Saurang Wisudawan Diumrohkeun ,1006 Lulusan UIN SGD Diwisuda
Aya 1006 lulusan Universitas Islam Negeri (UIN) Sunan Gunung Djati (SGD) Bandung diwisuda dina acara prosesi sidang senat terbuka wisuda ke 59 dipimpin rektor UIN SGD Bandung Prof.Dr.H.Deddy Ismatullah,SH.M.Hum lumangsung Minggu 16 Maret 2014 di aula utama gedong anyar kampus Jl.A.H.Nasution No.105 Bandung. Sajumlah lulusan ngawengku ti Fakultas Ushuluddin (S1) 40 lulusan,Fakultas Tarbiyah & Keguruan (S1) 341 lulusan,Fakultas Syariah & Hukum (S1) 132 lulusan,Fakultas Dakwah & Komunikasi (S1) 109 lulusan,Fakultas Adab &Humaniora (S1) 108 lulusan,Fakultas Psikologi (S1) 37 lulusan,Fakultas Sains & Teknologi (S1) 124 lulusan,Fakultas Ilmu Sosial & Politik (S1) 88 lulusan, Program Magister(S2) 12 lulusan,Program Doktor (S3) 14 lulusan jeung Program Diploma (D-3) saurang. Tina sajumlah wisudawan diantarana lian ti saurang wisudawan Naih Nurjanah lulusan Pendidikan Bahasa Arab Fakultas Tarbiyah & Pendidikan meunang pangajen ti rektor kulantaran mibanda prestasi tahfidz Qur’an 30 juz bakal diumrohkeun ku bantuan Bank BRI. Nyakitu deui rektor mere pangajen ka 33 wisudawan Yudicium Cumlaude meunang Indek Prestasi Kumulatif (IPK) pangconcolangna ti sababaraha fakultas nyaeta Meta Malihatul Maslahat IPK 3,96 ti Tasawuf Psikoterapi Fakultas Ushuluddin, Busro 3,89 Perbandingan Agama Fakultas Ushuluddin, Ode Siniarsana 3,86 Aqidah Filsafat Fakultas Ushuluddin, Ipah Nurholipah 3,82 Pengembangan Masyarakat Islam Fakultas Dakwah & Komunikasi sarta ti Program Doktor nyaeta Dr.Ramadan Fauzi M.Ag IPK na 3,71. Dina biantarana Deddy nembrakkeun UIN SGD salaku perguruan tinggi geus mampu ngaadumaniskeun ilmu kaislaman jeung ilmu umum. “ Kukituna lulusanna bisa wae icikibung dina widang kaislaman ku wawasan nu luhung nyakitu deui kailmuan umum bari jeung wawasan kaislamanna jembar. Tangtuna ieu pangabdian pikeun kamaslahatan umat manusa jeung ngamekarkeun masarakat turta disumbangkeun pikeun pangwangunan nagara jeung bangsa Indonesia “. pokna.
Dina ieu kasempetan Deddy saperti diberitakeun Koran Giwangkara miharep ilmu,pengalaman jeung kaparigelan nu dipibanda salila kuliah di UIN SGD muga muga aya mangpaat turta jadi life skill aya gunana pikeun bekel di mangsa nu bakal datang nu leuwih hade sarta dijadikeun bekel dina pangwangunan masarakat dina negakkeun syiar Islam. Dedy peupeujeuh yen jenjang pendidikan nu kakara direngsekeun mahasiswa lain ahir tina proses belajar tapi oge bisa meunang ku ngaliwatan proses belajar di masarakat. Kukitu dina nyanghareupan dinamika masarakat diperlukeun sikap silih mikanyaho,sauyunan lain ku sikap konfrontatif sok komo anarkis. “ Simkuring nitip ka para alumni,jaga ngaran UIN SGD Bandung sahade-hadena sarta singlaran tina hal-hal nu bisa ngaruksak “ tandesna.(Suherman.S).-