Ceuk Sekda Jabar Dr.H. Iwa Karniwa : Uninus Sangkan Balik Deui Ka Marwah Kajayaanna

Sekretaris Daerah Provinsi Jawa Barat Dr.H.Iwa Karniwa mere apresiasi ka rengremga Universitas Islam Nusantara (Uninus) kulantaran geus mere  kontribusi  kana  Indek Pembangunan Manusi (IPM) Jabar khususna pendidikan di  posisi ka 19.” Kukituna simkuring datang  langsung pikeun mere rojongan, sumanget sangkan ka hareupna  Uninus bisa balik deui  ka na marwah kajayaanna  saperti baheula  geus nepi ka  kurang leuwih   ngabogaan 22.000 mahasiswana,  Tapi  ku nolih kaayaan  situasi  akademikna  ayeuna oge  simkuring masih  tetep  optimis sarta  yakin Uninus  bakal aya dina kamajuan  .”.ceuk Iwa  Karniwa netelakeun ka wartawan  sarengsena ngadugikeun orasi ilmiah  di Gedong Bandung Convention Center (BCC)  Jl.Soekarno-Hatta No.354 Bandung tempat lumangsungna  Sidang Terbuka Senat Universitas Islam Nusantara (Uninus) WisudaSarjana ka 59,Magister ka 19 jeung  Doktor ka 9 Uninus  Taun Akademik 2015-2016  poe Rebo 18 Mei 2016.Numutkeun  Iwa saperti diberitakeun Koran Giwangkara aya sababaraha poin  tadi geus ditepikeun  orasi ilmiah intina yen ngarahkeun pangwangunan manusia lain ka arah berbasis alam,tapi ngawangunna   kudu dumasar berbasis sumber daya manusia.Hal paling penting Sumber Daya Manusia ieu teh ayana  di Perguruan Tinggi.  Diharepkeun Uninus engke  lain ngan  mibanda kaahlianna wungkul tapi kudu bisa ngamekarkeun wirausaha kamandirian. Memang wirausaha kemandirian ieu teh kacida pelik jeung  sulit,kulantaran  ditungtut  manusana  lian ti perlu ngraronjatkeun pengetahuan sacara tuluy-tuluyan oge perlu ngawangun  network ,jadi sok sanajan pinter pengetahuan loba tapi networkna kurang  atawa  dina bahasa agama silaturahimna kurang,, kulantaran di internna  aya konflik  tong diharep bisa maju.Kukituna ka hareup di zaman nata  saingan beuki beurat  di dunya ieu  henteu aya jalan lain, hayu urang  babarengan gawe bareng , sauyunan heula  ,saenggeusna mampuh   jeung  daek  gawe bareng,  lengkah satuluyna nyaeta babarrengan digawe  ngamajukeun Uninus jeung ngamajukeun bangsa kaasup JawaBarat. “ Insya Allah ninggali aura suasana simkuring reueeus, hayu urang babarengan digawe    ngagedekeun Uninus sangkan mibanda mangfaat pikeun masarakat balarea  khususna Jawa Barat”.pokna.

Dina kesempetan sidang  terbuka wisuda dipingpin Rektor Uninus Dr.H.Suhendra Yusuf,M.A lian ti diluuhan Sekda  oge Kepala Dinas Pendidikan Jawa Barat Dr.H.Asep Hilman,M.Pd macakeun sambutan Gubernu Jabar,Ketua Yayasan Islam Nusantara Letjen (Purn) H.Achmad Roestandi,SH,Ketua Ikatan Keluarga Alumni (IKA) Uninus Dr.H.Danny H.Kusumapraja ,SH,M.Hum sarta KetuaPanitia Wisuda Dr.H.Husen Saeful Insan,M.M.Pd  nu oge salaku Wakil Rektor I Uninus  sarta Kepala Biro Humas Uninus Drs.Maman Nurzaman.

Suhendra Yusuf netelakeun kiwari Uninus terus ngabebenah diri ngaronjatkeun mutu dina sagala rupa aspek penyelegaraan pendidikan tinggi. Pikeun Uninus kudu ngadugikeun rasa sukur kulantaran hasil konteplasi jeung pemikiran ti sivitas akademika Uninus geus ngukuhkeun  sistem nilai jeung jatidiri dianut ku  civitas akademika Uninus. Luyu jeung visi pikeun jadi perguruan tinggi islam unggul jeung mandiri. Civitas akademika Uninus  salawasana kudu inget  kana 3 misi  poko kulawarga besar Uninus,luyu jeung ngaran Universitasnanyaeta misi kailmuan (Universita).Kaislaman (Islam) jeung Kabangsaan (Nusantara) diharepkeun ngahasilkeun alumni ahli di widangna,dibarengan akhlak mulia jeung micinta lemah  caina nu  nyoko kana 6 sistem nilai anutan ngawengku nilai teologis,fisik,fsiologis,logis-rasional,etis,estetis jeung nilai teleologis.

Pikeun manajemen anyar ayeuna  dilakukeun  Uninus ,visi,misi jeung sistem nilai eta  dilaksanakeun ku merhatikeun lengkah-lengkah strategic dina ngokolakeun Perguruan Tinggi nu Hade atawa Goo University Governance nyaeta ngagerakkeun partisipasi (Participationi),,taat azas (Rule oflow),,ngaronjatkeun akutabilitas (Accountability),,mibanda komitmen kanamutu (Commitment),ngaronjatkeun transparasi (Transparancy), ngamekarkeun inklusivitas(inclusiveness),,ngaronjatkeun komunikasi (Communication) sarta efektif  jeung efesien (effectivity and efficiency) disingket PRACTICE. NYakitu deui luyu jeung motto  Uninus “al muhaafadhatu ala al qodiimi al shalih wa al akhdzu bil jaiidi al ashlah “ hartinangabina nilai hebeul nu hade sarta ngagali nilai baru nu leuwih hade .pihakna terus  ngamekarkeun nilai-nilai anyar. Husen Saeful Insan netelakeun jumlah wisudawan,wisudawati kabehna aya 1.344 miluan wisuda ngawengku  ti 79 Doktor (S3),136 Pendidikan (S2),  32 Pasca Hukum (S2), 110 Magister PAI (S2), 33 Fakultas Ekonomi,86 Fakultas Hukum,758 Fakulutas Keguruan Ilmu Pendidikan,23 Fakultas Teknik,12 Fakultas Pertanian,44 Fakultas Ilmu Komunikasi jeung 31 Fakultas Agama Islam.(Suherman.S).-

Warta sejenna...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *