STKIP Pasundan Kudu Ngalahirkeun Lulusan Kompetensi Rancage Hate
Pelaksana Harian(Plh) Ketua Sekolah Tinggi Keguruan Ilmu Pendidikan (STKIP) Pasundan Cimahi Prof.Dr.Ali Anwar Yusuf,M.Si miharep STKIP Pasundan kudu jadi Lembaga Pendidikan Tenaga Kependidikan (LPTK) nu mampu ngalahirkeun lulusan mibanda kompetensi rancage hate (berpikir kritis), jembar panalar (berwawasan luas) sarta panceg ageman (kuat keyakinannya) mampu saingan jeung lulusan ti LPTK sejen boh di tingkat regional,nasional sarta internasional. Harepan ieu didugikeun dina biantarana acara Wisuda Sarjana Ka XXXII jeung Magister pendidikan Ka VIII STKIP Pasundan Taun Akademik 2015-2016 nyokot tema “Optimalisasi Peran Pendidik Menuju Masyarakat Ekonomi Asean” lumangsung Salasa 31 Mei 2016 di Gedong Sasana Budaya Ganesha (Sabuga) Jl.Tamansari No.73 Bandung nu dina ieu kasempetan diluuhan Ketua Umum Pengurus Besar Paguyuban Pasundan Prof.Dr.H.Didi Turmudzi,M.Si,pejabat Kopertis Wilayah IV Jabar & Banten Dra.Hj.Deece Udansyah M.Si nyuluran Koordinator Kopertis Wilayah IV Jabar & Banten Prof.Dr.Ir.H.Abdul Hakim Halim M.Sc tamu undangan sarta para orang tua wisudawan.
Aya 1.255 lulusan diwisuda ngawengku 1.170 S1 asalna ti Prodi Studi PJKR 954 wisudawan,PPKn 89 wisudawan,Bahasa Inggris 127 wisudawan jeung S2 (Magister Pendidikan) 85 wisudawan.Tina sajumlah wisudawan kapeto 4 lulusan panghadena nyaeta R.Herawati Indek Prestasi Kumulatif (IPK) 3.87 Prodi S2 IPS,Nurul Solehah 3,70 Prodi PJKR, RD.Intan Dwi Rika F 3,75 Prodi PPKn,Pipo Nuramira 3,68 Prodi Bahasa Inggris. Numutkeun Ali Anwar Yusuf saperti diberitakeun Koran Giwangkara kiwari di zaman globalilsasi ayeuna urang geus asup ka Masyarakat Ekonomi Asean (MEA) nyaeata liberalisasi di sakabeh aspek kahirupan boh widang permodalan,barang jeung jasa.tenaga kerja kaasup widang pendidikan. Saupama henteu siap singkil nyanghareupanna . tanggtuna urang ngan saukur bakal olohok ngalalajoanan di imah sorangan nyaeta jati kasilih ku junta. Kukituna hal penting sagancangna dilakukeun nyaeta perlu terus ngaronjatkeun kamampuan daya saingan nu kuat dina teknologi manajemen,sumberdaya manusia sarta ngamekarkeun inovasi jeng nyiptakeun effesiensi cost sangkan mampu kompetisi dina saingan. Hal ieu ngarupakeun tantangan pikeun LPTK salaku kawah candradimuka guru pikeun nyanghareupan saingan.
Pihakna sadar pikeun nyanghareupan MEA ieu,STKIP Pasundan masih kudu ngalakukeun sagala rupa tarekah jeung lengkah kongkrit ku ngamekarkeun lian ti ngaronjatkeun kualitasna boh tina sumber daya manusana,akademikna,fasilitas jeung sarana prasaranana sangkan jadi LPTK mampu bisa saingan jeung LPTK di nagara-nagara Asean.Oge ku ngaliwatan sagala rupa program prioritas utamana aya hubunganna jeung Tri Dharma Perguruan Tingggi saperti ngalakukukeun panalungtikan atawa penelitian sacara babarengan jeung sababaraha pihak terus dimekarkeun,ngamekarkeun kurikulum pendidikan tinggi luyu jeung KKNI terus dimatengkeun nyakitu deui program penjaminan mutu dosen jeung alumni henteu leupas tina perhatian nu oge disagedengeun eta nyaeta ngaronjatkeun fasilitas pendidikan jeung pengajaran mibanda basis ICT.Dina ieu kasempetan Ali Anwar Yusuf peupeujeuh ngelingan ka para wisudawan dina myanghareupan MEA nyaeta kudu nguatan jati diri bangsa ku numuwuhkeun jiwa nasionalisme dibarengan jeung mekarna intelektualitas. “ Salaku alumni STKIP Pasundan kudu mampu nyanghareupan tangtangan jeung luang disuguhkeun Masyarakat Ekonomi Asean ieu “ ceuk Ali AnwarYusuf (Suherman.S).-