Rosi Sianipar S.Sn : Ngainspirasi Masarakat Ku Puisi
Papanggih jeung Rosi Sianipar S.Sn nu sapopoena salaku dosen di Fakultas Ilmu Seni & Sasta (FISS) jurusan Seni Musik,Seni Fotografi & Film Universitas Pasundan(Unpas) Bandung sarta ngajar di SMKN 10 Bandung waktu acara pelatihan perpustakaan pikeun pengelola perpustakaan sakola SMU/SMA/SMK sa-Jawa Barat diayakeun Unit Pelaksana Teknis (UPT) Perpustakaan Unpas di Gedong Mandala Saba R.Otto Iskandardinata di kampus Unpas Jl.Setiabudhi No.193 Bandung.sawatara waktu kaliwat.Dina ieu acara inyana lain salaku pembicara tapi muka lapak ngadagangkeun buku hasil karyana. “ Simkuring seja rek mere inspirasi ka masarakat dina media puisi sarta miharep oge ka masarakat sangkan terinsipirasi sakabeh pengalaman hirupna bisa didokumentasikeun dina media puisi “ceuk Rosi kalahiran kota Siborong-borong Binjai Sumatra Utara taun 1969 alumni S1 Sekolah Tinggi Seni Indonesia ( STSI) Bandung jurusan Teater , S2 Institut Kesenian Jakarta (IKJ) sarta alumni Pelatihan Penulisan Skenario TVRI Jakarta jeung Keilmuan Seni Pertunjukan ti Sponsorship Japan Foundation nu mimiti jadi dosen di FISS Unpas ti taun 1969 netelakeun ka Koran Giwangkara.Buku nu didagangkeunna dipedalkeu ku “Unpas Press”ieu teh lian ti geus meunang respon hade ti para peserta seminar sarta masarakat nu resep puisi judulna “ I THINK “ ngamuat kumpulan kurang leuwih 66 puisi . Oge meunang perhatian daria ti budayawan DR.(HC) Tjetje.H.Padmadinata. Numutkeun Tjetje puisi nyaeta bagian tina susastra nu leuwih loba dirasakeun kaendahanna dibandingkeun bisa dihartikeun maknana.kukituna kumpulan puisi Rosi Sianipar perlu pisan diajenan dina raraga ngaronjatkeun budaya lisan kana budaya tulisan di masarakat.Sedengkeun budayawan Tatto S Prajamanggala ngebrehken yen puisi karya Rossi Sianipar gampang kaharti pisan ,memang kudu cepet kaharti,kulantaran puisi nyaeta salah sahiji media manusa nu ngomunikasikeun eusi hate jeung pikiranna. Ari penyair Acep Zamzam Noor nembrakkeun buku karya Rosi Sianipar ngarupakeun kumpulan-puisi ditulis dina waktu cukup panjang temana ngeunaan masalah cinta,keluarga,persahabatan kaasup masalah lingkungan,sosial. Di buku ieu katinggali kapekaan penyair hasil ngolah tema-temana jadi ranggeuyan puisi karasa akrab bari jeung dikedalkeunnana dina bahasa sederhana,lancar,gampang kaharti.
Waktu ditanya kasang tukang naon pangna bukuna judulna I THINK saperti diberitakeun Koran Giwangkara ari pokna teh ceuk Rosi nyaeta kainsipirasi ti hiji awawe nu ngaranna Iting nu kanyenyerian akibat cinta,ku inspirasi ieu ditulis kisahna puisi I THINK dijadikeun judul buku ,sedengkeun kumpulan puisina ditulis dina jero waktu ti taun 1984 puisi kahiji judulna “ Sunyi” waktu di Binjai nepi ka taun 2012 puisina “Terlalu Cepat “ geus di Bandung. Lian ti rajin nulis puisi waktu keur di Binjai harita di SLTP jeungSLTA Rossie kulantaran aya teureuh bakat seni ti kolotna oge nulis skenario film keur televisi pernah ditayangkeun di TVRI Medan nyakitu deui geus di Bandung sok sanajan sibuk ngabina rumah tangga tahun 1999 nikah jeung alumni ITB Ir.Rudi Eko Prananto, tapi di taun 2010 salakina ngantunkeun akibat panyawat kanker paru-paru ninggalkeun budak dua Alma jeung Arief Wicaksono produktivitasna henteu kendor terus mekar ,lian ti hasil skenario film na pernah ditayangkeun di TVRI Jabar sarta TVRI Jakarta. Nyakitu deui Rosi rajin nulis Cerpen karyana pernah dimuat di SIB , Surat Kabar Medan , SKM Mitra Desa terbitan Bandung sarta geus nyutradarai karya teater nu judulna Miss Julie karya August Strindberg-Swedia sarta karya nu pangakhirna di taun 2013 nerbitkeun novel judulna “ The Power Of Love”.(Suherman.S).-