Koperasi Karyawan “ Tirta Karya “ Giat Bebenah & Restrukturisasi

Luyu jeung bisnis usaha koperasi, umumna awalna di Koperasi Karyawan (Kopkar) Perusahaan Daerah Air Minum (PDAM) Tirtawening kota Bandung  nyaeta  “ Tirta Karya “ ngan  mibanda   unit  simpan pinjam,nepi ka kiwari unit simpan pinjamna  masih lumangsung dijalankeun malahan unit bisnisna nambahan  nyaeta  instalatur jeung  Warung Serba Ada (Waserba)  ngaayaan  barang  pikeun nyumponan  kabutuhan anggota koperasi di internal PDAM Tirtawening kota Bandung. “ Simkuring salaku pengurus  ayeuna keur  giat  ngabebenah sarta  ngalakukeun  rekstrukturisasi ngomean dina harti nyampurnakeun   kapangurusan saacanna “.ceuk Ketua Koperasi Kopkar Tirta Karya  Periode 2015-2018  Achmad Sarhindi dijejeran Ka Subid Humas PDAM  Tirta Wening Kota Bandung H.Tarsum,SE netelakeun  di PDAM kota Bandung,Jl.Badak Singa No.10 Bandung anyar-anyar  ieu.

Numutkeun Achmad Sarhindi saperti diberitakeun Koran Giwangkara  sok sanajan can sampurna 100 % pihakna rek ngeureuyeuh  ngomean sangkan koperasi ka hareupna leuwih hade mere mangfaat ngaraharjakeun anggotana..Pihakna nyambut hade harepan-harepan didugikeun boh ti  Dinas Koperasi Industri Perdagangan ( Diskoperindag) UKM kota Bandung,, Pusat Koperasi Pegawai  Republik Indonesia (PKPRI)  kota Bandung ,Dekopinda kota Bandung  jeung  Direktur Utama PDAM Tirtawening Kota Bandung  nu harepanna sarua  yen kudu boga  Spirit ngomean pikeun ngawangun koperasi ka hareupna sangkan leuwih hade.Pedah aya kakurangan,memang taun kaliwat,kabeneran di   koperasi  saldona  atawa labana minus,  istilah pa Dirut PDAM Tirta Wening kota Bandung H.Sony  Salimi,ST,MT salaku Pembina Koperasi Tirta Karya mah nyaeta aya  titik krusial  kudu direngsekeun  diroris  sangkan  taun  hareup positif aya  labana ku ngalakukeunefesiensi,efektifitas’kulantaran   terus terang beban pegawai  ayeuna gede pisan  mungkin rek  dilakukan restrukturisasi ka pegawai pikeun ngarengsekeun piutang anggota mungkin di reschedule  sangkan  malikeun ti  anggota ka koperasi bakal  lancar jeung leuwih hade, saupama  aya dina kalancaran   class flowna ningkat,koperasi  bakal malikuen deui ka anggota mangrupa  injeuman.

 Nyigeung tarekah bakal   ngalakukeun lengkah  tina rencana restrukturisasi lian ti  rek nyampurnakeun piutang  jeung ngokolakeun  beubeunangan tina  parkir , kulantaran mibanda  tiga lokasi parkir nyakitu deui ,ngokolakeun  GOR bakal  ditaekeunbiaya sewana  jeung beubeunangan tina  tangki cai,  tangki cai  dironjatkeun tina  kurang leuwih  32.000 pe rit  mungkin wae engke bisa nepi  kira-kira  ka   40.000,- an,ditambah pagawean  kainstalaturan turta ngamekakeun  usaha di Waserba   “ Tarekah ieu  ngarupakeun  tarekah lengkah ka hareup.Mug-muga  piduana  ti sakabeh anggota pihakna dibere  amanah di periode antar waktu nu ngan sesa dua tahun deui  bisa malikeun kapercayaan anggota,kepercayaan pingpinan,mudah-mudahhhan  dibere kasehatan jeung  kamampuan pikeun  jadi koperasi leuwih hade”.ceuk  Achmad Sarhindi.

Achmad Sarhindi netelakeun Jumlah  anggota Koperasi Tirta Karya kabehna  aya 700 anggota  ditambah 39  karyawan koperasi   tina  44 karyawan kulantaran saurang  karyawan ngundurkan diri jeung  saurang deui  dieureunkeun kulantaran  indisipliner. Satiap taun Koperasi Tirta Karya  sok ngalaksanakeun RAT saperti taun 2016  ayeuna RAT taun buku 2015 geus dilaksanakeun poe Kemis 31 Maret 2016 dihadiran  perwakilian masing-masing  bagian  tina  1 berbanding 25 jadi nu meunang mandat ti  masing-masing  bagian  kurang leuwih  30  hadir  sarta  dihadiran  ku  kepala bagian di internal PDAM aya   22 urang ,tamu undangan ti PKPRI kota Bandung,Dinas Koperasi jeung  Dekopinda kota Bandung, dihadiran  sakabeh  Direksi PDAM kota Bandung,  dihadiran undangan ti  Bank BHS jeung  dihadiran  Direktur Utama PDAM Tirtawening kota Bandung H.Sony Salimi,ST,MT selaku pembina Koperasi Tirta Karya sakaligus muka secara resmi RAT Koperasi Tirta Karya.(Suherman.S).-

You may also like...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *