negeri,.siswa disiplin ngagawekeun tugas atawa PR (Pekerjaan Rumah), siswa mampu mimpin diri sorangan (datang tepat waktu,pakean rapi,tepat janji),,beuki kuatna kabanggaan salaku putra-putri Indonesia sarta ngaronjatna mikanyaho kana sejarah Indonesia ditengah-tengah sejarah dunia sarta tantangan nu disanghareupan ku bangsa Indonesia di mangsa nu bakal datang..(Suherman.S).-