Kagiatan Bislim Mangfaat Dunya Akherat

Geus ngarupakeun kagiatan rutin satiap taunna  samemeh miluan upacara wisuda khususna  para  Sarjana calon  wisudawan,wisudawati  ti Fakultas Keguruan Ilmu Pendidikan (FKIP) Universitas Islam Nusantara (Uninus) sok miluan heula kagiatan Bina Sarjana Muslim (Bislim).Nyakitu  deui dina taun akademik 2013-2014  para wisudawan,wisudawati FKIP Uninus lobana 253 jiwa ngawengku  asalna ti Jurusan Pendidikan Luar Sekolah,Pendidikan Luar Biasa,Pendidikan Bahasa Arab,Pendidikan Bahasa Indonesia,Pendidikan Bahasa Inggris,Pendidikan Matematika,Pendidikan Pancasila & Kewargaannegaraan,Pendidikan Guru PAUD  rengse  miluan kagiatan Bislim nu dina taun 2014 ayeuna dilaksanakeunBislim nu ka 35 kalina  lumangsung salila dua poe  6-7 Juni 2014 di Hotel Bandung Permai Jl.Jend.A.Yani No.308 Bandung. Kagiatan acarana dibuka rektor Uninus Dr.H.Didin Wahidin M.Pd,dijejeran Dekan  FKIP Uninus Bandung Dr. Hendi Suhendraya Muchtar M.Pd  sarta   Ketua Panitiana  Drs.Sofyan Ansyori M.Hum Numutkeun Sofyan Ansyori kagiatan  Bislim pikeun calon wisudawan,wisudawati   khususna ti FKIP Uninus ngarupakeun kagiatan wajib,sarengsena milu  ieu kagiatan kakara dimeunangkeun  miluan wisuda diayakeun ku Universitas.

Sedengkeun  maksud jeung  tujuan Bislim ka 35  FKIP Uninus nyaeta pikeun sarjana-sarjana nu geus lulus sarta  kaluar ti  Uninus   mibanda  nilai Islam  sangkan saengeusna dibekelan  nilai-nilai Islam bisa diterapkeun turta diinfaqkeun di  masarakat khususna   para sarjana ieu nganjrek. “ Kukituna  kagiatan ieu kacida    penting pisan  kulantaran nilai-nilai Islam ieu  perlu disebarluaskeun  khususna pikeun  sarjana lulusan FKIP Uninus ,sangkan  nilai-nilai Islam  dimekarkeun turta diterapkeun di  masarakat  pikeun  picontoeun di masarakat”.pokna.  Anapon para pembicarana ngawengku  para ulama ,pakar pendidikan Islam nu asalna ti lingkungan Uninus sarta ti  luar khususna ti kalangan kependidikan ku ngaliwatan ceramah,diskusi,praktek,praktek jeung percontoh ngadugikeun materi ngawengku baca tulis pemahaman al Qur’an,Mualam,Mujawwad sarta lagam. Akhlak : Manajemen Hati,Renungan Malam/Riyadhah. Praktek Ibadah: Shlat Wajib,Tahajjud,Dhuha,sybih jeung Hajat. Syariah: Istimbatul Hukmi di kalangan Ulama Indonesia,Corak penafsiran A Qur”an di Indonesia,Kajian ngeunaan Hadits Shahih jeung Dhoif. Aqidah: Tauhid,Syirk. Materi Penunjang : Diskusi Kelompok,Tasawuf Modern,Pendidikan Keluarga Islam,Kiat Mengatasi Stress ,Tauhid Salaku Energi Kehidupan ,Pengurusan Jenazah,Shalawat,Jumpa Pimpinan Fakultas/Program Studi.

Ku diayakeun kagiatan Bislim saperti diberitakeun Koran Giwangkara  umumna para pesertana nyambut positif saperti komentar  Cecep Miftah Farid wisudawan sarjana  jurusan Pendidikan  Luar Biasa  (PLB)  FKIP Uninus sapopoena salaku  guru SLB Multahada Rancaekek kabupaten Bandung. kagiatan ieu kangge para lulusan sarjana FKIP Uninus kalintang sae pisan  supados janten anu leubeut pangaweruh agamana nu mangfaatna keur dunya akherat, ,kanggo  di dunya keur guru jadi tangggung jawab pikeun anak didikna,keur mangsa pikahareupeun.Sedengkeun  Mohamad Yani wisudawan ti jurusan Pendidikan Bahasa Indonesia  sapopoena mancen Guru SDN  Merdeka kota Bandung ngadugikeun syukur  Alhamdullilah ku ayana  Bislim ieu bisa  mekelan  para sarjana anyar  pikeun jadi sarjana nu  muslimah, dijadikeun  bekel  hirup  di masarakat hususna dina   ngamalkeun ilmu salila kuliah di FKIP Uninus.       Nyakitu deu ceuk Aan nu oge salaku wisudawan jurusan Pendidikan Bahasa Indonesia sapopena salaku guru  di SDN Embong,Jl.Narpan Bandung yen ,Bislim kacida penting manfaatna pikeun pendidikan karakter para pendidik , engkena  diterapkan ka anak didik di sakola sarta ngaronjatkeun  akhlak  anak di sakola,sok komo  kiwari  anak anak dina kaayaan  dekadensi moralna turun  pisan ,kukituna  bisa  diterapkeun ka  ka anak didikna. Sarta komentar  Enden  Ti TK  Mujahidin Jl.Sancang  jurusan  Pendidikan Luar Sekolah (PLS)  Konsentrasi PAUD netelakeun,mangfaat Bislim seueur pisan  diantarana supaya ilmu teu nyimpang ti agama.(Suherman.S).-

 

You may also like...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *