PKPRI Kota Bandung Mantep Di Widang Organisasi Usahana Ningkat
Balukar organisasina mantep jeung mapan, usaha Pusat Koperasi Pegawai Republik Indonenesia (PKPRI) kota Bandung beuki ningkat. Paningkatan organisasi jeung usaha ieu diindikasikeun ku sababaraha kaberhasilan. Di widang organisasi ku kasusunna Pengurus jeung Pengawas periode 2014-2019 mibanda profesionalisme turta pangalaman salaku Pengurus Primer sarta komposisi pengurusna ngarupakeun adumanis antara pengurus heubeul jeung pengurus anyar. “ Salaku pengurus anyar tangtuna dina munggaran mancen tugasna kacida soson soson pisan ,parigel jeung serius sangkan gancang pikeun ngaraih sukses. Ku motivasi dibarengan etos gawe hade nu kuat rengrengan pengurus geus satekah polah ngalaksanakeun program-programna syukur alhamdulliah hasilna tinekanan “.ceuk Ketua PKPRI kota Bandung Drs.H.Sanusi Sukarma,M.BA netelakeun sarengsena acara RAT ka 52 di kantorna Jl.Soekarno-Hatta No.470 Bandung sawatara waktu nu anyar kaliwat Dina ieu kasempetan hadir Wakil Ketua I : H.Wawa Wachyudin,SIP,Wakil Ketua II: Muhamad Arifin,Sekretaris: Drs.Kustiwa Benoputra M.Pd,Bendahara: H.Ayi Syarifudin S.Ag sarta Ketua Pengawas: Drs.Maman Ukas M.Pd,Sekretaris Pengawas : Apep Rahdiana S.Pd, Anggota Pengawas : Drs.H.Wawan Sopyan,MM, jeung Manajer : Drs.H.Deddy Oktiadi,SE,Wakil Manajer: Drs.H.Wahyu Hadisuroso,SE.
Numutkeun Sanusi Sukarma minangka bukti tanggung jawab ti pengurus dina ngokolakeun usahana jeung ngalaksanakeun program kerjana di widang usaha,pengurus tetep ngalaksanakeun upaya pengawasan sangkan sababaraha unit usaha nu geus jalan nyaeta Hotel Parakan Wangi,Elpiji 3 Kg, Usaha Simpan Pinjam (USP) Bisa ngaoptimalkeun hasilna..Di taun usaha 2014 beubeunangan tina sajumlah unit usaha meunang Rp.1.899.099.728,- ngaleuwihan target 4,1 % tina rencana Rp.980.425.500,-. Kukituna bebeunangan Sisa Hasil Usaha (SHU) na meunang Rp.180.462.476,-ngaleuwihan 10,03 % tina rencana Rp 164.008.383,-. “ Kinerja usahana memang cukup sehat akibat tina hasil ngagolangkeun duit tina sabaraha usaha dirojong struktur permodalan cukup hade “.pokna.
Sanusi saperti diberitakeun Koran Giwangkara ngajentrekeun modal sorangam kakayaann bersih ngaronjat 3 % jumlahna Rp.5.826.666.431,- dibandingkeun jeung taun saacanna jumlahna ngan Rp 5.633.653.350,-. Ari modal luar jumlahna Rp.3.148.546.812,-.Rasio antara modal sendiri jeung modal luar nyaeta Rp.5.820.665.981,- berbanding Rp.3.148.546.812,-.. Modal luar ieu ngarupakeun injeuman ti sababaraha Bank pikeun pengadaan tanah Kavling di Cilame Kabupaten Bandung Barat..Sedengkeun dina widang keuangan pengurus ngupayakeun digawe satekah polah bari meunang rojongan ti anggota geus lian ti ngatur waragad operasional ngalakukeun efesiensi jeung efektivitas Oge mertahankeun keuangan PKPRI sangkan tetep dina kaayaan sehat sarta merhatikeun partisipasi anggota dina mayar simpanan wajibna sacara rutin turta mayar kawajiban cicilanna sacara tepat waktu sarta nagih simpanan wajibna ka angota nu can ngalaksanakeun kawajiban mayar simpanan wajibna.(Suherman.S).-