Taat Kana UU.No.25.Thn 1992 Pasal 26 Ayat 1 & 2 Koperasi Guru Pegawai SMPN 22 Bandung

Koperasi  Guru Pegawai (KGP) Sekolah Memengah Pertama Negeri  (SMPN) 22 Bandung  poe Senen  21 Maret 2016 `ngalaksanakan kagiatan acara   Rapat Anggota Taunan (RAT) Taun buku  2015  lumangsung  di SMPN 22 Bandung  JL.W.R.Supratman  No.24 Bandung. Kagiatan acara  dijejeran Kepala  SMPN 22 Bandung Rida Indriawaty S.Pd,M.Si salaku Pembina  sarta Ambiyati ti Dinas Koperasi Perindustrian Perdagangan & UKM kota Bandung jeung  Ketua Pusat Koperasi Pegawai Republik Indonesia (PKPRI) kota Bandung Drs.H.Sanusi Sukarma,M.BA sarta diluuhan Sekretaris I. Deny Haryanto.S.Pd  mingpin  RAT nyuluran Ketua Cecep Maskur M.M.Pd  kulantaran sabaraha bulan kaliwat dimutasi  nyangking kalungguhan Kepala SMPN 29 Bandung.Turta rengrengan Pengurus ngawengku Sekretaris II : Mamah Sukmailah ,M.Pd ,Bendahara I : Eem Suhaemi,S.Pd,Bendahara II : Tasliyah,S.Pd,Pembantu Umum : Hj.T.Sumiarsih,S.Ag, Ketua  Badan Pemeriksa (BP) : Ceuceu Rohanah,S.Pd,Sekretaris BP: Atit Sri Lestari,S.Pd. Anggota BP: Iis Rohaeni,S.Pd jeung ondangan anggota..Kagiatan acara  munggaran  RAT  didugikeun biantara Kepala SMPN 22 Bandung  Rida  Indriawaty.S.Pd,M.Si  salaku Pembina  ngajelaskeun  yen  RAT nyaeta  kagiatan  wajib dilaksanakeunn di koperasi  kulantaran  salah sahiji kagiatan  engkena bakal  ngahasilkeun   tujuan akhir koperasi   mibanda azas  kakulawargaan mampu ngaraharjakeun  bisa  kacumponan  ku ngaliwatan  anggota koperasi. Luyu jeung tujuan  koperasi satiap anggota mibanda  hak jeung  kawajiban  ngahiruphuripkeun ngawaluyakeun koperasi ku sagala rupa   kagiatan-kagiatan nu jadi kasapukan  sakabeh anggota ,tapi mungkin wae  dina  lumakuna  aya  hal-hal  nu memang  sulit.“ Kukituna   dina  RAT  ieu  simkuring  miharep  ka a ggota sangkan  bisa mere  bongbolongan  supaya  Koperasi Guru  & Pegawai  SMPN 22 Bandung  leuwih  maju  deui”.ceuk Rida Indriawaty.

Sedengkeun Sekretaris I  Deny Haryanto,S.Pd dina laporan pertanggungjawaban pengurus taun buku 2015 saperti diberitakeun Koran Giwangkara ngebrehkeun pengurus KGP SMPN 22 Bandung salawasna taat merhatikeun parentah  Undang-Undang  Nomor  25 Taun 1992  pasal 26 ayat 1 & 2 ngaamanatkeun yen  Rapat Anggota  wajib dilaksanakeun  saeutikna sakali dina sataun pikeun ngalaporkeun kinerja nu geus dilakukeun sacara berkala ka anggota ku ngaliwatan RAT.  Saperti laporan RAT taun buku 2015 ieu ngarupakeun barometer mekarna KGP SMPN 22 Bandung.Numumutkeun  Deny     KGP SMPN 22 Bandung geus   mere kagiatan nyata  ka   77 anggota nyaeta guru,karyawan,pegawai SMPN 22 Bandung   boh ti widang usaha simpan pinjam salila ieu nginjeumkeun duit  maksimal Rp.40.000.000,-,sarta ti usaha penjualan barang  sarta  Kantin Siswa jeung Alat Tulis Kator (ATK).“ Sangkan kagiatanna leuwih maju  deui perlu rojongan ti sababaraha pihak ,kulantaran maju mundurna  KGP SMPN 22 Bandung kacida ditangtukeun ku rojongan pembina,profesionalisme jeung tanggungjawab pengurus sarta  Badan Pemeriksa (BP)  jeung  kapadulian  sakabeh anggota. Kukituna disarankeun ka sakabeh pihak  pikeun ngarojong sagala rupa kagiatan usahana sangkan leuwih maju(Suherman.S).- 

You may also like...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *