STT Mandala Bandung Ngahasilkeun 5.463 Lulusan
Sekolah Tinggi Teknologi (STT) Mandala Bandung poe Saptu 28 Mei 2016 lumangsung di Gedong Serba Guna Kampus STT Mandala Jl.Soekarno-Hatta No.597 (Terusan Kiaracondong Bandung) ngalaksanakeun kagiatan acara wisuda taun akademik 2015/2016 ngawisuda 107 lulusan ngawengku 65 S1 jeung 42 D3 nyaeta ti program S1jurusan Teknik Elektro 22 lulusan,Teknik Informatika 10 lulusan,Teknik Sipil 16 lulusan,Teknik Mesin 18 lulusan sarta ti program D3 Teknik Elektro 8 lulusan,Informatika 1 lulusan jeung Teknik Mesin 32 lulusan.Tina sajumlah lulusan kapeto aya 7 urang lulusan panghadena narima pangajen nyaeta Wisnu Hidayat meunang Indek Prestasi Kumulatif (IPK) 3,53 ti program S1Teknik Elektro,Sandi Hasanudin 3,58 program D-3 Teknik Elektro,Julia Devi Anastiane 3,60 S1 Teknik Informatika,Bagus Rama Aditya 2,91 D3 Teknik Informatika,Ika Sartika 3,76 S1 Teknik Sipil,Yan Yan Efriadi 3,38 S1 Teknik Mesin jeung Aji Dwi Saputro 3,51 program D3 Teknik Mesin.“ Ku diwisudana lulusan anyar ieu STT Mandala ti mimiti ngadegna nepi ka kiwari geus ngahasilkeun sajumlah 5.463 lulusan alumni ngawengku 2.451 Sarjana Teknik (S1) jeung 3.012 Ahli Madya Teknik Diploma 3 (D3) sumebar di sakuliah Indonesia geus digarawe boh salaku pagawe negeri nyakitu deui swasta “.Ceuk Prof.Dr.H.Dwiyono,MT salaku Ketua STT Mandala dijejeran rengrengan Senat STT Mandala, Ketua Yayasan Bina Teknika Ai Rukmawati ST , Pejabat Kopertis Wilayah IV Atin Afiatin S.Sos,M.Si nyuluran Koordinator Kopertis wilayah IV Jabar Banten Prof.Dr.Ir.H.Abdul Hakim Halim M.Sc sarta orang tua wisudawan..Numutkeun Dwiyono saperti diberitakeun Koran Giwangkara ku geus ngahasilkeun loba alumni widang teknik , STT Mandala rek terus ngayakeun tarekah ngaronjatkeun kuantitas nyakitu deui kualitas lulusanna pikeun nyumponan kabutuhan masarakat luyu jeung profesi ilmu dipibandana. “Simkuring ngawilujengkeun ka para wisudawan,wisudawati ku geus ngarerengsekeun studina nyakitu deui ka kulawargana .muga muga bisa ngamalkeun ilmu nu ditarima ti almamater STT Mandala Bandung dina ngamajukeun nagara,bangsa jeung agama “.pokna.
Nyakitu deui Ketua Yayasan Bina Teknika Ai Rukmawati ST nu mayungan ieu lembaga oge ngiring bingah dibarung gumbira ka para wisudawan & wisudawati. “ Atas nami Yayasan oge simkuring ngawilujengkeun ka para lulusan S1 & D3 ti 4 jurusan program Studi Teknik Elektro,Sipil,Informatika,Mesin ku geus meunangna narima ijazah sarta geus resmi sah boga hak make gelar Sarjana Teknik (ST) pikeun jenjang Sarjana (S1) sarta gelar Ahli Madya Teknikl (A.Md.Tek) pikeun jenjang Diploma 3 (D3) .Muga-muga ku geus meunang gelar sarta dibekelan ilmu jeung katerampilan turta kamampuan salila nimba ilmu di STT Mandala bisa dijadi keun bekel pikeun icikibung dina gawangun bangsa jeung nagara “.ceuk Ai Rukmawati. Sedengkeun Atim Afiatin atass nami pribadi sarta rengrengan Kemenristek Dikti Kopertis Wilayah IV lian ti ngawilujengkeun ka para wisudawan,wisudawati oge ngingetan yen kagiatan wisuda lain ngan saukur ceremonial wungkul tapi ngarupakeun janji tanggungjawab akademik sarta ngajaga ajen akademik jeung citra almamater(Suherman.S).-