Dr.Anne Sukmawati Kurnia Dewi,M.M.Pd : Program Ngamekarkeun Jiwa Kawirausahaan Di SMK Can Optimal
Strategi program keur ngamekarkeun niley-niley ngadidik turta ngatik ngawangun jiwa kawirausahaan nu dirumuskeun Sekolah Menengah Kejuruan (SMK) pikeun nyiapkeun siswana mibanda akhlak mulia turta mibanda jiwa kawirausahaan strategina can bisa ngalibetkeun sakabeh paket kaahlian. “ Kukituna lian ti henteu sakabeh guru jeung siswa kalibet oge masih loba guru kurang paham kana program keur dimekarkeun kulantaran henteu ayana juknis (petunjuk teknis) sarta juklakna (petunjuk pelaksanaanna) sok komo program kamitraan jeung Dunia Usaha/Dunia Industri (DU/DI) na kiwari can optimal nu sabenerna diperlukeun pisan dina tarekah ngaronjatkeun nilai jiwa kewirausahan”.ceuk Dr.Anne Sukmawati Kurnia Dewi ,M.M.Pd salaku Kepala SMKN 13 Kota Bandung Waktu merrtahankeun disertasina “Manajemen Strategi Pengembanan Nilai-Nilai Dalam Membangun Jiwa Keiwrausahan Siswa SMK”dina sidang ujian terbuka pikeun ngaraih gelar Doktor widang manajemen pendidikan program studi ilmu pendidikan Program Pasca Sarjana Universitas Islam Nusantara (Uninus) poe Kemis 25 Februari 2016 di kampus Jl.Soekarno-Hatta No.530 Bandung.
Hasilna ditandeskeun lulus,boga hak make gelar Dr. Numutkeun Anne implementasi program ngamekatkeun nilai dilakukeun ku ngaintegrasikeun nilai-nilai ku ngaliwatan nyieun bahan ajar IT mibanda basis,pembelajaran dina tingkah paripolah sapopoe,ngamekarkeun diri siswa luyu jeung kabutuhan,potensi,bakat jeung minat,wahana pembelajaran kewirausahaan mangrupa kagiatan di bisnis center (business centre) jeung teaching factory oge mere luang ka siswa pikeun ngangkat potensi daerah sarta program kamitraan jeung dunia usaha/dumia industri. Nyakitu deui tarekah sejenna dilakukeun sakola nyaeta ku ngalakukeun diskusi intensif jeung papada unit sarta mariksa kana program-program nu geus ditetepkeun sarta jadwal nu waktuna leuwih pondok misalna wae satiap bulan sakali,ngan tarekah ieu can kaasup dina narekahan ngaronjatkeun sumber daya guru sarta ngamangfaatkeun luang akibat masih handapna kamitraan sakola jeung stakeholder.
Dina ieu kasempetan saperti diberitakeun Koran Giwangkara Anne ngarekomendasikeun yen konteks siswa mibanda mutu jeung nibanda daya saing nu jadi ukuran standar siswa lain ngan saukur dumasar kana peunteun kalulusanna wungkul tapi kaberhasilan kaparigelan pikir sarta inovatif turta kreatif ,mibanda jiwa mandiri bisa ngarojong mangsa pikahareupeun.Kukituna diharepkeun Kepala Sakola bisa ngaagendakeun program di internal jeung eksternal sakola ku ngakolaborasikeun gawe bareng nu leuwih hade jeung masarakat,dunia usaha/dunia industri,Perguruan Tinggi sarta stake holder sejenna.“ Hal ieu ditungtut ayana parobahan sikap,tingkah paripolah sakabeh komponen boh guru,kepala sakola sarta tenaga administrasi,komite sakola jeung siswa ku ngaliwatan program nu dirojong dikokolakeunnana sistim informasi representatif jeung valid”.Ceuk Anne alumni S1 IKIP Bandung Prodi Bahasa Inggris ,S2 Uninus sarta milu pelatihan & workshop di Adelaide Australia, Nanjing jeung Suzhou China sarta di Bangkok Thailand. Anne dilahirkeun di Bandung 5 Nopember 1962 anak cikal boga dulur lima ti pasangan bapa H.Gusti Ngurah Djapa jeung Hj.Eny Suhaeni sarta nikah jeung Ir.Rachman Sobarna boga anak dua Reti Yuniar ST geus nikah jeung Fakry Firdaus ST sarta Resky Iman Firtian masih kuliah di Universitas Pasundan (Unpas) Prodi Teknologi Pangan semester 8.
Kasibukan sapopona Anne lian ti salaku Kepala SMKN 13 Bandung oge aktif nyieun bahan ajar bahasa Inggris,nulis buku pelajaran bahasa Inggris keur kelas 10 dimedalkeun PT.Grafindo,sarta jadi pembicara di seminar diantarana di Institut Teknologi Bandung (ITB) nepikeun makalah “Membangun Sekolah Digital Bandung” sarta salaku Pejabat Pembuat Komitmen di bidang PSMAK Dinas Pendidikan kota Bandung taun 2014 nepi ka ayeuna ,Ketua Tim Pokja Pengembang Sekokah Digital Bandung motona “ Bandung for the word” pikeun SD,SMP,SMA,SMK jeung PNFI nyosialisasikeun program sekolah digital ka sakuliah Indonesia ,Koordinator Udj (Ulangan Dalam Jaringan ) Nasional gawe bareng jeung Sea Qitep Science jeung Sea Qitep Mathematics pesertana 6000 siswa SMK sa-Indonesia.Sedengkeun pangajen pernah ditarima nyaeta Outstanding School in developing and managing ICTti based Education Digital Class In Indonesia- Southeast Asian Ministers Of Education Organization (SEAMEO) sarta Outstanding School Principal in developing and managing ICT-based Education Digital Class In Indonesia ti Seameo Regional Open Leraning Centre.(Seamolec)(Suherman.S).-