Sinta Ceysaria Mahasiswa Polban Bandung Miluan ABF Tournamen Di Kuwait
Pertandingan Asian Schools Bowling Championships ka 15 diayakeun Persatuan Bowling Indonesia (PBI) lumangsung 9 nepi ka 16 Februari 2014 di Jaya Ancol Bowling Center (JABC) Jakarta. Salah saurang pebowling teureuh kota Bandung Sinta Ceysaria kaitung wanoja umurna 18 taun kiwari statusna mahasiswa kuliah di Jurusan Administrasi Bisnis Politeknik Negeri Bandung (Polban) Jl.GegerkalongHilir, Ciwaruga, Parompong Bandung Barat miluan tanding,hasilna Sinta salaku tim Indonesia ngaraih medali emas. Pertandingan diiluan tim Singapura, Korea, Filipina, Thailand, Jepang, Kuwait jeung Australia. Saengeusna sukses di JABC saperti diberitakeun Koran Giwangkara Sinta tanggal 16 – 17 Maret 2014 miluan Asian Bowling Federation ( ABF) Tournamenn of Champions di Kuwait.(Suherman.S).-