Decha Kania Maharani Juara II Pildacil
Decha Kania Maharani, 5 thn, siswa Taman Kanak Kanak (TK) Nurus Sakinah kota Bandung anyar-anyar ieu kapilih jadi juara II Pildacil kelompok putri sewilayah Karees. Tema Pildacil “ Pahlawanku Inspirasiku”. Decha incuna ibu Nani Andriani S.Pd guru SDN Binong Jati II kota Bandung. “Cita-cita Decha hoyong janten pahlawan tanpa tanda jasa saperti nene Nani nyaeta guru.”saurna teh ka Koran Giwangkara. (Suherman.S).-