Rektor Uninus Dr.H.Didin Wahidin M.Pd : 90% Lapangan Kerja Ngabutuhkeun Lulusan Perguruan Tinggi
Rektor Universitas Islam Nusantara (Uninus) Dr.H.Didin Wahidin M.Pd nembrakkeun nitenan kanyataan kiwari yen 90 % lapangan kerja anyar ngabutuhkeun kamampuan satingkat lulusan perguruan tinggi. Ari 50 % tumuwuh mekarna ekonomi dirojong ku teknologi.Anapon nu nangtukeun hasil usaha jalmana oge ditangtukeun ku pendidikanna.Nyakitu deui hal sejenna nyaeta ulah dipopohokeu pentingna mibanda kaparigelan nu hade salaku modal pikeun saingan.Sedengkeun ngeunaan gelar henteu aya gunana saupama henteu nguasa kaparigelan.Kitu biantara wejanganna ditepikeun dina Wisuda ka 57 Sarjana(S1) ,Magister(S2) jeung Doktor(S3) taun akademik 2013-2014 lumangsung Saptu 21 Juni 2014 di Bandung Convention Centre (BCC) Jl.Soekarno-Hatta No.354 Bandung ngawisuda 1.111 lulusan ngawengku 555 ti FKIP, 94 FakultasHukum, 40 Fikom 7FAI, 6 Fakultas Teknik,2 Fakultas Pertanian, 119 Magister Pendidikan, 40 Magister Hukum,90 Magister PendidikanAgama Islam jeung 59 lulusan Program Doktor nu dina ieu kasempetan diluuhan Ketua Badan Pembina,Badan Pengawas jeung Badan Pengurus Yayasan Islam Nusantara nyaeta H.Dadan Saefulhaq Nawawi,Letjen (Purn) H.A.Roestandi,SH,Dr.Suhendra Yusuf ,senat civitas akademika , Ketua Panitia wisuda Drs. H.Husen Syaeful Insan,M..M.Pd ,Kepala Humas Uninus Drs. Maman Nurjaman sarta para pejabat nu aya pakuat pakaitn .Tina sajumlah lulusan diantarana kapeto aya wisudawan,wisudawati kategori terbaik,lulusan tercepat,lulusan termuda sarta wisudawan tepat tanggal 21 Juni 2014 ngarayakeun ulang taun kalahiranna.
Numutkeun Didin saperti diberitakeun Koran Gwangkara ku nitenan kanyataan eta teh para lululusan Uninus nu dina ieu kasempetan diwisuda tangtuna kaasup jalma nu untung kulantaran geus jadi jalma unggul,sabab sabagian gede tenaga kerja di urang ayeuna rata-rata pendidikanna ngan nepi ka sekolah dasar. Kukituna geus meunang kauntungan ieu teh ulah nepi ka disapirakeun geus ngarasa bangga meunang gelar. Sahadena na mah para lulusan kudu mibanda rasa yen geus lulus teh nyaeta akhir tina proses belajar.Ku geus boga rasa ieu hasil belajar sahenteuna boga kompetensi-kompentensi diperlukeun saingan di abad 21 kacida kompetitifna. “ Kompetensi diperlukeun ngawengku literasi sains jeung teknologi turta mampu adaptasi jeung gancangna kajadian parobahan di zaman ayeuna. Nyakitu deui para lulusan kudu jadi pembelajar sapanjang hayat (lifelong learning),mibanda kamampuan mecahkeun masalah (problem solver), pinter nata diri (self management), jeung mambu gawe bareng (teamwork).Dina ieu kasempetan oge Didin lian ti ngawilujengkeun ka para wisudawan katut rengrengan kulawargana sarta ngahaturkeun nuhun ku kapercayaanna geus milih Uninus salaku kampus tempat kuliah . “ Simkuring ngajurung doa mudah-mudahhan ilmu pengetahuan,gelar sarjana,magister jeung doktor nu dipibanda bisa mawa mangfaat pikeun diri sorangan,kulawarga sarta di tempat mancen gawe sewang-sewangan pikeun nu geus digawe, sarta pikeun bangsa Indonesia jeung keur sasama manusa
Nyakitu deui nganuhunkeun ka masarakat ,Alhamdullilah kapercayaan masarakat ka Uninus beuki hade ,tangtuna hal ieu balukar tina tarekah sakabeh dosen,karyawan turta sivitas akademika Uninus. Bukti kapercayaan ieu teh lian ti taun ka taun jumlah mahasiswa Uninus ngaronjat sacara signifikan sarta beuki loba pihak-pihak hayang gawe bareng jeung Uninus boh instansi pemerintah nyakitu deui pihak-pihak sejenna dina ngalaksanakeun sagala rupa program tri dharma perguruan tinggi turta beuki mgaronjatna prestasi Uninus nyaeta juara divisi utama sepakbola mahasiswa di Jawa Barat,juara MTQ nasional. Uninus dipercaya pikeun nyalurkeun sagala rupa beasiswa ,Uninus jadi partner pikeun Kemendikbud,Kemenag,Pemda Jabar dina ngaronjatkeun kualitas Sumberdaya Daya Manusia (SDM) ku sagala program..Nyigeung jati diri Uninus ,Didin ngadugikeun rasa syukurna .Kulantaran hasil tina konteplasi jeung pemikiran nu sagemblengna ti sivitas akademika Uninus ngalahirkeun kasadaran ngeunaan jati diri sivitas akademika Uninus nu karrangkum dina angka Hiji Tilu Genep ( 1-3-6). Nu maksudna hiji yen sivitas akademika Uninus mibanda salaku jadi perguruan tinggi Islam unggul turta mandiri. Tilu hartina satiap sivitas akademika Uninus sadar tilu misi atawa komitmen pokok Uninus nyaeta komitmen kailmuan,kaislaman jeung kabangsaan diharepkeun ngahasikeun nyata alumni kompeten,kompetitif turta mibanda akhlak mulia. Ari genep hartina yen salaku anggota kulawarga Uninus dina tingkah paripolahna nyoko kana 6 sistem anutan nyaeta nilai teologis,nilai fisis fisologis,logis rasional,etis,estesis sarta nilai teleologis.Di akhir biantarana sacara khusus Didin lian ti ngahaturkeun nuhun ka para undangan,pengelola BCC,para pembantu rektor,panitia wisuda,pimpinan fakultas,program studi,para dosen,petugas lapangan kebersihan,petugas keamanan boh internal nyakitu deui aparat kepolisian,para wartawan sarta sakakabeh pihak nu geus ngabantu lancarna acara wisuda.Mudah-mudahan Allah SWT ngabales ku pahalana berlipat ganda.Amin. Oge menta maaf ka masarakat nu ngagunakeun jalan di sabudeureun lokasi wisuda kaganggu sarta sababaraha poe deui asup ka bulan suci Ramadhan sakumna rengrengan pimpinan sivitas akademika Uninus ngawilujeungkeun ngalaksanakeun ibadah saum. (Suherman.S).-