Koperasi Ar-Raudhi Kelurahan Jatihandap Geus Dirasakeun Mangfaatna Ku Anggota

Salah sahiji koperasi di kota Bandung nu  meunang pangajen ti walikota Bandung taun 2012 salaku Koperasi berprestasi terbaik ka III tingkat kota Bandung  nyaeta Koperasi Serba Usaha (KSU) Ar-Raudhi Kelurahan Jatihandap kiwari terus ngupayakeun nedunan kabutuhan  ngaraharjakeun anggotana luyu jeung diamanatkeun Undang-Undang No.17 Taun 2012 Ngeunaan Perkoperasian yen  koperasi  mibanda tujuan ngaraharjakeun anggota khusuna  sarta masarakat umumna. “KSU Ar-Raudhi  ngarupakeun lembaga ekonomi diluluguan,dipibanda turta dijalankeun ku anggota Alhamdullilah kiwari panceg umurna 10 taun tepatna diadegkeun  12 Januari 2004   geus bisa  ngamekarkeun roda  organisasi jeung usahana didadasaran ku  sumanget kamandirian  pikeun  ngalayanan nedunan kabutuh anggota”. Ceuk H.Andi Odang Hidayat  salaku Ketua KSU Ar-Raudhi netelakeun di kantorna Jl.Jatihandap No.31 RT.04-RW05 Kelurahan Jatihandap ,Kecamatan Mandalajati  kota Bandung.

Numutkeun Andi terus  mekarna organisasi sarta usaha ngawengku Unit Simpan  Pinjam  (USP), Unit  Pegadaian Emas jeung Unit Pembayaran Rekening Listrik/Telepon/Air Bersih Tirta Jatihandap   lianti  balukar tina rempug jukungna   pengurus ngawengku Sekretaris : A.Sudrajat,Bendahara: Juju Juningsih, Ketua Pengawas : Moch.Yusuf B.c.AN,Angota  Pengawas Hj.Ettty Rokhayati  jeung Popon Supriatna sarta sumanget gawe rancagena   genep  karyawanna  nyaeta Ina Maryani,Siti Nur Agni,Ayeh Rokayah,Entis Sutisna,Kuswandi,Gilang  jeung rojongan ti Pembina nyaeta Lurah Jatihandap Deden Mardani BA, Ketua LPM Kel.Jatihadap Drs.H.Lili sarta H.Yusuf Supardi S.IP. Nyakitu deui pembinaan pendidikan  koperasi  ti Dinas Koperasi Perindustrian Perdagangan (Diskoperidag),Dekopinda kota Bandung  jeung PT.Entri dina widang Pelatihan Komputerisasi, Nyakitu deui rojongan ti sakabeh anggota.  Ku ayana rojongan  ieu ray taun ka taun  asset  koperasi sarta  jumlah  anggotana   terus ngaronjat waktu ngadegna harita ngan Rp.102 juta mibanda  100 anggota    ayeuna geus  digolangkeun  jadi Rp.2 Milyar leuwih,mibanda 485  anggota penuh. ngawengku 227 lalaki,258 awewe  asalna ti sakabeh lapisan masarakat diantarana wae ngawengku profesina pedagang,pengusaha leutik,pegawai negeri, buruh pabrik,,karyawan swasta. Beubeunangan  Sisa Hasil Usahana (SHU) na  oge ngaronjat, taun 2012 ngan meunang Rp.23.100.000,-sedengkeun taun 2013 Rp.25.400.000,-.Tina sajumlah  asset jeung anggota  eta  dina sataunna  aktivitas injeuman Unit Simpan Pinjam geus nyumponan ngalayanan kabutuhan  432 anggota gedena injeuman ti mimiti Rp 500.000,- nepi ka Rp.40.000.000, leuwih -..Satiap  taun anggota nu nginjeum terus ngaronjat. Kukituna pikeun nedunan kabutuh anggota pihakna terus ngayakeun dana ti masarakat mangrupa simpanan berjangka sarta simpanan sejenna. “ Para anggota nu geus meunang injeuman ti koperasi umumna geus ngarasakeun manfaatna boh pikeun dirina sorangan nyakitu deui keur masarakatna   bisa nyiptakeun lapangan kerja saperti tukang dagang baso asalna ngan boga dorongan hiji ayeuna jadi  boga tilu, tukang surabi bisa muka di sababaraha tempat. Nyakitu deui anggota nu  can boga imah ,ayeuna geus baroga  imah sorangan.”.pokna.

Andi satuluyna netelakeun di koperasina  dina widang organisasi  lian ti mibanda anggota penuh aya oge anggota penabung  masarakat  jumlahna  356 anggota ngawengku  151 lalaki, 205 awewe sarta  155  anggota khusus  injeuman modal usaha P2KB aya 160 anggota di RW 01 nepi ka RW 16   Kelurahan Jatihandap.Sedengkeun widang pendidikan ngayakeun pembinaan ka angggota ku ngaliwatan acara penyaringan simpanan gotong royong sistim arisan dua bulan sakali. Widang Kaagamaan  ngayakeum maca ayat suci Al’quran  jeung ,doa bareng .Sedengkeun  widang sosial satiap taunna mere bantuan ka 40 anak siswa sakola SD,SMP  sarta mere hadiah penabung teladan anak sakola 10 siswa turta mere sumbangan ka korban bencana alam sarta mere Tunjangan  Hari Raya Lebaran ka anggota.Waktu ditanya hambatan di koperasina,Andi nembrakeun salila ieu teu aya masalah. Kulantaran salila ieu peran koperasi masih  saarah  jeung aspirasi anngota.Jiwa kebersamaam ciri khas koperasi  nu kudu dimumule ku ngaliwatan partispasi anggota. “Ku kabersamaan,masalah jeung hambatan bisa kaatasi.Tantangan jeung luang bisa dimangfaatkeun sacara hade.”.tandes Andi saperti diberitakeun Koran Giwangkara. Ayana  kabersamaan  pihakna umajak ka sakabeh pihak  hayu urang  rempug jukung sauyunan sangkan Koperasi Ar-Raudhi jadi soko guru perekonimian nasional oge  ku ayana koperasi beuki maju diharepkeun   bisa ngungkulan  rentener-rentener nu kiwari nyiliwuri ngabeuratkeun masarakat bungana gararede  . “Kukituna simkuring boga cita-cita  saupama sakabeh  masarakatna  sadar asup loba nu hayang  jadi anggota koperasi.bisa wae bunga di koperasi nu ayeuna 2 %   diturunkeun  jadi  1 ½  persen atawa  jadi  1 %  “.ceuk Andi.(Suherman.S).-.

You may also like...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *