Diayakeun Primagama ,Kasek & Guru BK Miluan Workshop Rahasia Sukses SNPTN 2014 Jalur Undangan
Manager Primagama Bandung Mimin Sukarmin,S.Si,M.Pd netelakeun dina raraga nyanghareupan dilaksanakeunnana SNPTN (Seleksi Nasional Masuk Perguruan Tinggi Negeri) 2014 jalur undangan Primagama Bandung gawe bareng jeung Universitas Islam Nusantara (Uninus) sarta Artline ngayakeun acara Workshop Membongkar Rahasiah Sukses SNPTN 2014 “(Jalur Undangan) “ lumangsung Rebo 22 Januari 2014 di rohangan Pasca Sarjana Uninus Jalan .Soekarno-Hatta No.530 Bandung.Kagiatan acara workshop sakalian Lauching Smart Consys Primagama dibuka Pembantu Dekan III FKIP Uninus Drs.H.Agus Mulyanto,M..Pd turta dijejeran jajaran manajemen Primagama sarta diiluan 80 peserta workshop ngawengku Kepala Sekolah, Wakil Kepala Sekolah Widang Kurikulum sarta guru Bimbingan Konseling (BK) SMA/saderajat di opat wilayah Bandung Raya nyaeta kota Bandung,Cimahi,kabupaten Bandung jeung kabupaten Bandung Barat.Sedengkeun materina “ diguar ku Ir.Setyadi Widyawawan,MT salaku Koordinator PTI (Pengembangan Teknologi Informasi) Divisi Akademik Primagama Pusat.
Numutkeun Mimin Sukarmin saperti diberitakeun Koran Giwangkara workshop ieu mibanda tujuan nyaeta ngajelaskeun sarta wawasan ka Kepala Sakola,Wakasek widang kurikulum,guru Bimbingan Konseling(BK) ngeunaan kumaha rahasiana sangkan para lulusan SMA/saderajat bisa asup ka Perguruan Tinggi Negeri (PTN) favorit sarta bisa lolos SNPTN jalur undangan . Lian ti tangtuna boh tina factor-faktor kagagalan di tahun kamari 2013 oge ngaantisipasi para lulusan SMA/saderajat nu mibanda prestasi sangkan henteu gagal deui. Kukituna diharepkeun pihak sakola sangkan paham turta mikawanoh nu sabenerna aturan maen dina prakprakannana asup PTN nyaeta jalur undangan.
“ Simkuring oge miharep kagiatan acara workshop ieu bisa mere kontribusi kana dunya pendidikan sarta para lulusan SMA/sederajat nu mibanda prestasi bisa milih jurusan nu tepat bisa ditarima di PTN pavorit nu akhirna peran Bingbingan Belajar (Bimbel) mawa siswa nuju prestasi nu leuwih hade” pokna.
Satuluyna inyana nembrakeun yen pendaftaran jalur SNPTN undangan diwatesan pisan waktuna dimimitian Januari 2014, sedangkan bulan Februari ngamimitian nglarifikasi datana sarta bakal lumangsung nepi ka bulan Maret 2014 kudu tepi ka panitia UMPTN. Jadi di bulan Februari-Maret 2014 keur proses panarimaan, sarta di sakola-sakola oge keur sibuk nyokotan raport data di pangkalan data siswa sakola. Dina ieu kasempetan Mimin Sukarmin oge ngainformasikeun yen kagiatan workshop ieu kompak diayakeun di sakuliah kota lian ti kamari diayakeun di Bekasi,Yogyakarta oge di Bali sarta ayeuna di Bandung sarta acara kagiatanna bakal terus dituluykerun ngajelaskeun ka sakola-sakola langsung ka siswana,kulantaran kagiatan ayeuna mah ngan saukur ka guruna wungkul.(Suherman.S).-