PKPRI Kota Bandung Siap Nyanghareupan Sagala Rupa Parobahan Di Taun 2014

Pusat Koperasi Pegawai Republik Indonesia (PKPRI) kota Bandung  siap  nyanghareupan sagala rupa parobahan di taun 2014  nu kondisina cukup beurat lian ti  taun  lumangsuna  gantina presiden oge  di taun 2014 ngarupakeun taun munggaran pengurus  masa bakti 2014-2018 nu aya dina  kaayaan transisi robahna undang-undang  koperasi  tinu heubeul UU.No.25 taun  1992 ka  nu anyar UU No.17 Taun  2012 “ Ku ayana parobahan  pimpinan  nagara tangtuna  bisa wae kamungkinannana  bakal  mangaruhan kana   kondisi sosial ekonomi jeung politik kurang kondusif. Nyakitu deui   kua ayana undang- undang anyar perlu nyiapkeun lengkah  efektif “. Ceuk Ketua PKPRI kota Bandung  periode 2009-2014  Drs.H. Zainal Abidin ,S,MM,MSc  dina acara Rapat Anggota (RA)  PKPRI kota Bandung Taun Usaha 2014 ngabahas Rencana Kerja & Rencana Anggaran Pendapatan  & Belanja PKPRI kota Bandung taun kerja 2014  lumangsung  Salasa 24 Desember 2013 di aula kantorna Jl.Soekarno-Hatta No.470 Bandung dijejeran  Wakil Ketua I Drs.H.Sanusi Sukarma,MBA,Wakil Ketua II : H.Wawa Wachyudin,S.IP,Sekretaris : Drs.Kustiwa Benoputra,M.Pd,Bendahara Mohamad Arifin katut rengrengan Pengawas periode 2009-2014 ngawengku  Ketua: Drs.Maman Ukas,M.Pd,Sekretaris : Dasep Rusmana,S.Ip,M.Si, Anggota Pengawas : Dedi Muchdiat,SAB sarta Manajer Drs.H.Deddy Oktiadi,SE.

Numutkeun  Zainal Abidin saperti diberitakeun Koran Giwangkara   pikeun ngungkulan  saniskara  parobahan sangkan meunang hasil optimal ,di koperasi oge perlu ayana parobahan nu sifatna spesifik,utamana kinerja organisasi jeung tingkah paripolah SDM na boh di kapangurusanna nyakitu deui anggotana. Sedengkeun dina ngungkulan undang undang  koperasi nu anyar diharepkeun pengurus,pengawas,karyawan jeung anggota PKPRI kota Bandung kudu mikawanoh  paham pisan  kana  probahan  undang-undang koperasi nu anyar. “ Undang-Undang  No.17 taun 2012 ngeunaan perkoperasian  nu geus diundangkeun ku pemerintah perlu sagancangna  tur terus  disosialisasikeun boh ku Dinas Koperasi Perindustrian & Perdagangan kota Bandung kitu deui  ku PKPRI kota Bandung sarta perluna orientasi program pembinaan dina nyanghareupan masalah-masalah  di mangsa nu bakal datang diarahkeun pikeun numuwuhkeun deui sumanget berkoperasi sarta ngaronjatkeun kualitas koperasi primer”.tandes Zainal.

Zainal netelakeun  sok sanajan  di taun 2014  aya dina  saniskara  parobahan  turta kondisina cukup beurat,   pihakna  tetep optimis  di widang oraganisasi,kelembagaan   PKPRI kota Bandung kondisina masih solid jeung meunang kapercayaan ti anggota,kulantaran taun 2014 ngarupakeun taun munggaran masa bakti pengurus,pengawas anyar PKPRI kota Bandung taun 2014-2018. Nitenan  kana  kondisi hasil  taun 2013  pikeun program kerja  PKPRI  kota Bandung   taun 2014 ditujukeun dina raraga  ngawangun  PKPRI salaku badan usaha nu  sehat sarta mampu nyumbangkeun usaha kanu mibanda  basis kana kapentingan  anggota jeung masarakat .“ pokna.                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                           Kukituna,ceuk Zainal , loba program kerja nu bakal dilaksanakan boh widang sosial neruskeun undian  haji  pikeun anggota PKPRI  sarta  widang   organisasi.kelembaggaan keanggotaan  diantarana wae  ngalaksanakeun pemilihan pengurus, jeung pengawas PKPRI kota Bandung periode taun 2014-2018 sarta ngaefektifkeun lumangsungna  mekanisme  manajemen PKPRI sarta terus ngomean sistem kerja dina satiap aktivitas usaha  sangkan efisien jeung produktifitasna  optimal. “ Sedengkeun widang usaha nyaeta lian ti  ngarojong  tumuwuhna partisipasi modal anggota jeung ngaintensifkeun arasupna simpanan wajib anggota oge rek  nginjeumkeun kredit duit sacara selektif,nuluykeun  usaha ngaayaan Elpiji 3 Kg,nuluykeun usaha nyadiaan  perumahan  lokasina di Ngamprah  kabupaten  Bandung Barat  sarta ngamekarkeun unit  usaha Hotel Parakan Wangi ku cara nambahan  jumlah kamar  di lantai II.”tandesna.

Diharepkeun di taun 2014  tina  opat usaha  ngawengku Unit Simpan Pinjam (USP),Unit Pusat (Cost Centre) ,Unit Elpiji  jeung Unit Hotel Parakan Wangi hasilna  kudu  ngaronjat ti taun samemehna.   “ Tina  opat usaha  nu diancokeun beubeunangan ti  unit Hotel Parakan Wangi lokasina di Jl.Parakan Wangi No.1/Jl.Soekarno-Hatta  470 Bandung Telp.02 7513592 Fax.022.7563068    kudu  tetep  jadi  pangonjoyna kulantaran dumasar asumsi ti taun ka taun terus ngaronjat. Sedengkeun beubeunangan Sisa Hasil Usaha (SHU) diproyeksikeun kudu meunang gedena Rp.164.008.383 ngaronjat 9 % tina rencana SHU taun 2013  jumlahna ngan Rp.150.699.233. Pikeun ngudag kahayang ieu sangkan tinekanan  perlu kualitas sacara optimal ti  sakumna  perangkat organisasi”.tandes Zainal Abidin.(Suherman.S).-

You may also like...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *