Siswa SMK Maarif Cicalengka Ngadongdon ka STP Bandung
Rombonga siswa,siswi ti Sekolah Menengah Kejuruan (SMK) Cicalengka, Jl.Dewi Sartika No.119 Cicalengka kabupaten Bandung poe Rebo 12 November 2014 ngadondon lolongok ka Sekolah Tinggi Pariwisata (STP) di Jl.Dr.Setiabudi No.186 Bandung Kagiatanna dina raraga acara “ Kunjungan Industri”. “ Tujuan kunjungan datang ke STP nyaeta pikeun mere pangaweruh wawasan ka siswa siswi ngeunaan perhotelan sakaligus mekelan pangalaman saenggeusna ngarengsekeun lulus ti SMK Maarif “.ceuk Yudi Firdaus S.Pd salaku guru pembina ieu kagiatan dijejeran tilu guru pembina sejenna nyaeta Ayi ST ,Thomas ST jeung Hilmi S.Sos. Numutkeun Yudi saperti diberitakeun Koran Giwangkara jumlah rombongan Alhamdullilah kabeh marilu aya 39 siswa siswi diaping opat guru pembina. Kagiatan acara kunjungan industri akomodasi perhotelan ieu teh ngareupakeun nu munggaran nyaeta akomodasi perhotelan, kulantaran di SMK Maarif ayeuna lian ti a aya 4 jurusan ngawengku Teknik komputer jaringan (TKJ),Manajemen Bisnis jeung Otomotif oge jurusan anyar dibuka di taun ajaran 2014 nyaeta jurusan Akomodasi Perhotelan.Kukituna di bulan Desember oge jurusan TKJ jeung Manajemen Bisnis rek ngalaksanakeun dongdonan ka tempat nu beda.
Diharepkeun ku diayakeun kagiatan ieu pihakna sakaku pembina jeung pendidik siswa siswi na bakal mibanda bekel lain wae ngan tina teori buku wungkul tapi oge meunang ilmu pangaweruh lapangan saperti ti STP. Kaayaan di STP nuaya dina panangtayungan Kementerian Pariwisata Indonesia widang ilmu perhotelan kaitung lengkep nyakitu deui prospeknya cukup hade . Kukituna dijadikan sasaran kagiatan kunjungan industri ,supaya siswa jeung siswi SMK Maarif jadi kataji kana widang perhotelan. Sarta mudah-mudahhan lulusan ti SMK Maarif aya nu minat nuluykeun ka STP Bandung. Salila dongdonan rombongan siswa-siswa SMK Maarif Cicalengka dipandu staf Humas STP Bandung Amanda Rika Rahim S,Pd sarta Kepala Humas STP Bandung Irma Citra Resmi S.ST Par nganteur ka satiap produk kampus dibantu mahasiswa STP Bandung Dina ,Bela,Gita jeung Sita.
Jeroning kitu Amanda ngajentrekeun ka STP Bandung mindeng nu ngadarongdon boh ti SMA,SMK sarta Universitas ,jeung ti perguruan tinggi kaasup nu dongkap ayeuna SMK Maarif Cicalengka.Pihakna bingah pisan ninggali siswa siswina kacida antusiasna ,kulantaranan memang minatna kana studi perhotelan. “Mudah-mudahhan infomasi nu tos didugikeun bisa ngabantu dijadikeun bongbolangan pikeun bahan pemikiran ka hareuppna dina nuiluykeun studi “.pokna. Anapon kesan salah saurang siswi SMK Maarif Cicalengka Decelia Pratiwi nu cita-citana janten koki seuuer pisan mangfaatna jadi lewih mikawanoh ngeunaan pariwisata, perhotelan ,hoskiping,recepsionis jeung nu sejenna.Sarengsena kunjungan industri di STP Bandung acarana di pungkas ku masrahkeun plakat jeung cinderamata ti SMK Maarif Cicalengka dipasrahkeun Decelia Pratiwi ka Kepala Humas STP Bandung Irma Citra Resmi saterusna acara kunjungan industri dituluykeun ka Ciater kabupaten Subang nyaeta langsung ka tempat obyek pariwisatana,kulantara di STP Bandung mah dunia pendidikanna,tapi ari diditu obyekna jadi diaktualisasikeun di lapangan.(Suherman.S).-