Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Sunda UPI Meunang Kadeudeuh Sarta Pangajen
Sekretaris Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah (JPBD) Sunda Fakultas Pendidikan Bahasa & Seni (FPBS) Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Dr.Hj.Nunuy Nurjanah,M.Pd netelakeun yen rengrenganna geus rengse ngalaksanakeun kagiatan pemilihan mahasiswa mibanda prestasi program sarjana tingkat jurusan lumangsung di kampus Jl. Dr.Setiabudhi No.229 Bandung, Salasa 25 Maret 2014“ Dilaksanakeun ieu kagiatan luyu jeung pedoman pemilihan mahasiswa berpestasi taun 2014 ti Kemendikbud Dirjen Pendidikan Tinggi Direktorat Pembelajaran & Kemahasiswaan nu tujuanna lian ti milih jeung mere pangajen ka mahasiswa mibanda prestasi oge mere motivasi ka mahasiswa pikeun ngalaksanakeun kagiatan kurikuler,kokurikuler,ekstrakurikuler salaku tarekah ngaadumaniskeun hard skilss jeung softs skills mahasiswa sarta ngarojong perguruan tinggi pikeun ngamekarkeun kaayaan kahirupan kampus nu bisa ngafasilitasi mahasiswa sangkan ngalahirkeun prestasi’.ceuk Nunuy ka Koran Giwangkara. Anapon nu dijadikeun ukurannana atawa prsentase kriteriana,ceuk Nunuy nyaeta Indek Prestasi Kumulatif (IPK) sarta karya tulis ilmiah sacara tulisan jeung presentasina turta kamampuhan bahasa Inggris sacara aktif sarta prestasi/kamampuhan nu diunggulkeun.Dina ieu kagiatan rengrengan tim penguji nyaeta Dr.H.Dingding Haerudin,M.Pd Ketua Jurusan, Dr.H.Usep Kuswari,M.Pd , Dr.Ruhaliah,M.Hum dosen jurusan sanggeusna nitenan netepkeun nu kapilihna nyaeta Deri Eka.
Firmansyah Mahasiswa Berprestasi I,Shinta Anggraeni Mahasiswa Berprestasi II jeung Ratih Cahyani Mahasiswa Beprestasi III. Tilu mahasiswa nu geus kapilih ieu tina IPK, karya tulis ilmiah,kamampuan bahasa inggrisna geus nyumponan kriteriana. Pon kitu deui dina prestasi kamampuhan nu diunggulkeunnana. Mahasiswa berprestasi I Deri Eka Firmansyah kungsi jadi juara II Duta Bahasa Jabar tingkat provinsi taun 2013 diayakeun ku Balai Bahasa sarta pernah juara IV Mojang Jajaka (Moka) tingkat Kabupaten taun 2012 diayakeun Disbudpar.
Mahasiswa berprestasi II Shinta Anggraeni kungsi jadi juara II Presenter tingkat provinsi taun 2013 diayakeun Bandung TV,juara I PopSinger tingkat provinsi taun 2012 diayakeun Disbudpar, juara II Mojang Jajaka (Moka) tingkat kabupaten taun 2010 diayakeun Disbudpar,juara II Speech Contest tingkat sekolah taun 2009 diayakeun SMA I. Mahasiswa berprestasi III Ratih Cahyani kungsi jadi juara III English Speech Contest tingkat kabupaten taun 2008 diayakeun SMK 2 Sumedang. Kukituna mahasiswa mibanda prestasi ieu meunang hadiah pangajen duit kadeudeuh pembinaan ti jurusan, masing-masing pikeun Juara Berpestasi I Rp.250.000,-, Juara Berpestasi II Rp.200.000,- jeung Juara Beprestasi III Rp 150.000,-. dipasrahkeun Saptu 27 Maret 2014 ku Ketua Jurusan JPBD UPI Dr.H.Dingding Haerudin,M.Pd salaku Penangungjawab kagiatan dijejeran Pembantu Dekan .II.FPBS UPI Dr.H.Andoyo Sastromiharjo,M.Pd di Gedong Kebudayaan UPI dina acara Pagelaran Seni Sunda mintonkeun seni tari,musik,drama (longser) sarta seni suara temana “ Nyulam Bulan” diayakeun mahasiswa JPBD FPBS UPI angkatan 2013 pimpinan Galih.(Suherman.S).-