49 Nyangking Predikat Cumlaude 344 Lulusan Ikopin Diwisuda
Dina satiap kasempetan acara wisuda geus jadi kabiasaan Institut Koperasi Indonesia (Ikopin) sok mere pangajen boh ka lulusan nu meunang predikat Cumlaude sarta ka lulusan pangpunjulna ti masing-masing program studi. Nyakitu deui dina acara wisuda ka 40 taun akademik 2012/2013 ngistrenan 344 lulusan masing-masing 81 lulusan S2,221 lulusan S1, 42 lulusan D3 lumangsung bulan Agustus katompernakeun 31 Agustus 2013 di Graha Suhardini kampus Ikopin Jatinangor,dina ieu kasempetan rektor Ikopin Dr.(HC).Ir.Burhanuddin Abdullah,MA ngadugikeun layang pangajenna waktu mingpin acara wisuda nu harita dijejeran Ketua Yayasan Pendidikan Koperasi (YPK) DR.Ir.Muhammad Taufiq M.Sc. katut rengrengan senat sarta para tamu undangan. Pihakna ngarasa bingah kukituna mere pangajen saluhur-luhurna ku prestasi akademikna para lulusan,tina sajumlah 344 lulusan Ikopin nu diwisuda aya 49 lulusan mibanda predikat Cumlaude sarta tilu urang lulus pangpunjulna nyaeta Sukmayadi ti Magister Manajemen (S2) IPK 3,95, Kiki Rahmawati Program Studi Manajemen (S1) IPK (3,98) jeung Desi Winarni Program Studi Manajemen Bisnis (D3) IPK 3,82. Oge aya 5 lulusan nu kabehna awewe nu ulet jeung kuat kaasup kategaranna dina nyanghareupan bencana alam Tsunami di Jepang taun 2011 nyaeta mahasiswa nu ngalakukeun pemagangan di Jepang . Pon kitu deui tina sajumlah lulusan nu diwisuda ieu aya 102 lulusan nu meunang beasiswa taun 2009 ngawengku 21 lulusan S1 manajemen ti Kementrian Koperasi & UKM RI, 40 lulusan D3 ti Dewan Koperasi Indonesia,10 lulusan S1 manajemen ti PT.Sriboga Fluor Mills, 21 lulusan S1 manajemen ti Pemerintah Propinsi Maluku jeung 11 lulusan masing-masing 10 S1 jeung saurang D3 beasiswa ti Lembaga Pemberdayaan Masyarakat Amungme-Kamoro (LPMAK). Dina ieu kasempetan Burhanuddin salian ti ngawilujengkeun ka para lulusan nu mibanda prestasi sarta ka sakumna lulusan sangkan terus ngaronjatkeun elmu pangaweruhna dijadikeun bekel mangsa pikahareupeun nu leuwih hade sarta inyana ngahaturkeun nuhun ka lermbaga-lembaga nu geus mere kontribusi kana proses pendidikan di Ikopin nyaeta geus mere beasiswa boh ka siswa nu geus hasil ngarengsekeun studina nyakitu deui mahasiswana nu masih studi.
Dina biantarana saperti diberitakeun Koran Giwangkara Burhanuddin nitenan kaayaan kiwari yen kondisi perekonomian akhir akhir ieu di nagara urang ayeuna keur diuji nyaeta nyanghareupan sagala rupa defisit neraca ekonomi makro nu can pernah dilakonan saacanna,samalah mah waktu krisis ekonomi 5 taun nu kaliwat. Kaayaan kiwari lianti Anggaran Penerimaan jeung Belanja Negara defisit,oge neraca perdagangan,neraca jasa-jasa jeung neraca pembayaranna defisit dina jumlah nu matak pikahariwangeun.Refleksi tina kaayaan kieu karasa tina depresiasi rupiah kana US Dollar jeung mata uang sejennna, pasar uang jeung modal terus nyirorot ari harga-harga terus naek nu bakal ngalemahkeun momentum tumuwuhna ekonomi,ngurangan kasempetan kerja sarta beuki nambahhannana pangangguran. Tangtuna pikeun nu icikibung dina ekonomi riil,situasi saperti kieu jelas henteu nguntungkeun,perlu aya jalan kaluarna.Pikeun para wisudawan nu geus dibekelan ilmu pengetahuan jeung katerampilan berkoperasi,situasi ieu jadi tantangan nu beurat. “ Kukituna ayeuna geus waktuna ka para pegiat koperasi jeung sakakabeh nu ngayakini ekonomi dumasar kana azas kakulawargaan pikeun sacara babarengan ngarengsekeun pasualan bangsa ku karya nyata keur kaperluan diri jeung lingkungan masarakatna “.tandes Burhanuddin Abdullah.(Suherman.S ).-