Tantangan PKPRI kota Bandung Nyanghareupan MEA Taun 2015
Program kerja Pusat Koperasi Pegawai Republik Indonesia ( PKPRI) kota Bandung taun 2015 ngarupakeun taun kadua pikeun pengurus PKPRI kota Bandung periode 2014-2019. “Luyu jeung visi jeung misina program kerja nu dilaksanakeun rek terus ngawangun sumanget sangkan boga rasa mibanda organisasi koperasi ka para anggota pikeun ngarojong tumuwuhna kamampuan jeung kompetensi pengurus PKPRI.”.ceuk Ketua PKPRI Kota Bandung Drs.H.Sanusi Sukarma,MBA ngaganti Ketua heubeul Drs.H.Zainal Abidin,S,MM,M.Sc nu ngundurkeun diri..Acara diluuhan rengrengan pengurus ngawengku Wakil Ketua I.H.Wawa Wahyudi,SIP,Wakil Ketua II Muhamad Arifin,Sekretaris Drs.Kustiwa Benoputra M.Pd,Bendahara Ayi Saepudin S.Ag,Ketua Pengawas Drs.Maman Ukas M.Pd,Sekretaris Pengawas Drs.Apep Rahdiana, Anggota Pengawas H.Wawan Sofyan M.Pd sarta manajer Drs.H.Deddy Ocktidi,SE jeung anggota primer lumangsung 22 Nopember 2014 waktu Rapat Anggota (RA) PKPRI kota Bandung taun usaha 2015 ngabahas Rencana Kerja jeung Rencana Anggaran Pendapatan & Belanja PKPRI kota Bandung taun 2015 di Jl.Soekarno-Hatta No.470 Bandung.
Numutkeun Sanusi pikeun ngarealisasikeun visi jeung misi tangtuna henteu gampang perlu aya tarekah dina raraga ngawujudkeun sarta ngaronjatkeun karaharjaan anggota koperasi pegawai republik indonesia katut para kulawargana husuna jeung masarakat umumna,sarta milu ngaronjatkeun perekonomian nasional pikeun ngawujudna masarakat adil makmur.Disagedengeun eta oge tantangan PKPRI kota Bandung di taun 2015 cukup beurat ku ayana sarta dilumakukeunna perdagangan bebas di kawasan Asia Tenggara nyaeta Masyarakat Ekonomi Asean (MEA) 2015. “ Pikeun ngungkulan hal ieu perlu rancingeus ngokolakeun organisasi jeung usaha bari dibarengan perluna Sumber Daya Manusia (SDM) mibanda etos kerja nu kuat,tekun turta micinta kana pagaweanna”.ceuk Sanusi saperti diberitakeun Koran Giwangkara.
Satuluyna Sanusi ngajentrekeun PKPRI di taun 2014 di widang organisasi,kelembagaan cukup efektif,pengurus solid kompak pikeun ngawujudkeun PKPRI kota Bandung mibanda kualitas .Nyakitu deui pengurus anyar masih keneh sumangetna ngagegedur pikeun ngajadikeun koperasi nu sehat jeung mandiri. Nyakitu deui,ceuk Sanusi partisipasi anggota cukup aktif,ngan aya sababaraha anggota kurang aktif. Nepi ka akhir September 2014 jumlah anggota PKPRI kota Bandung kacatet aya 88 Primer jeung 10.722 urang anggota perorangan. Sedengkeun jumlah anggota nu salawasna ngahadiran RAT PKPRI kota Bandung taun buku 2013 aya 56 primer,tahun buku 2012 aya 74 primer jeung taun 2011 aya 72 primer, sesana kaasup anggota nu kurang aktif.
“ Ku ngabogaan rasa optimis sarta anggotana aktif sok sanajan bari jeung masih ayana rereged internal jeung eksternal dina ngawujudkeun saingan akibat MEA 2015 arah sarta kawijaksanaan program kerja PKPRI kota Bandung di taun 2015 masih ngarupakeun program tina taun saacana 2014 nu tujuanna ngaronjatkeun organisasi,usaha,SDM jeung mere pelayanan ka anggota.”.pokna. Usaha nu masih jalan ngawengku Usaha Simpan Pinjam (USP),Pengdaan kavling Cilame Ngamprah kabupaten Bandung Barat dina status bakal dijual,, Elpiji 3 Kg,Hotel Parakan Wangi ayeuna mibanda 38 kamar. Hotel Parakan Wangi masih aya masalah kulantaran henteu bisa nampung rombongan nu jumlahna rea,idealna mibanda 100 kamar “ Kukituna rek ngaronjatkeun kapasitas kamarna di taun 2015 ku cara ngamekarkeun Hotel Parakan Wangi adi tilu tingkat.Tina sajumlah usaha nu dijalankeun diproyeksikeun kudu meunang Sisa Hasil Usaha (SHU) Rp.169.878.008,-ngaronjat Rp 5.869.625,- atawa ngaronjat 3,6 % tina rencana SHU taun 2014 nu jumlahna Rp.164.008.383,-“ceuk Sanusi .( Suherman.S).-