Dra.Hj.Een Herdiani,S.Sen : Mairan Paneka Jaman,Kreator Seni Kudu Ngamangfaatkeun Globalisasi
Ketua Sekolah Tinggi Seni Indonesia (STSI) Bandung Dr.Hj.Een Herdiani S.Sen netelakeun kiwari caahna globalisasi beuki rongkah asup mangaruhan budaya Indonesia. Hal ieu mangaruhan oge kana kahirupan seni pertunjukan Tumali jeung seni pertunjukan tangtuna karya-karya nu dilahirkeun kudu mibanda wawasan zaman global. Hal ieu kulantaran geus jadi bagian kahirupan para kreator seni nu tangtuna mibanda kahayang pikeun maju . “ Masarakat seni memang perlu ngindung ka waktu ngabapa ka zaman ,tapi kudu tetep waspada bisa milih ngayak pangaruh ti luar naha luyu jeung nilai budaya urang atawa henteu “ .pokna dina acara Seminar Seni Pendidikan Seni 1 : “ Seni Dalam Persfektif Global “ diayakeun Jurusan Pendidikan Seni Tari Fakultas Pendidikan Bahasa & Seni (FBPS) Universitas Pendidikan Indonedesia (UPI) Bandung sababaraha waktu katukang (22/3/2014) di Ruang Seminar Lantai 4 Gedung FPBS UPI Jl.Dr.Setiabudhi No.229 Bandung diiluan 195 peserta nu dina ieu kaempetan oge ngadugikeun pembicara Bupati Purwakarta H.Dedi Mulyadi,SH sarta Guru Besar Pendidikan Seni Tari FPBS UPI Prof.Dr.H.Tati Narawati,M.Hum. Numutkeun Een kesenian salah sahiji sub sitem tina kebudayaan ngarupakeun alat pemersatu (unifikator) atawa alat diplomasi dina kahirupan masarakat kiwari kahirupan kasenianna nyanghareupan tantangan..Salah sahiji tantangam di zaman globalisasi kiwari kanyataanan seni muncul ku kapentingan pasar.,Seniman henteu deui ngamunculkeun karya-karya dumasar ide murni nu datang ti dirina,tapi sering pisan idena muncul kulantaran diluyukeun jeung selera nu pesen.“ Ku nolih kanyataan ieu kahirupan jeung mekarna seni pertunjukan kiwari karya-karya seniman para kreatorna geus ngamangfaatkeun pangaruh globalisasi dina karya-karya Kakinianna. Kamajuan teknologi dimangfaatkeun ku seniman pikeun moles pertunjukan dibantu ku teknologi nu canggih.”.ceuk Een saperti diberitakeun Koran Giwangkara.
Een Netelakeun jenis kesenian kiwari teu aya wates pamisahna.Kolaborasi antar seni etnik jeung kasenian-kasenian nu beda latar belakang budayana loba katinggali di pangung –panggung pertunjukan.Contona we pertunjukan karawitan. para kreatorna ngaadumaniskeun musik etnik Sunda jeung musik Barat. ngamunculkeun gaya baru dina pertunjukkanna. Nyakitu deui kelompok Samba Sunda,Krakatau,Seratur Persen,Idea Production jeung sajaba ti eta. Garapan –garapan sejenna saperti seni rupa kolaborasi jeung tarian,puisi,nyanyian,Karinding Attach. Sedengkeun karya-karya tari tradisi oge kolaborasi jeung gerak tarian lokal diadumaniskeun gaya barat,wayang keroncong,wayang Ajen,Sisingaan. Pon kitu deui pertunjukan penyanyi-penyanyi nu go Internasional saperti Agnes Monica ngaadumaniskeun gaya lokal jeug global. Nitenan hal ieu tetela pisan yen seni pertunjukan teh geus mibanda paradigma global,kulantaran para seniman karyana geus ngagunakeun persepektif global. “ Ngan hanjakal aya kaprihatinan,,pertunjukan geus dijieun mibanda wawasan global ,naha seni-seni tradisina bakal terus hirup.Kanyataanna sok sanajan kiwari geus jarang kasenian tradisi katembong di panggung-panggung pertunjukkan tapi di sababaraha tempat masih konsisten ngagelarkeun seni tradisi di panggung pertunjukan khususna di perguruan tinggi seni atawa nu aya unsur seni” pokna..(Suherman.S)..