Seminar UPI UPBJJ –UT Bandung : Perlu Ngadidik Kawirausahaan Ka Peserta Didik

Unit Program Belajar Jarak Jauh (UPBJJ) Universitas Terbuka (UT) Bandung dina poe Kemis  tanggal 3 Maret 2016  ngalaksanakeun  Upacara Penyerahan Ijazah (UPI)  ka 877  ulusan UT UPBJJ Bandung Periode I taun 2016 ngawengku  guru Sekolah Dasar jeung guru Paud asalna  ti kabupaten,kota di Jabar lumangsung di Gedong Balai Sartika Jl.Suryalaya Indah No.1-3 Buahbatu Bandung nu dina ieu  kasempatan  diluuhan Ketua Lembaga Penelitian & Pengabdian Masyarakat (LPPM) UT Ir.Kristanti Ambar Puspitasari,M.Ed,Ph.D nyuluran  Rektor UT Prof.Ir.Tian Belawati,M.Ed,Ph.D sarta Sekretaris Dinas Pendidikan..Provinsi Jabar jeung  Kepala UPBJJ-UT Bandung Dra,Dina Thaib,M.Ed.Sapoe saacanna  Rebo 2 Maret 2016  di tempat nu sarua  para lulusan miluan seminar Upacara Penyerahan Ijazah (UPI) temana “ Menanamkan Jiwa Kewirausahaan Kepada Peserta Didik “ didugikeun DR.Yulia Rahmawati,M.Si dosen Fakultas Pendidikan Teknologi Keguruan (FPTK) Departemen Pendidikan Kesejahteraan Keluarga Uiniversitas Pendidikan Indonesia (UPI) Bandung.Numutkeun  Yulia saperti diberitakeun Koran Giwangkara  para lulusan UPBJJ-UT Bandung salaku guru SD jeung guru Paud jadi  ujung tombak  nepikeun  sagala rupa  materi ka   peserta didik  diharepkeun  perlu oge  ngatik ngadidik nerapkeun jiwa kawirausahaan ka peserta didik.ngarupakeun hal kacida pentingna  dilakukan kulantaran  mibanda  landasan  luyu jeung  Inpres (Intruksi Presiden) Nomor.24 Tahun 1995 ngeunaan Gerakan Nasional Memasyarakatkan jeung ngabudayakeun  kawirausahaan.Pon kitu deui .ku ayana  Landasan Dasar Ilmu Kewirausahaan diajarkeun di Perguruan Tinggi nyaeta SKB Menteri Negara Koperasi No: 02/SKB/Meneg/VI/2000 jeung  No:4/U/SKB/2000 tanggal 29 Juni 2000.

“Program ieu ngaamanatkeun ka sakabeh  masarakat jeung bangsa Indonesia pikeun ngawangun jeung ngamekarkeun program-program kawirausahaan sarta numuwuhmekarkeun  jiwa wira usaha pikeun  para wanoja atawa generasi muda”.pokna.  Yulia netelakeun yen Indonesia  masih ngabutuhkeun  kurang leuwih  4,18 juta wirausaha deui  kulantaran target ideal jumlah wirausaha sakuduna aya  4,75 juta wirausaha .Diharepkeu ku  jumlah ieu  ekonomi nasional bisa dikawasa pribumi jeung lapangan pagawean  beuki loba nyakitu deui karaharjaan  masarakatna ngaronjat. “ Tapi   kanyataan kiwari tina jumlah penduduk Indonesia  lobana 24 juta jiwa  ngan 0,24% nu wirausaha.Hal ieiu akibat tina masih handapna sumanget entrepreneur di kalangan generasi ngora  ngajadikeun salah sahiji  faktor pemicuna  beuki ngalobaanna pangangugran”.ceuk  Yulia Rahmawati.(Suherman.S).-

You may also like...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *