UPBJJ – Universitas Terbuka Bandung Ngalaksanakeun Upacara Penyerahan Ijazah Tahun 2014.1
Unit Program Belajar Jarak Jauh (UPBJJ) Universitas Terbuka (UT) Bandung Rebo 19 jeung Kemis 20 Februari 2014 ngalaksanakeun kagiatan Upacara Penyerahan Ijazah (UPI) Periode 2014.1 masrahkeun ijazah ka 2.453 lulusan lumangsung di Gedong Balai Sartika Jl.Suryalaya Indah 1-3 Buah Batu Bandung disaksian Pembantu Rektor IV UT Dr.Mohamad Yunus,MA ,Kepala UPBJJ-UT Bandung Dra.Hj. Dina Thaib M.Ed,Kepala Dinas Pendidikan & Kebudayaan Provinsi Jawa Barat Prof.Dr. H.Moh.Wahyudin Zarkasyi,CPA,KepalaDinas Pendidikan kab/kota di wilayah kerja UPBJJ-UT Bandung,para pengurus kelompok belajar.Kagiatan ieu dilaksanakeun dina raraga ngafasilitasi lulusan nu henteu bisa miluan acara di UT Pusat. Samemeh ngalaksanakeun UPI,poe kamarina Salasa 18 Februari 2014 lumangsung di ieu tempat ngalaksanakeun heula Seminar UPI temana “ Peran Guru Dalam Mempersiapkan Generasi Emas Indonesia”.didugikeun Pembantu Rektor IV UT Dr.Mohamad Yunus MA.
Sajumlah lulusan nu narima ijazah saperti diberitakeun Koran Giwangkara ngawengku ti ProgramS1 PGSD 1.639 lulusan,S1 PGPAUD 211 lulusan jeung Program D-2 Perpustakaan 603 lulusan. Para lulusan ieu asalna ti kab.Ciamis,Cirebon,Indramayu,Kuningan,,Subang,kota Bandung jeung kota Tasikmalaya dilaksanakeun 19 Februari 2014.Sedengkeun nu asalna ti kota Cirebon,kota Banjar,,kab Bandung,Garut,Tasikmalaya,Purwakarta jeung Sumedang dilaksanakeun 20 Februari 2014.Tina sajumlah lulusan kacatet aya lulusan nu meunang Indeks Prestasi Kumulatif (IPK) pangpunjulna dina upacara 19 Februari nyaeta Vinsensius Yana Kuryana (S1) PGSD ti kab.Kuningan IPK)3,68 jeung Rika Nurlia (S1 PGPAUD) oge ti kab.Kuningan IPK 3,59. Sedengkeun IPK pangpunjulna dina upacara 20 Februari 2014 Imas Heryani (S1 PGPAUD) ti kota Banjar IPK 3,60, Wildan Setiawan (D-2 Ilmu Perpustakaan) ti kab.Purwakarta IPK 3,56 jeung Gina Amalia (S1 PGSD ) ti kota Banjar IPK 3,51.
Acara Upaca Penyerahan Ijazah dimimitian pembukaan ku Kepala UPBJJ UT Bandung Dra.Hj.Dina Thaib,M.Ed,maca Surat Keputusan Rektor UT,sambutan Kadiskdik Provinsi Jabar, masrahkeun ijazah jeung ngawilulujengkeun ka lulusan,janji lulusan,doa, dipungkas lagu Gaudaemus Igitur..Dina biantarana Rektor UT Prof.Ir.Tian Belawati,M.Ed,Ph.D dibacakeun ku Pembantu Rektor IV UT Dr.Mohamad Yunus,MA miharep sangkan para lulusan UT kudu bisa ngajaga kahormatan,kamuliaaan diri sarta gelar nu dipibanda. “ Tangtuna gelar nu geus dipibanda bakal mere niley tambah jeung kapercayaan diri leuwih hade . Ngan kawibabawaan jeung kamuliaan gelar nu dipibanda perlu dibuktikeun ku ucapan,tingkah paripolah jeung gawe nyata dina kamapuan ngalaksanakeun tugas sacara professional jeung mibanda kualitas.
Satuluyna rektor ngajelaskeun yen UT terus ngamekarkeun ambahannana dibarengan ajen (mutu) layanan sangkan loba masarakat Indonesia bisa ngakses pendidikan tinggi mibanda kualitas bari jeung henteu kawatesan rohangan jeung waktu. Ku ayana UT henteu aya deui alesan masarakatna henteu bisa kuliah. Kiwari UT ngalayani kurang leuwih 579.261 mahasiswa aktif sumebar di lemah cai jeung mancanagara. Di sagigireun di 16 nagara gawe bareng jeung Kementerian Luar Negeri, taun 2014 ayeuna bakal muka deui outlet layanan UT di Doha(Qatar),Dubai jeung Timur Leste sarta di lemah cai oge muka 2 UPBJJ nyaeta UPBJJ-UT Sorong (Papua Barat) jeung UPBJJ-UT Layanan manca nagara. Nyakitu deui UT ngalaksanakeun gawe bareng jeung salah sahiji pausahaan Telkom pikeun muka Sentra Layanan Mahasiswa UT (SALUT) di luar kota UPBJJ.Sedengkeun pikeun ngagampangkeun akses informasi ngeunaaan UT bakal ngadegkeun Contact Center. “ Anapon dina ngamekarkeun program anyar ayeuna keur nyiapkeun program S1 Ekonomi Islam,S1 Perbankan Syariah, Widang Broadcating S1 Komunikasi,Manajemen Transportasi Udara gawe bareng jeung maskapai penerbangan sarta S1 PGSD non guru kelas, program Magister S2 Pendas , jeung program S3 keur dipersiapkeun. “tandes Tian Belawati (Suherman.S).-