Uninus Wisuda 1.008 Lulusan : Program Pendidikanna Ngamumule Ajen Inajen Kaislaman

Universitas Islam Nusantara (Uninus)  kampusna di Jl.Soekarno-Hatta No. 530 Bandung   Sabtu 22 Juni 2013  ngawisuda 1.008 lulusan  taun akademik 2012-2013. Ngistrenan lumangsung dina sidang  terbuka  senat  dipimpin rektor Uninus Dr.H.Didin Wahidin M.Pd   di Gedong  Bandung Convention Centre (BCC)  Jl.Soekarno-Hatta No.354 Bandung nu dina ieu kasempetan diluuhan Koordinator Kopertis Wilayah IV Jabar & Banten Prof.Dr.Ir.H.Abdul Hakim HalimM.Sc , mantan Koordinator Kopertis Wilayah IV Jabar & Banten  Prof.Dr.H.Rochim Suratman, Ketua Umum Ikatan Keluarga Alumni (IKA) Uninus Dr.H.Dada Rosada SH,M.Si nu oge salaku Walikota Bandung ,   sarta Dr.H.Ali Masykur Musa,M.Si,M.Hum salaku Anggota IV Badan Pemeriksa Keuangan Republik Indonesia (BPK RI) ngadugikeun orasina.Kagiatan  wisuda ieu ngarupakeun nu ka 56 kalina wisuda sarjana (S1) masing-masing  31 lulusan ti Fakultas Ekonomi,95 lulusan Fakultas Hukum,422 lulusan Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan,15 lulusan Fakultas Teknik,44 lulusan Fakultas Ekonomi sarta ka 16 kalina  wisuda program pasca sarjana ti program Doktor (S3) Manajemen Pendidikan 61 lulusan,program Magister Manajemen Pendidikan (S2) 191 lulusan,program Magister Ilmu Hukum (S2) 21 lulusan jeung program Magister Pendidikan  Agama Islam (S2) 66 lulusan.

Samemeh ngistrenan sajumlah lulusan  dina biantarana Didin Wahidin lian ti ngawilujengkeun ka sakumna wisudawan ku geus ngalahirkeun prestasi ngaraih gelar nu ngarupakeun kader-kader pemimpin bangsa jeung nagara oge ngainformasikeun ku  diwisudana lulusan anyar ieu  ti mimiti ngadegna 30 November 1959  harita ngarannna Universitas Nahdatul Ulama ( UNU)  robah  ngaran  jadi Uninus 15 April 1969 sarta  24 Desember 1976 aya  dina  panangtayungan Yayasan Islam nusantara  nepi ka kiwari  geus ngahasilkeun 36.000 alumni nu geus   boga pacabakan sewang sewangan  boh nu ngabdi ka bangsa jeung nagara nyakitu deui pagawe negeri,swasta wirausahawan professional sumebar di sakuliah lemah cai sarta di sajumlah nagara Asean sarta netelakeun ngeunaan  program nu dilaksanakeun di kampus  Uninus.

Numutkeun  Didin Wahidin sok sanajan aya parobahan ngaran tangtuna henteu ngarobah cita-cita para ulama jeung cendekiawan muslim dina ngadegkeun universitas nu didadasaran ku kasadaran parentah Illahi Rabi jeung nabi Muhammad S.A.W pikeun ngaronjatkeun kualitas pemahaman kailmuan di kalangan umat Islam.“Kukituna  Program pendidikan  di Uninus ngaadumaniskeun keselerasan jeung ngamumule ajen inajen atawa nilai kaislaman,kanusantaraaan, kailmuan nu relevan jeung mekarna masarakat sarta globalisasi ‘.pokna bari inyana ngajelaskeun yen sakabeh program studina  geus meunang izin penyelenggaraan ti Kementrian Pendidikan Kebudayaan Nasional jeung Kementrian Agama sarta geus terakreditasi nasional sarta dina ngalaksanakeun pendidikanna aya 400 dosen tetep nu ngabdikeun hirupna dina dunya pendidikan sarta mibanda komitmen pikeun  ngaronjatkeun mutu Sumber Daya Manusia (SDM) Indonesia.

Sarengsena wisuda rektor Uninus waktu ditanya   Giwangkara ngeunaan kagiatan sejenna,dijawabna aya nyaeta dina raraga wisuda Uninus sarta milad Uninus ka 54 sarta dina raraga bulan suci Ramadhan 1434 H  kulawarga besar Uninus ngayakeun Gerakan  Wakaf  Alqur’an.“ Indonesia nu pendudukna kurang leuwih dua ratus juta jiwa masih mibanda masalah  dina nyadiaan mushaf Al-Qur’an nu  mibanda fungsi salaku pedoman hirupna.Kiwari tacan sakabeh kulawarga Islam di Indonesia mibanda mushaf Al-Qur’an. Kukituna sivitas akademika Uninus ngarasa kapanggil pikeun bisa ngalakukeun kontribusi dina nyadiaaan kitab  suci Al-Qur’an”.ceuk Didin Wahidin (Suherman.S).-  .

You may also like...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *