HIMADTIKA FKIP Uninus Ngayakeun NMC IV sa Jawa Barat & Banten
Himpunan Pendidikan Matematika (HIMADTIKA) Fakultas Keguruan Ilmu Pendidikan (FKIP) Universitas Islam Nusantara (Uninus) Senen 10 Februari 2014 lumangsung di kampus Jl.Soekarno-Hatta No.530 Bandung ngayakeun kagiatan acara NMC IV (Nusantara Mathematics Competition)sa Jabar-Banten nyokot tema “ Be Smart Be Original”.Acara diluuhan rektor Uninus Dr.H.Didin Wahidin M.Pd ngaresmikeun ieu kagiatan sarta diluuhan Dekan FKIP Uninus Dr.H.Hendi S .Muchtar,M.M.Pd jeung Pembantu Dekan III Widang Kemahasiswaan FKIP Uninus Drs.H.Agus Mulyanto,M.Pd,Sekretaris Jurusan Program Studi Matematika FKIP Uninus Dr.Achmad Mudrikah,M.Pd. Numutkeun Muhamad Ubaydilah salaku panitiana saperti diberitakeun Koran Giwangkara netelakeun kagiatan NMC nyaeta salah sahiji program HIMADTIKA FKIP Uninus dieusi saniskara runtuyan acara lian ti aya kagiatan Call For Paper sarta Math Fair ngwengku bazar buku,pameran media pembelajaran matematika,pameran math app,math games,math coustic,math art jenug lomba kompetisi matematika, pesertana siswa SMA /sedarajat tujuannanna dina raraga ngaronjatkeun standar siswa dina nalar paham kana matematika. Ngabudayakeun pola pikir matematis dina ngarengsekeun masalah. Ngamekarkeun karakter bangsa Indonesia.Nerapkeun konsep matematika dina kahirupan sapopoe.
Nyakitu deui diayakeun seminar nasional pendidikan matematika temana “ Implementasi Kurikulum 2013 Dalam Pembelajaran Matematika”. Salaku Keynote Speaker Dr.Hermana Soemantri,MA sarta materi didugikeun Dr.Achmad Mudrikah M.Pd jeung Drs.R.Eryanto,M.Pd diiluan guru,dosen matematika jeung mahasiswa ti program studi jurusan matematika,tujujuanna nelaah kurikulum 2013 sacara kritis,Ngamotivasi guru ,tenaga kependidikan sangkan siap ngaimpleasikeun kurikulum 2013,nyiapkeun bahan ajar nu luyu jeung kurikulum 2013. “ Perlu pisan ngagali ajen inajen nu aya dina kurikulum 2013 sangkan bisa diiplentasikeun kana pembelajaran ,khusuna pembelajaran matematika. Kulantaran matematika ngarupakeun mata pelajaran nu bisa mere kontribusi gede pisan dina kahirupan. Parobahan kurikulum KTSP (Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan) jadi kurikulum 2013 diharepkeun mampuh nyiptakeun pembelajaran matematika bisa mawa para peserta didik leuwih paham sarta ngaimplematasikeun dina kahirupan nyata “.ceuk Muhamad Ubaydilah.(Suherman.S).-

