Pengurus PKPRI Kota Bandung Masa Bakti 2014- 2019 Diistrenan
Rapat Anggota Taunan (RAT) Pusat Koperasi Pegawai Republik Indonesia (PKPRI) kota Bandung nu ka 51 taun Usaha 2013 lumangsung tertib turta lancar Saptu 17 Mei 2014 di aula kantorna Jl.Soekarno-Hatta No.470 Bandung. Kagiatan acara rapat ngabahas laporan pertanggungjawaban pengurus,pengawas taun kerja 2013 sarta Risalah Rencana Anggaran (RA) taun usaha 2014 didugikeun Ketua PKPRI kota Bandung Drs.H.Zainal Abidin,S,MM,M.Sc dijejeran rengrengan pengurus jeung pengawas dihareupan anggota nu diulem .Dina biantarana Zainal nembrakkeun yen laporan pengurus taun kerja 2013 ngarupakeun taun pamungkas masa bakti pengurus periode 2009-2014 disusun keur mempertanggungjawabkeun ngalaksanakeun tugas pengurus ka anggota. “ Alhamdullilah di taun 2013 kinerja organisasi jeung usaha PKPRI kota Bandung cukup sehat mawa hasil nyugemakeun ngabalukarkeun terus ngaronjatna harta banda nu leuwih hade dibandingkeun jeung beubeunangan taun 2012 “.pokna.Numutkeun Zainal kinerja usaha cukup sehat hal ieu ditunjukeun ku beuki hadena struktur permodalan sarta nambahannana asset jeung ngaronjatna kauntungan unit usaha nyaeta nu pangmucekilna tina unit hotel Parakan Wangi jeung unit Usaha Simpan Pinjam (USP) beubeunanganna Rp.1.854.662.983,-.Sedengkeun Sisa Hasil Usaha (SHU) na meunang Rp.169.094.050,- ngaronjat dibandingkeun jeung SHU taun 2012 ngan meunang Rp 134.053.839 atawa naek 24,8 %dibandingkeun jeung SHU taun buku 2012.
Kamampuan PKPRI kota Bandung kondisina tetep eksis turta usahana terus ngaronjat tangtuna henteu leupas ku ayana rojongan ti sakabeh anggota,karyawan,mitra usaha jeung pembinaan ti pihak sejen. “ Simkuring salaku pengurus ngahaturkeun nuhun ka sakumna pihak nu geus ngabantu sarta partisipasina dina ngawujudkeun PKPRI kotaBandung mibanda kualitas oge menta maaf saupama dina ngajalankeun amanat anggota hasilna masih jauh tina harepan nu dipikahayang sakumna anggota”.ceuk Zainal.Sarengsena Ketua ,Pengawas nepikeun biantara jeung laporanna diteruskeun tanya jawab sarta kasimpulan nu intina nyaeta anggota nyaluyuan narima sacara syah laporan pertanggungjawan pengurus & pengawas taun usaha 2013 sarta Risalah Rencana Anggaran (RA) Taun usaha 2014.Sedengkeun acara saterusna saperti diberitakeun Koran Giwangkara dituluykeun pemilihan pengurus jeung pengawas
kulantaran geus lekasannana pengurus heubeul masa bakti 2009-2013. Kukituna dina ieu kasempetan diayakeun panitia pemilihan ngawengku opat urang masing-masing dua urang pejabat nyaeta pejabat ti Dinas Koperasi Perindustrian Perdagangan UKM (Diskoperindag UKM ) kota Bandung jeung ti pengurus Gabungan Koperasi Pegawai Republik Indonesia (GKPRI) Jawa Barat sarta dua urang deui masing-masing saurang anggota ti unsur pengurus heubeul jeung saurang deui ti anggota primer PKPRI.Pihak panitia harita nawarkeun tilu sistim pemilihan ka anggota naha make ngagunakeun ku cara sistem pemilihan langsung,Formatur jeung Aklamasi nu hasilna lolobana milih nyaluyuan ngagunakeun aklamasi ngandung harti masih tetep ngarojong deui ka pengurus heubeul sangkan mancen deui.
Sok sanajan geus ayana rojongan ti anggota ka pengurus heubeul ,diantarara aya dua urang pengurus nu teu sanggup mancen , ngundurkeun diri nyaeta Muhamad Arifin salaku Bendahara jeung Sekretaris Pengawas Dasep Ruswana ,S.IP.M.Si. Kukituna pikeun ngeusi kakosongan pengurus sanggkan aya gantina,panitia pemilihan harita keneh bisa hasil milih gantina teh nu disaluyuan ku anggota. Ku geus ayana kasaluyuan ti anggota rengrengan pengurus PKPRI Kota Bandung masa bakti 2014 -2019 ngawengku Ketua : Drs.H.Zainal Abidin S,MM,M,Sc, Wakil Ketua I : Drs.H.Sanusi Sukarma, M.BA, Wakil Ketua II : H.Wawa Wachyudin,S.IP, Sekretaris: Drs.Kustiwa Benoputra,M.Pd, Bendahara : H.Ayi Saepudin,S.Ag jeung Ketua Pengawas : Drs.Maman Ukas M.Pd, Sekretaris Pengawas : Apep Rahdiana,S.Pd , Anggota Pengawas : Dedi Muchdiat,SAB langsung diistrenan ku Seksi Kelembagaan Diskoperindag UKM kota Bandung Drs.Ahmad Kuntara MM nyuluran Kepala Drs.Ema Sumarna M.Si sarta disumpah ku Wakil Ketua Gabungan Koperasi Pegawai Republik Indonesia (GKPRI) Jawa Barat H.Djodjo Sukarsono BA,SH nyuluran Ketua Dr.H.Endang Suwarna M.Si.(Suherman.S).-

