Dr.Kakay Karyana MM : Konci Sukses Program Diklat Remaja Putus Sakola Nyaeta Manajerial Nu Profesional
Konci sukses dina program Pendidikan Latihan (Diklat) remaja putus sakola nyaeta perlu sistem manajerial nu profesional turta mibanda orientasi kana kamajuan mangsa pikahareupeun. Tarekah ieu teh bisa diterapkeun pikeun mertahankeun lembaga Diklat Balai Pemberdayaan Sosial Bina Remaja (BPSBR) jeung Unit Rumah Pemberdayaan Sosial Bina Remaja (URPSBR) Dinas Sosial Propinsi Jawa Barat dina kontribusi,peran jeung fungsina. Pamadegan ieu ditetelakeun Dr.Kakay Karyana MM saperti diberitakeun Koran Giwangkara dina disertasina “ Manajemen Pendidikan Dan Pelatihan Dalam Meningkatkan Produktivitas Kerja Remaja Putus Sekolah “ dumasar hasil panalungtikan di BPSBR Cimahi jeung URPSBR Ciganjeng Ciamis pikeun ngaraih gelar Doktor widang manajemen pendidikan Program Studi Ilmu Pendidikan di Program Pascasarjana Universitas Islam Nusantara (Uninus) Bandung lumangsung poe Rebo 15 Februari 2012 di kampus Jl.Soekarno-Hatta No.530 Bandung dihareupeun Promotor Prof.Dr.H.Sutaryat Trimansah MA,Ko –Promotor Prof.Dr.Iim Wasliman,M.Pd.anggota Promotor Dr.H.Daeng Arifin,M.Si diluuhan Direktur Program Pascasarjana Uninus Prof.Dr.H.Achmad Sanusi,SH,MPA nu hasilna dinyatakeun Lulus.Numutkeun Kakay Karyana nu sapopoena salaku pejabat di Dinas Sosial Provinsi Jawa Barat nyangking kalungguhan salaku Kepala Seksi Bina Sumbangan Sosial sarta dosen di Sekolah Tinggi Ilmu Administrasi (STIA) Cimahi kontribusi peran BPSBR Cimahi jeung URPSBR Ciganjeng Ciamis dina pelaksanaan pendidikan jeung pelatihan geuningan geus loba dirasakeun mangfaatna ku masarakat hususna para remaja putus sakola. Program pelatihan ieu ngarupakeun solusi dina ngaberdayakeun pikeun ngaronjatkeun pangaweruh jeung katerampilan praktis luyu jeung bakat,minat sarta kamampuanna..Ayeuna kalembagaan BPSBR jeung URPSBR dijadikeun show window na Dinas Sosial Provinsi Jawa Barat,kulantaran lembaga ieu ngarupakeun pusat pendidikan jeung pelatihan remaja putus sakola terlantar nu dina proses pelakaksanaanna bebas tina pungutan biaya sok komo salila miluan diklat sakabeh peserta dijamin kahirupanna.
Kiwari lembaga ieu teh rek dijadikeun salaku show windowna Dinas Sosial Provinsi Jawa Barat simkuring peupeujeuh ka BPSBR Cimahi jeung URPSBR Ciganjeng Ciamis perlu netepkeun program kerja nu realistis luyu jeung kaidah kailmuan sarta fungsi-fungsi manajemen pendidikan nyakitu deui perlu rojongan angaran nu nyumponan sangkan ngahasilkeun produktivitas kerja nu professional. “ Kukituna luyu jeung rencana program Dinas Sosial Provinsi Jawa Barat nu rek ngajadikeun BPSBR jeung URPSBR dijadikeun show windowna tangtuna Dinas Sosial Provinsi Jawa Barat ngusulkeun meredih ka Pemerintah Provinsi Jawa Barat sangkan ngaalokasikeun anggaran nu nyumponan turta proporsional luyu jeung kabutuhan maksimal program kerja pendidikan jeung pelatihan remaja putus sakola “ ceuk Kakay nu dilahirkeun di Padalarang sarta alumni S1 STIA Angkasa Bandung ,S2 Unwim jeung kungsi digawe di Dinas Sosial kabupaten Cianjur jeung Tanggerang sarta pernah ngaguruan di SMA Karya Pembagunan Kecamatan Cikalong Wetan kabupaten Bandung sarta kiwari aktip di masarakat ilubiung di Badan Permusyawaratan Desa,oge ngabina olah raga jeung salaku pengurus majelis taklim sarta aktivis pengajian di Persatuan Islam (Persis). Diharepkeun Pemerintah Provinsi Jawa Barat daek ngaalokasikeun anggaran nu nyumponan turta proporsional pikeun lumangsungna pendidikan jeung pelatihan remaja putus sekolah ieu dina ngawujudkeun visi Jawa Barat nyaeta “Terciptanya masyarakat Jawa Barat Yang Mandiri,Dinamis dan Sejahtera”kulantaran ngaberdayakeun remaja putus sakola ku ngaliwatan pendidikan jeung pelatihan ngarupakeun pagawean nu kacida mulyana sabab bisa ngabantu para remaja putus sakola terlantar bisa nyingkir tina kahirupan nu nyimpang tina norma jeung aturan nu aya di masarakat.(Suherman.S).-