680 Mahasiwa Non Pendas UT UPBJJ Bandung Miluan OSMB 2015.1
Aya 680 mahasiswa non Pendas ( Pendidikan dasar) Universitas Terbuka (UT) Unit Program Belajar Jarak Jauh (UPBJJ) Bandung miluan jadi peserta kagiatan acara Orientasi Studi Mahasiswa Baru (OSMB) masa registrasi 2015.1 lumangsung Minggu 8 Februari 2015 ti jam 08.45 nepi ka 15.45 di buruan Kantor UPBJJ- UT Bandung Jl.Panyileukan Raya No.1 A Soekarno-Hatta Bandung.“ Mahasiswa ieu kaasup mahasiswa gawe bareng jeung BKKBN ( Badan Kependudukan Keluarga Berencana Nasional ) sarta PT.Surya Madistro “.ceuk Ending Wahidin,SIP waktu macakeun laporan salaku Ketua Panitia acarana nu harita diluuhan Koordinator Registrasi & Pengujian jeung Koordinator BBLBA ( Bantuan Belajar & Layanan Bahan Ajar) sarta Pengurus KBM ( Kelompok Belajar Mahasiswa) sarta Kepala UPBJJ-UT Bandung Dra Dina Thaib M.Ed ngadugikeun biantarana sakalian ngistrenan mahasiswa anyar sacara simbolis masrahkeun Kartu Tanda Mahasiswa sarta data pribadi ka mahasiswa putra diwakilan ku Taufik Hidayat Program Studi Akutansi jeung putri ku Hesti Setia Rahayu Program Studi Manajemen. Numutkeun Ending sajumlah mahasiswa anyar peserta OSMB 2015.1 masing-masing ngawengku ti Fakultas Ekonomi 179 peserta,Fakultas Ilmu Sosial & Politik 422 peserta,Fakultas Matematika & Ilmu Pengetahuan Alam 36 peserta sarta Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan 43 peserta. Ending miharep ku ngaliwatan OSMB 2015.1 nu temana “ Mempersiapkan Generasi Emas Melalui Pemanfaatan Teknologi Informasi Dalam Belajar Mandiri” para mahasiswa meunang gambaran boh subtansi kailmuanna sarta proses pembelajaranna,kulantaran OSMB salah sahiji kagiatan runtuyan akademik ngarupakeun kagiatan ngawanohkeun pikeun mahasiswa anyar ngeunaan sakabeh program studi sarta proses pembelajaran sacara mandiri boh tatap muka atawa online. Lian ti kitu pikeun ngaraketkeun tali silaturahmi antara mahasiswa jeung pimpinan,staff UPBJJ-UT Bandung utamana antara sasama mahasiswa oge nyaho kana fungsi jeung peran UPBJJ salaku unit pelaksana di daerah dina mere layanan mahasiswa UT boh layanan administrasi jeung layanan akademik. Pon kitu deui sangkan paham kana sistem jeung proses bantuan belajar,layanan bahan ajar ,registrasi,ujian,ngamangfaatkeun fasiltas pembelajaran ku teknologi informasi nu disadsiakeun ku UT sarta paham kana kedudukan jeung peran KBM nu aya di UPBJJ-UT Bandung.
Sedengkeun Biantara Dina Thaib saperti diberitakeun Koran Giwangkara intina lian ti netelakeun ngeunaan jumlah mahasiswa UT ayeuna disakuliah Indonesia aya kurang leuwih 440.000 mahasiswa sarta aya 15.000 mahasiswa di mancanegara sumebar di 18 negara, mahasiswa ieu keur digarawe di mancanagara ngagabung jadi mahasiswa UT. Oge ngaguar sejarah ngadegna UT sarta sistem Pendidikan Tinggi Jarak Jauh ,terbuka jeung jarak jauh.. Terbuka ngandung harti saha wae bisa jadi mahasiswa UT asal mibanda ijazah SLTA, ngan nu asup ka FKIP kudu geus jadi guru. Satuluyna Dina Thaib lian ti ngajentrekeun U T mibanda sifat flexsibel,kulantaran UT henteu nerapkeun kuliah,jadi nu diterapkeunnana di UT nyaeta mahasiswana kudu ngamekarkeun kamampuan belajar mandiri.
Nyakitu deui ngajentrekeun peran UPBJJ-UT nyaeta Kantor Daerah pikeun ngalayan mahasiswa di wilayah kerrjana., saperti UPBJJ-UT Bandung mibanda wilayah kerja 18 kab,kota di wilayah Jawa Barat . Kiwari UPBJJ-UT Bandung ngalayanan ,ngurus kurang leuwih 22.000 mahasiswa “ Para mahasiswa nu keur miluan kagiatan ayeuna kaasup dikelompokeun non pendas ngandung harti mahasiswa FEKON ,FISIF,MIPA jeung FKIP di luar guru SD. Sedengkeun pikeun guru SD jeung PAUD asup kana kelompok mahasiswa Pendas (Pendidikan Dasar)”.pokna. Dina ieu kasempetan diayakeun Kuliah Umum materina “ Belajar Mandiri yang Efektif “ didugikeun staf UPBJJ UT Bandung Drs.Radis,DR,M.Pd jeung Sosialisasi SALUT ( Sentra Layanan Universitas Terbuka) sarta sosialisasi & Bimbingan Akademik turta Kiat Sukses belajar di UT ngaguar pangalamana ti dua mahasiswa UT nu sukses nyaeta Rian Arifin mahasiswa Program Studi Akutansi jeung Ana Meliana Program Studi Bahasa Inggris. .(Suherman.S).-