Pengurus Koperasi Abdi Karya Bahari Mibanda Amanah SHU Ngaronjat
Kepala Dinas Perikanan & Kelautan Provinsi Jawa Barat Ir.H.Jafar Ismail,MM salaku pembina KPRI ( Koperasi Pegawai Republik Indonesia ) Dinas Perikanan & Kelautan Provinsi Jawa Barat “ Abdi Karya Bahari “ netelakeun ngarasa reueus ka koperasi salila ieu dibinana di instansina ti taun ka taun lian ti ngalaksanakeun RAT tepat waktu sarta aya dina kamajuan usahana. “ Alhamdullilah RAT tahun ayeuna saperti taun nu kaliwat salawasna dilaksanakan tepat waktu dina bulan Januari,hal ieu cingcirining pengurusna mibanda amanah sarta ngalaksanakeun taat kana sagala aturan aya di koperasi nu mawa hasil Sisa Hasil Usaha (SHU) na terus ngaronjat sarta door prize beuki ngalobaan “ .pokna saperti diberitakeun Koran Giwangkara dina biantarana RAT Taun buku 2015 “ Abdi Karya Bahari “ lumangsung 28 Januari 2016 di aula kantorna Jl.Wastukencana No.17 Bandung, dina ieu kasempetan dijejeran Ketua Koperasi Abdi Karya Bahari Periode 2013-2015 H.Dede Sunendar,A.PI,MP, Wakil Ketua II PKPRI (Pusat .Koperasi Pegawai Republik Indonesia) kota Bandung Muhamad Arifin sarta Kepala Bidang Kelembagaan & Pelayanan Dinas Koperasi UKM Perindag kota Bandung Hj.Eulis Karmani,SE,MM. Ku geus ngalaksanakeun disiplin nyoko kana aturan dilumakukeun pihak Dinas Koperasi UKM Perindag kota Bandung Hj.Eulis Karmani ngaraos ngiring bingah kulantaran ayeuna tina sajumlah 2.558 koperasi mibanda badan hukum di kota Bandung, masih loba keneh henteu ngaksanakeun RAT kukituna masihan apreasiasi pangajen peunten 100 ka Koperasi “Abdi Karya Bahari.“ Simkuring ngahaturkeun nuhun ka rengrengan pengurus geus ngalaksanakeun RAT tepat waktu sarta mertahankeun koperasina cukup hade ,pengurusna geus amanah satekah polah ngaraharjakeun anggotana luyu jeung prinsif koperasi ,hal ieu perlu dipertahankeun turta dironjatkeun kulantaran maju mundurna koperasi gumantung ka anggota sarta ayana perhatian daria ti pembinana “ .ceuk Hj.Eulis Karmani.Sedengkeun Ketua Koperasi “Abdi Karya Bahari” H.Dede Suhendar ngebrehkeun salila taun buku 2015 Alhamdullah ,Koperasi Abdi Karya Bahari geus bisa ngajalankeun kagiatan organisasi turta usahana luyu jeung rencana kerja utamana dina ngalayanan sajumlah 206 anggota nyaeta simpan pinjam jeung usaha sejenna.
Kamajuan usahana cukup signifikan,kulantaran usaha dijalankeun aya dina posisi nguntungkeun hal ieu katangen tina Sisa Hasil Usaha (SHU) na di taun 2014 ngan Rp.191.820.900,- ari di taun 2015 ngaronjat Rp.294.914.147,-. Ngaronjatna usahana ieu lian ti ku ayana gawe rancagena pengurus oge rojongan ti pembina sarta anggota Koperasi Abdi Karya Bahari nu ngarupakeun pemilik dana jeung pengguna jasa geus partisipasi aktif dina nedunan kawajibanna saperti simpanan jeung kawajiban sejenna. Nyigeung rencana kerja taun 2016 Dede Suhendar netelakeun lian ti rek ngaronjatkeun peranan seksi usaha,ngaoptimalkeun kinerja pengurus sarta ngaronjatkeun SDM pengurus,pengawas dina ngokolakeun koperasi ,ngaronjatkeun gawe bareng jeung pihak sejen nu saling nguntungkeun jeung ngaronjatkeun pelayanan ka anggota luyu jeung peraturan nu lumaku sarta kasapukan anggota oge nargetkeun usaha kudu meunang Rp.324.400.000,- ,mudah-mudahan tinekanan.(Suherman.S).-