Kareueus STBA Yapari ABA Bandung Dina Nincak Umur 51Taun
Ketua Sekolah Tinggi Bahasa Asing (STBA) Yapari-ABA Bandung Dra.Hj.Iim Danasaputra M.Hum netelakeun loba pisan dirasakeun nu matak pikareueuseunnana hususna pikeun sivitas akademika, STBA Yapari ABA Bandung tepatna diadegkeun 26 Oktober 1963 harita ngaranna Akademi Bahasa Asing (ABA) Yapari kiwari di taun 2014 nincak umurna panceg 51 taun. “ Simkuring ngaraos reueus bingah pisan nu teu aya hinggana sok sanajan kiwari dina kayaan pinuh ku saingan beurat ayeuna STBA masih tetep ajeg tandang makalangan sarta terus mertahankeun prestasina akademikna ”.pokna dina biantarana acara mieling atawa Dies Natalis Ka 51 sakalian acara wisuda Program S-1 Angkatan Ka 54,55 jeung D-3 Angkatan 56,57 taun akademik 2013-2014 nu dina ieu kasempetan dijeran rengrengan senat sarta diluuhan Ketua Umum Yapari-ABA Bandung Drs.H.Mundari Muhada,Dipl,TEFL jeung Pejabat Koordinator Kopertis Wilayah IV Jabar & Banten.
Acara lumangsung di Gedong Pertemuan Balai Sartika Jl.Suryalaya Indah No.1-3 Buah Batu Bandung Rebo 29 Oktober 2014 ngawisuda 122 lulusan ngawengku ti jurusan Bahasa Inggris,Perancis,Jerman,Jepang. Tina sajumlah lululusan kapeto aya 24 lulusan meunang yudicium cum laude .Ku diwisudana lulusan anyar ieu ti mimmiti ngadegna nepi ka kiwari geus ngahasilkeun 11.575 lulusan. Numutkeun Iim prestasi akademik di STBA tangtuna rek terus dipertahankeun samalah mah dironjatkeun ku tarekah lian ti diantarana wae ngaronjatkeun kualitas dosen sarta ngalumakukeun Teknologi Informasi komunikasi (TIK) oge ngaaktifkeun penelitian jeung pengabdian masarakat pon kitu deui nyumponan 7 standar pendidikan saperti dipikahayang BAN PT. “ Alhamdullilah sakabeh jurusan boh program S1 nyakitu deui D3 geus kakareditasi B nyakitu deui program D3 jurusan bahasa Jepang bakal lumaku nepi ka taun 2018”.pokna.Kukituna dina ieu kasempetan saperti diberitakeun Koran Giwangkara Iim umajak ka sakabeh sivitas akademika sangkan salawasna ngadugikeun rasa syukur ka Alloh SWT turta salawasna mere pangajen turta rasa hormat ka para perintis,penerus lembaga pendidikan tinggi bahasa asing ieu.Di taun 2014 aya 2 perintis lembaga nyaeta Prof.H.Ilyas Purakusumah jeung Drs.H.Budiman tilar dunya.Mugia Allah narima amal ibadahna boh waktu ngajalankeun pancenna salaku dosen,pimpinan sarta pribadi dihamnpura dosa-dosana sarta ditempatkeun sahade-hadena di sisi Allah SWT.
Dina ieu kasempetan diserenkeun pangaje ka saurang dosen jeung tilu karyawan SATUHU nu geus digawe salila 25 taun mangrupa tabungan jeung piagam penghargaan sarta mere pangajen ka 24 wisudawan nu lulus yudicium cumlaude ngawengku 21 lulusan Program S1 jeung 3 lulusan program D3 sarta pangajen ka mahasiswa mibanda prestasi juara di tingkat nasional turta internasional.Jeroning kitu para lulusan nu geus ngarengsekeun kuliahna nepi ka diwisudana katingali baringah saperti dirasakeun Nunun Noviarti lulusan Program S1 jurusan Bahasa Jepang angkatan ka 55 pituin Kersamanah Garut harita dianteur indung bapana Rokayah jeung Upud. “ Alhamdullilah rengse oge kuliah di STBA Yapari ABA Bandung nepi ka diwisudana. Simkuring lulus 3 Juli 2014 ngadugikeun tugas akhir karya ilmiah/skripsi judulna “ Yuikawa (2013) no Daisshou Oyobi Dainishou no “Ameshinjuu” no Shousetsu ni Aru Kakujoshi Toshite no Joshi to no Bunseki : Tougoronteki Oyobi Imironteki”.pokna (Suherman.S).-