Taun 2016 PKPRI Kota Bandung Ngalaksanakeun Reformasi Usaha
Pikeun ngudag sasaran target taun 2016 diperlukeun sumanget dedikasi tisakabeh perangkat organisasi, boh pengurus, pengawas, pengelola nyakitu deui anggota dina ngajalankeun peranna masing-masing sangkan tujuan Pusat Koperasi Pegawai Republik Indonesia (PKPRI ) kota Bandung bisa ngawujud.. “ Disagedengeun eta oge perlu ayana situasi lingkungan jeung suasana lingkungan gawe bareng antara PKPRI jeung Primer Koperasi Pegawai Republik Indonesia (KPRI) nyakitu deui jeung Koperasi Sekunder tingkat pangluhurna sacara harmonis,terbuka,akrab jeung babarengan kulantaran kacida pisan nangtukeunnana kana realisasi Rencana Kerja & Rencana Pendapatan & Belanja (RK & RAB) kota Bandung taun 2016”.Ceuk Drs.H.Sanusi Sukarma,MBA salaku Ketua PKPRI kota Bandung Periode 2014-2019 saperti diberitakeun Koran Giwangkara dina kagiatan Acara Rapat Anggota Taunan ( RAT) Ka 53 taun usaha 2015 sawatara waktu kaliwat di Meeting Room Kampung Sawarga Jl..RayaSindang Laya Bihbul No.80 Bandung.Di ieu kasempetan dijejeran rengrengan pengurus ngawengku Wakil Ketua :H.Wawa Wachyudin,SIP,Wakil Ketua II :Muhamad Arifin, Sekretaris : Drs.Kustiwa Benoputra,M.Pd,Bendahara : H.Ayi Saefudin,S.Ag, Ketua Pengawas: Drs.Maman Ukas,M.Pd,Anggota Pengawas : Drs.Asep Ruchdiana jeung Drs.H.Wawan Sofyan,MM sarta Manajer : Drs.H.Deddy Oktiadi,SE.
Numutkeun Sanusi taun 2016 ngarupakeun taun ka 3 pikeun pengurus PKPRI kota Bandung masa bakti 2014-2019 diharepkeun beubeunangan atawa hasil na kudu leuwih mibanda kualitas ti taun saacanna. Kukituna program lengkah strategis turta efekttif nu kudu dilaksanakeun di taun 2016 nyaeta perlu ngalaksanakeun reformasi,rehabilitasi jeung rekontruksi kalembagaan kana usaha-usaha nu posisina masih can optimal. “ Simkuring miharep kinerja organisasi jeung 4 unit usaha ngawengku unit Elpiji,Simpan Pinjam,Hotel jeung unit usaha pusat nu dijalankeu di taun 2016 bisa ngungkulan kalemahan di taun saacanna 2015 sarta bisa ngarojatkeun performa PKPRI leuwih sehat bari jeung mibanda kualitas “.pokna. Sanusi netelakeun di widang organisasi manajemen rek ngaefektifkeun jalanna mekanisme Rapat Anggota (RA) jeung Rapat Anggota Taunan (RAT) dilaksanakeun luyu jeung katangtuan . RAT taun buku saelat-elatna dilaksanakan bulan Mei. Nyakitu deui terus ngarojong anggota primer KPRI sangkan ngalaksanakeun RAT taun buku leuwih awal samemeh RAT PKPRI kota Bandung. “ Dina kagiatan acara RAT taun buku 2015 Pengurus geus ngahadiran ka Koperasi Primer KPRI kanu ngayakeun RAT lobana 66 Primer ,tina sajumlah 88 primer anggota PKPRI kota Bandung ,jadi masih aya 22 primer henteu ngalaksanakeun RAT,kukituna simkuring ngarojong sangkan ngalaksanakeun RAT “.tandes Sanusi.
Ngeunaan widang usaha ditetelalakeun Sanusi ,aya sababararaha rencana dilaksanakeun diantarana wae ngalakukeun resstrukturisasi keuanga di unit usaha sarta miara jeung ngomean alat-alat operasional LPG 3Kg saperti truk,angkutan beca jeung alat sejenna dina tarekah ngaronjatkeun kualitas pelayanan LPG 3 Kg. sarta ngarojong numuwuhkeun partisipasi modal anggota ku ngaliwatan simpanan anggota sarta ngaintensifkeun simpanan wajib anggota sangkan tumuwuhna usaha angota ngaronjat. Nyakitu deui nuluykeu nngumpulkeun modal pikeun ngamekarkeun hotel ku cara diayakeunnana saham hotel jumlahna minimal Rp.5 Juta. “ Hotel Parakan Wangi rencana dimekarkeun jadi 3 tingkat,bari diupayakeun ditaekeunn tarif hotelna dibarengan ku diomeanna sarana boh AC,Sound System,tempat tidur jeung sajaba ti eta dina raraga ngaronjatkeun perfoma pelayanan hotel.Ku sagala rupa rencana dilaksanakan Sanusi miharep PKPRI kota Bandung kiwari mibanda asset Rp.14.289.048.509,- di taun 2016 direncanakeun beubeunanganna kudu meunang Rp.2.157.555.000,- ti opat unit usaha atawa naek Rp.79.483.000,- tina RAPB taun 2015. Anapon pikeun ngarojong operasional PKPRI kota Bandung taun 2016 diperlukeun waragad Rp.1.952.268.992,- atawa naek Rp.44.075.000,- . “ Tina angka angka balitungan ieu diharepkeun Sisa Hasil Usaha (SHU) taun 2016 diproyeksikeun meunang Rp.205.286.008,-,naek Rp.35.408.000,-tina rencana SHU taun 2015 jumlahna Rp.169.878.008,- “.ceuk Sanusi Sukarma (Suherman.S).-