Hj.Ani Kenangasari,SE,M.Si,Ak Ketua Koperasi Karyawan Kopertis Wilayah IV Periode 2013- 2017
Koperasi Karyawan (Kopkar) Kopertis Wilayah IV Jabar & Banten poe Senen 18 Maret 2013 lumangsung di aula Gedong I kantorna Jl.P.H.Hasan Mustopa No.38 Bandung ngalaksanakeun Rapat Anggota Taunan (RAT) taun Buku 2012 nyokot tema “ Melalui RAT Tahun Buku 2012 Koperasi Karyawan Kopertis Wlayah IV Membina Dan Mengembangkan Kesehjahteraan Anggota Secara Berkelanjutan”. Kagiatan acara RAT dipingpin Ketua Kopkar Kopertis Wilayah IV Periode 2008 – 2012 Dr.H.Purwadi dijejeran rengrengan pengurus katut pengawas,para anggota sarta diluuhan Koordinator Kopertis Wilayah IV Jabar & Banten Prof.Dr.Ir.H. Abdul Hakim Halim,M.Sc salaku Pembina oge pejabat ti Dinas Indag Koperasi & UKM kota Bandung sarta Drs.H.Asep Nurdin M.Si salaku pengurus Dekopinda kota Bandung. Numutkeun Purwadi dina biantara laporan pertanggungan jawabanna ngebrehkeun yen .dilaksanakeunnana rapat anggota taun ayeuna mibanda arti penting jeung strategis,kulantaran laporan ayeuna babarengan jeung rengsena masa bakti pengurus periode 2008-2012 . Kukituna pihakna ngarasa perlu mere laporan sacara umum ngagambarkeun spektrum lumakuna salila lima taun .“ Simkuring ngarasakeun salila lima taun ngajalankeun organisasi koperasi geuningan henteu pati nyugemakeun sakabeh anggota ,kulantaran masih loba halangan harungan dina ningkatkeun pelayananna nu leuwih hade . Tapi sok sanajan kitu ari pelayanan ka anggota nu jumlahna 1.205 jiwa ngawengku 1.071 tenaga edukatif,122 tenaga administrasi,12 karyawan koperasi tetep jalan satekah polah ngeureuyeuh samalah mah pelayanan ray taun ka taun terus ngaronjat cukup signifikan “.pokna.
Satuluyna inyana netelakeun total asset undak tina Rp 23.695.020.564,- dina taun 2008 jadi Rp 38.264.847.011,- di taun 2012 jadi aya kanaekan gedena Rp.14.569.826.447,- atawa gedena 61 %. Nyakitu deui beubeunangan Sisa Hasil Usaha (SHU) ngaronjat 45 %,volume realisasi kredit undak 81 % sarta plafond injeuman ningkat 50 % sarta omzet toko undak 4 %.. Pon kitu deui konsekkuensi nu timbul akibat gawe bareng jeung pihak perbankan nyaeta ayana kawajiban/hutang. Dina taun 2008 total kawajiban koperasi gedena Rp.20.243.804.649,- ngaronjat jadi Rp.32.366.530.677,- dina taun 2012 atawa gedena 60 %. Hal ieu nunjukeun yen tingkat kapercayaan pihak perbankan khususna Bank Saudara ka koperasi beuki ngaronjat ,buktina nyaeta terus beuki undakna mere waragad modal kerja khususna nyalurkeun kredit ka para anggota.
“Ku geus aya dina kamajuan,sangkan koperasi bisa mertahankeun trend sangkan tetep dina kondisina ,koperasi perlu ngagali sumber kagiatan anyar sarta perlu oge meunang perhatian daria rojongan partisipasi anggota leuwih aktif deui.kukituna ngaliwatan RAT ieu diharepkeun mampu nyokot kaputusan-kaputusan strategis nu ngarojong tumuwuhna peran koperasi”.ceuk Purwadi. Dina ieu kasempetan RAT dieuyeuban IV kali jirangan Door Prize lian ti dina pandangan umum para anggota narima sapuk nyaluyuan laporan pengurus sarta ngabahas Rencana Anggaran Pendapatan & Belanja (RAPB) taun buku 2013 oge hasil milih pengurus anyar nyaeta Hj.Ani Kenangasari,SE,M.Si,Ak nu asalna salaku Anggota Pengawas pikeun nyangking kalungguhan jadi Ketua Kopkar Kopertis Wilayah IV Periode 2013- 2017 sarta nangtukeun sababaraha urang para anggota koperasi nu jadi calon jemaah haji jeung umroh taun 2013.(Suherman.S).-