Kepala Tata usaha Perlu Ngamekarkeun Prinsif Dasar Kepemimpinan Nu Efektif

Kepala Seksi Diklat Tenaga Administrasi  Balai Pendidikan & Pelatihan Keagamaan Bandung  Drs.H.Ade Suryaman M.Ag netelakeun lianti  kualitas kepala tausaha  nu dipibanda  ku hiji organisasi kudu bisa nangtukeun hasil henteuna organisasi dina ngawujudkeun  tujuanna oge satiap  Kepala Tata Usaha  diharepkeun kudu mampu nyanghareupan sagala rupa tantangan. “ Dina situasi kompetisi saingan  parobahan  global nu sakitu gancangna tangtuna  perlu , ngajawab sagala rupa tantangan  kukituna Tata Usaha  perlu  ngamekarkeun turta ngalarapkeun  prinsif  dasar  kepemimpinan nu efektif  sangkan  organisasi  nu dipimpinna tetep mekar “.ceuk Ade netelakeun ka Koran  Giwangkara  sarengsena kagiatan  “ Diklat  Manajemen Kepala Tata Usaha Madrasah  Di  lingkungan Kementrian Agama Provinsi Jawa Barat  Tahun 2013 lumangsung  di Balai Pendidikan & Pelatihan Keagamaan Bandung Jl.Soekarno-Hatta No.716 Bandung  lumangsun  ti tanggal 4  nepi ka 9 September 2013 diiluan  40 peserta. Kagiatan dibuka   sacara resmi ku Kepala Kantor Wilayah Kementrian  Agama Provinsi Jawa Barat  Drs.H.Saeroji,MM diluuhan  Kepala Balai Diklat Keagamaan Bandung  Dr.H.Aef Syaefudin Firdaus,M.Pd ,Ketua Pelaksana Drs.H.Achmad Musodik M.M sarta  Kabag Humas  Balai Diklat Keagaman Bandung  Drs.Ferizal Taufik Hidayat.     Nurutkeun  Ade ngalarapkeun  jadi pimpinan nu efektif  kacida pentingna utamana mah ku cara ngaberdayakeun Sumber Daya Manusia (SDM)  nu dipimpin jeung masarakat nu dilayanan.  Ngan hanjakal pisan nu jadi kanyataaanana  salila ieu personalia atawa SDM na khususna Tata Usaha Madrasah masih kacida kurang meunang kasempetan miluan pendidikan jeung latihan (diklat) nu akhirna kamampuan  jeung katerampilan dina ngalaksanakeun tugas can bisa dilaksanakeun sacara optimal..Anapon  jalan kaluar can optimal ieu  ceuk Ade  tarekahna   ku ngalaksanakeun kurikulum diklat manajemen Kepala Tata Usaha Madrasah salila 6 poe nu nu jumlahna 60 Jam pelajaran,satiap jam pelajaranna 45 menit ,ngawengku 26 jam teori,34 praktek di tilu Kelompok Mata Diklat nyaeta Kelompok Dasar,Inti jeung Penunjang tujuanna dina raraga  ngaronjatkeun wawasan,,kaahlian,katerampilan jeung sikep sangkan bisa ngalaksanakeun tugas jabatan salaku kepala tata usaha  professional didadasaran kapribadian,etika jeung  moral nu hade. “ Ku ngaliwatan kagiatan ieu bisa ngalahirkeun kompetensi nyaeta diharepkeun mibanda kamampuan ,katerampilan,wawasan pengetahuan,sikap jeung tingkah paripolah  nu diperlukan  salaku pegawai/pelaksana tata usaha di satuan kerjana sewang-sewangan “.tandes   Ade Suryaman.(Suherman.S).-

You may also like...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *