Koperasi Guru Kecamatan Andir Kota Bandung Nyiptakeun Organisasi Usaha Efektif Produktif

Ketua Koperasi Warga Guru & Karyawan (KWG&K)  kecamatan Andir kota Bandung  Periode 2014-2018  Iim Halimah,S.Pd,MM netelakeun rencana kerja KWG & K  kecamatan Andir  taun 2015 programna nyaeta rek nyipptakeun organisasi  usaha efektif,produktif aya dina kalancaran.Kitu  ditetelakeundina acara Rapat Anggota Taunan (RAT) ka \XXXV masa bakti taun kahiji lumangsung Saptu 28 Februari 2015 di SDN Durman,Jl.Durman No.30 Bandung.Dina ieu kasempetan dijejeran rengrengan pengurus ngawengku Sekretaris:Hindun Rubaah.Bendahara:Djunitri,Ketua Pengawas:Pachrudin Djajaatmadja,Anggota Pengawas:Drs.H.Achmad Djaeni Dahlan  turta dihadiran 212  anggota  ngawengku 41 lalaki jeung 176awewe sarta diluuhan Pengawas Drs.Djuhaeri,Ketua PGRI kecamatan Andir Wawan Carlina  PutraM,M.Pd,Wakil Ketua II PKPRI kota Bandung Muhamad Arifin sarta pejabatti Dinas Koperasi UKM &Perindag kota Bandung.

Numutkeun Iim pikeun nyiptakeun organisasi usaha efektif tur  produktif sarta lancarsagala rupa tarekah turta kawijaksanaanna  rek dilaksanakeun tina sagala rupa widang boh widang  ngagolangkeun permodalan,widang usaha jeung sosial nyaeta mere santunan ka pensiunan, nu gering, nu kamusibahan sarta tilar dunya..Di taun  2014 duit bantuan sosial gedena sajumlah   Rp.51.637.509.00,- geus dibikeun pikeun santunan nu  gering 9 jiwa,santunan tilar dunya 4 jiwa,santunan kulawarga tilar dunya 3 jiwa jeung ka anggota nu pensiun 7 jiwa.Anapon  widang kalembagaan jeung manajemen lian ti rek ngaefektifkeun gawe pangurus pikeun leuwih ngaronjatkeun ngadalikeun dana-dana nu aya sangkan leuwih berdaya guna jeung berhasil guna.

“Nyakitu deui kagiatan RAT taun 2015 direncanakeun ku sistem anggota perwakilan pikeun ngaintensfkeun biaya,tapi saupama RAT na pemilihan pengurus sakabeh anggota kudu hadir”.ceuk Iim saperti diberitakeun Koran Giwangkara. Lian ti eta,ceuk Iim  dinai widang pendidikan jeung latihan oge rek dironjatkeun  kamampuhan pikeun pengurus,pengawas nyakitu deui anggota koperasi ku cara  miluan pelatihan jeung pendidikan diayakeun ku Dinas Koperasi UKM & Perindag jeung PKPRI kota Bandung.“Salila taun 2014 pengurus aktif miluan kagiatan Pendidikan jeung Latihan nu diayakeun ku PKPRI,Dinas Koperasi UKM & Perindag kota Bandung sarta Dirjen Pajak”.pokna.Iim ngungkabkeun Rencana Anggaran Pendapatan jeung Belanja (RAPB) Koperasi taun 2015 diprediksi  ditaksir beubeunanganna gedena Rp.664.100.000,-,sedengkeun anggaran biaya usahana Rp.408.100.000,-.” Anggaran ieu rek terus diusahakeun ngaminimalisir sagala rupa pengeluaran.Diharepkeun Sisa Hasil Usaha (SHU) na ditargetkeun kudu meunang Rp.304.000.000,-,Sedengkeun SHU di taun 2014 ngan Rp.170.000.000,-‘.ceuk Iim.(Suherman.S),-

You may also like...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *