Masih Jadi Andelan Utama Taun 2013 Usaha Hotel Parakan Wangi PKPRI Kota Bandung
Ketua Pusat Koperasi Pegawai Republik Indonesia (PKPRI) kota Bandung Periode 2009-2014 Drs.H.Zainal Abidin,S,MM,M.Sc netelakeun beubeunangan hasil tina unit usaha Hotel Parakan Wangi dina anggaran taun 2013, masih tetep jadi andelan sumber utama PKPRI Kota Bandung. Kitu ditetelakeun dina biantarana acara Rapat Anggota Taunan (RA) PKPRI kota Bandung ngabahas Rencana Kerja (RK) jeung Rencana Anggaran Pendapatan & Belanja (RAPB) taun 2013 dihareupeun anggota lumangsung 26 Desember 2012 di aula kantorna Jl.Soekarno No.470 Bandung. Dina ieu kasempetan hadir Wakil Ketua I : Drs.H.Sanusi Sukarma,MBA,Wakil Ketua II : H.Wawa Wachyudin,SIP,Sekretaris : Drs.Kustiwa Benoputra,M.Pd,Bendahara : Mohammad Arifin, Ketua Pengawas : Drs.Maman Ukas M.Pd,Sekretaris Pengawas: Dasep Ruswana,S.ip,M.Si,Anggota Pengawas: Dedi Muchdiat,SAB,Manajer : Drs.H.Deddy Oktiadi,SE jeung Wakil Manajer : Drs.H.Wahyu Hadisuroso,SE..Numutkeun Zainal Abidin sedengkeun hasil kegiatan usaha sejenna nu diharepkeun bisa ngabantu ngamekarkeun beubeunangan ti PKPRI kota Bandung nyaeta tina USP, Elpiji, jeung usaha sejenna kaasup usaha Pengadaan Tanah Kavling nu saupama geus rengse payu kajual bakal ngadatangkeunn kauntungan nu leuwih ti cukup pikeun ngaronjatkeun PKPRI Kota Bandung. Kukituna pihakna nyuhunkeun piduana jeung rojongan sangkan Usaha Pengadaan Tanah Kavling ieu gancang payu sarta bisa ngahasilkeunn kauntungan pikeun karaharjaan urang sarerea.
Ku nyoko kana asumsi volume kredit, ningkatna beubeunangan usaha Hotel Parakan Wangi, Elpiji turta usaha sejenna , sakabeh beubeunangan PKPRI Kota Bandung di taun 2013 direncanakeun Rp. 1.935.636.400 rada ngaronjat Rp. 54.632.200 atawa 2,9 % tina RAPB, taun 2012. Sedengkeun pikeun ngarojong operasional PKPRI taun 2013, diperlukan biaya gedena Rp. 1.784.937.167 ngaronjat Rp. 37.773.067 atawa 2,2 % dibandingkeun jeung anggaran biaya taun 2012. Kukituna tina beubeunangan jeung biaya nu diestimasikeun dina tahun 2013 beubeunangan Sisa Hasil Usaha diancokeun kudu meunang Rp. 150.699.233 ningkat 13 % tina Rencana Sisa Hasil Usaha tahun kamari gedena ngan Rp. 133.840.100.
Satuluyna Zainal Abidin ngebrehkeun ka Koran Giwangkara yen anggaran tahun 2013 disusun dina kondisi perekonomian nu masih kurang cerah, ngan pengurus salawasna tuluy usaha pikeun bisa ngajalankeun roda organisasi,sakumaha anggaran nu geus ditetepkeunn ku Rapat Anggota. Kasasup pikeun taun 2013 ayeuna pihakna tetep bakal ngalaksanakeunn Kunjungan Wisata ka Kota Malang jeung sabeudeureunnana saperti nu geus diamanatkeunn anggota dina RAT nu kaliwat, sok sanajan tangtuna bakal ngaluarkeun waragad nu henteu saeutik, ngan demi pelayanan jeung kapuasan para Anggota, program Kunjungan Wisata ieu teh bakal tetep pihakna rek ngalaksanakeun. “Kukituna supaya bisa hasil usahana PKPRI Kota Bandung ieu teh keur kaperluan urang sarerea, disuhunkeun rojongan sarta partisipasi anggota,sangkan rintisan usaha nu diprogramkeun ku pengurus meunang perhatian nu daria ti para anggota “.ceuk Zainal Abidin.nandeskeun (Suherman.S).-