Beubeunangan Usaha Koperasi SMAN 7 Bandung Naek 15,76 %
Ketua Koperasi Pegawai Republik Indonesia ( KPRI) SMA Negeri 7 Bandung Periode 2011-2013 Drs. Dede Darwadi miharep lian ti rengrengan pengurus kudu tetep ngaronjatkeun kualitas pelayanan jeung hasil usahana sangkan bisa ngaraharjakeun anggota nyakitu deui sabalikna anggota koperasi ulah cicingeun kudu ngarojong dina sagala kagiatan usaha koperasi. Harepan ieu didugikeun dihareupeun 90 urang anggotana waktu Rapat Anggota Tahunan (RAT) Taun Buku 2012 lumangsung poe Sabtu 16 Pebruari 2013 di aula SMAN 7 Bandung Jl.Lengkong Kecil No.53 Bandung nu dina ieu kaempetan lian ti dijejeran rengrengan pengurusna ngawengku Sekretaris : Apep Rahdiana,S.Pd,Bendahara : Dra.Hj.Wiwi Widaningsih, Staf Unit Simpan Pinjam : Dra.Yuyun Sariningsih,Staf Unit Niaga : Dra.Hj.Dewi Kurniati,Staf Pemotongan : Anisah & Yayan Nur’aini, Ketua Pengawas : Drs.M.Ahyar, Anggota Pengawas : Dra.Hj.Ida Farida, & Dyah Sri Andayani S.Pd oge diluuhan Kepala SMAN 7 Bandung Drs.Wawan Suandana,MM salalaku Penasehat,Sekretaris PKPRI kota Bandung Drs.Kustiwa Benoputra M.Pd jeung Kepala UKM Perindag kota Bandung Drs.Ema Sumarna M.Si.
Numutkeun Dede Darwadi Kuayana sabilulungan kieu teh bari jeung dibarengan sumanget usaha tangtuna masih aya lolongkrang pikeun maju. “ Kukituna Pengurus jeung Pengawas nu dina taun 2013 ngarupakeun taun pamungkas bari jeung dina kaayaan situasi kondisi ekonomi nasional nu can nyugemakeun ditungtut pikeun ngalaksanakeun kinerja kalayan optimal turta mibanda kualitas sok sanajan tugas poko sapopoena masing-masing salaku pagawe di lingkungan SMAN 7 Bandung. Saupama dititenan kondisi tumuwuhna ekomomi nasional masih handap ari caah rongkahna globalisasi/liberalisasi ekonomi kalah ka beuki kuat. Nyakitu deui kawijaksanaan pemerintah masih ngawatasenan usaha koperasi nu anggotana ngan pendidik jeung tenaga pendidikan wungkul nyaeta ayana larangan ngajual pakaian seragam jeung alat kaperluan sakola ,buku pelajaran jeung Lembaran Kerja Soal (LKS) sarta kaperluan barudak sakola sejenna.Nyanghareupan , masalah eta KPRI SMAN 7 Bandung kudu tetep, maju ku cara ngagolangkeun modal sarta ngatur strategi usaha ku cara ngokolakeun manajemen organisasi nu kuat,demokratis , transparan . bari dibarung ku gawe rancagena pengurus .
Balukar banting tulangna pengurus ,sarta ayana kawijakan ti kepala sakola salaku penasehat koperasi jeung rojongan Badan Pengawas sarta partisipasi anggota, geuningan Taun Buku 2012 nunjukeun ayana kamajuan hasil usaha bisa nedunan jeung ngaraharjakeun anggotana “.Beubeunangan tina sajumlah Widang usaha ngawengku Simpan Pinjam,Usaha Niaga sarta usaha sejenna nyaeta nyewakeun kios,kantin disabeudeureun sakola pikeun pedagang nyaeta meunang Rp.319.761.416,00.- naek 15,76 % ti taun kamari sarta kakayaanna kacatet Rp 1.738.821.368,00,- turta meunang Sisa Hasil Usaha (SHU) na rada mucekil Rp 72.346.479,00,- ngaronjat 38,96 % ti taun saacanna.“Kamajuan koperasi ieu direncanakeun di taun,, 2013 rek terus dironjatkeun boh widang organisasi lian ti rek ngabebenah administrasi koperasi,organisasi jeung keuangan sarta administrasi usaha oge nyosiolasikeun Undang-Undang Perkoperasian No.17 Tahun 2012 sarta dina widang usaha koperasi rek ngagolangkeun modal sorangan ku cara naekeun Simpana Wajib Anggota jadi Rp.200.000,- per Anggota/bulan nu asalna ngan Rp 140.000,- “.Ceuk Dede Darwadi.
Sedengkeun Kepala SMAN 7 Bandung Wawan Suandana salaku penasehat ngarasa reueus ku ayana koperasi di sakola nu dipingpinna beuki maju kulantaran geus bisa ngaraharjakeun nenudan kabutuhan anggotana, kukituna pretasi kaberhasilan perlu dipertahankeun bari jeung kinerjana terus dironjatkeun.Mairan ngeunaan koperasi nyadiakeun sagala rupa kabutuhan barudak sakola Kepala UKM Perindag kota Bandung Ema Sumarna ngarasa gumbira turta ngarojong pisan kulantarana saeutikna bisa nambahan beubeunangan unit usahana. “ Simkuring salaku aparat pemerintah moal rek ngalarang,,jadi pengurus tong ngarasa galau,kulantaran nu dilarang teh lamun di kudukeun atawa diwajibkeun,jadi saupama para siswa mareuli kabutuhan kaperluanna sacara sukarela mah teu nanaon”.teges Ema Sumarna(Suherman.S).-