Henteu Ngajadikeun Siswa Kreatif, Proses Pendidikan Agama Islam Masih Pasif Sarta Kajebak Dina Ranah Dogmatis

Proses pendidikan Agama Islam (PAI) kiwari kaayaannana masih kajebak dina ranah kognitif  dogmatis sarta orientasina ngan kana ilmu fikih  ( fikih oriented) wungkul  nyaeta sering  fikih dianggap salaku agama.Kukituna  proses pendidikan agama islam lumangsung masih pasif,siswa jeung siswina ngan saukur ngadengekeun jeung narima  ti guru bari jeung henteu meunang lolongkrang kreatifitas..“ Hal ieu   ngarupakeun tantangan dina ngalaksanakeun  kurikulum 2013 nu museur kana dimensi pedagogic  modern dina pembelajaran nyaeta ngagunakeun pendekatan ilmiah  (scientific approach) dina pembelajaran ngawengku mengamati,menanya,menalar,mencoba ,ngabentuk jejaring pikeun sakabeh mata pelajaram”.  ceuk Guru Besar Universitas Islam Negeri (UIN) Sunan Gunung Djati (SGD) Bandung Prof.Dr.H.Mahmud M.Si nu oge salaku Dekan Fakultas Tarbiyah & Keguruan UIN SGD Bandung waktu nepikeun makalahna “ Implementasi Pendekatan Scientific Kurikulum 2013 Dalam Pembelajaran PAI “ dina acara seminar internasional pendidikan diayakeun Pasca Sarjana S2  PAI Universitas Islam Nusantara (Uninus) nu dina ieu kasempetan dijejeran pembicara sejenna nyaeta Dr.Ali Unsal salaku Direktur Fethullah Gullen Chair UIN  Syarif Hidayatullah Jakarta ngadugikeun makalah “ The “ Hizmet “ Model Of Education sarta rektor Uninus Dr.H.Didin Wahidin M.Pd muka sacara  resmi kagiatan seminar lumangsung poe Saptu 11 Januari 2014 di kampus Jl.Soekarno-Hatta No.530 Bandung.

Numutkeun Mahmud saperti diberitakeun Koran Giwangkara  akibat kanyataan  tina pendidikan agama islam masih pasif orientasina  lian tina segi materina  kana atikan  ngeunaan agama , ayeuna sering pisan kajadian loba pisan  jalma nu ngarti kana  agama,  tapi tingkah laku paripolahna henteu relevan jeung  ajen inajen agama nu diagemna.Lian ti kitu  ceuk Mahmud  tina aspek metodologi henteu tertibna  nyusun jeung milihan materi-materi  Pendidikan      Agama Islam  salah nempatkeunnana,nu paling kaciri fikih nu jadi ukuran  keberagamaan   jeung proses  Pendidikan Agama Islam  masih ngagunakeun pendekatan deduktif . “ Sarta tina aspek pendidik   guru agama masih kurang kompeten dina widangna turta  kurang persiapan,kreatifitas ngamekarkeun proses pembelajaran sarta loba nu jadi  guru agama lain panggilan nurani tapi akibat  panggilan kabutuhan.”.pokna..Kukituna pikeun ngungkulan  eta kanyataan  perlu aya pendekatan scientific (pendekatan ilmiah) solusi keur Pendidikan Agama Islam sangkan luyu jeung Kurikulum 2013  nyaeta  logis bisa ditarima sacara akal sehat jeung empiris  bisa  dibuktikan.. “ Dina pembelajaran PAI aya bagian-bagian nu bisa dijelaskeun sacara scientific sangkan peserta didik paham leuwih jelas,tapi aya oge bagian nu henteu gampang dijelaskeun ku pendekatan ieu.”.tandes Mahmud.

Mahmud ngebrehkeun kriteria nu bisa dilaksanakeun pendekatan scientific lian ti materi pembelajaran mibanda basis kana fakta penalaran lain sawates kira kira,khayalan atawa  dongeng wungkul. Nyakitu deui penjelasan guru,respon siswa jeung interaksi,edukatif guru siswa bebas tina prasangka pemikiran subyektif atawa penalaran nu  mengpar  tina alur berpikir logis.Nyakitu deui  hal sejenna nu kudu dilaksanakeun perlu ngarojong jeung ngainspirasi siswa berpikir  sacara kritis,analitis jeung tepat dina ngaindentifikasi paham ngungkulan  masalah turta ngaaplikasikeun materi pembelajaran.Pon kitu deui mibanda kana konsep teori,fakta empiris bisa dipertanggungjawabkeun jeung tujuan pembelajaran dirumuskeun sacara basajan tur jentre  tapi mibanda pikaresepeun sistem nyajikeunnana. Sedengkeun sababaraha lengkah proses pembelajaranna ngawengku tilu ranah nyaeta sikap,pengetahuan jeung ketarampilan ngalahirkeun hasil belajar peserta didikna produktif,kreatif.inovatif.afektif ku ngaliwatan penguatan sikap katerampilan jeung pengetahuan nu terintegrasi.Ranah sikap menngamit transformasi subtansi atawa materi ajar sangkan peserta didik “tahu mengapa”,ranah katerampilan  menggamit transformasi subtansi atawa materi sangkan peserta didik  ‘ tahu bagaimana”,ranah  pengetahuan menggamit transformasi subtansi atawa materi ajar sangkan pendidik “tahu apa “. Hasil ahirna nyaeta ngaronjatna bari jeung saimbang antara kamampuan pikeun jadi  jelema nu hade  (Soft skills) jeung jelema nu mibanda kapinteran pengetahuan pikeun hirup sacara layak (hard skills) ti peserta didik ngawengku  aspek kompetensi,sikap,pengetahuan jeung katerampilan “.ceuk Mahmud.

Jeroning kitu  Dr.Ali Unsal lian ti ngaguar ngeunaan tokoh karismatik  Turki  samalah  kawentar ka sakuliah dunya  nyaeta   Fethullah Gulen salaku tokoh  Islam Turki , penyair , aktivis , pendeta , pendidik pemikir jeung  penulis . Oge  nembrakeun  pendidikan jeung pembelajaran ngarupakeun aspek paling penting dina kahirupan manusa,tujuan pembelajaran  nyaeta pikeun pengetahuan papagon   dina kahirupan  sarta keur nyaangan jalan nuju kasampurnaan  manusa.Pendidikan beda pisan jeung pengajaran, loba jalma barisa jadi pengajar  tapi nu bisa ngadidik mah  jumlahna ngan saeutik, dintara kaduana   boh  guru jeung  pendidik mere  informasi  jeung ngajarkeun  skills,  pendidikan nyaeta  salah sahiji   ngabantu pikeun  mantuan  kepribadian siswa  turta ngarojong  pemikiran  jeung   ngawangun karakter  sarta  ngalahirkeun  jalmana mibanda  kualitas  disiplin. “Tapi saupama ngan  ngajarkeun sangkan meunang  gaji atawa duit  wungkul,henteu kataji pikeun  ngebentuk  karakter siswa ibaratna  jelema lolong    nungtun  jelema nu lolong “.ceuk Ali Unsal  kalahiran Ankara Turki alumni P.h.D   ti Selcuk  University Konya Turki sarta  Istambul University Turki,MA ti Marmara University,Istambul Turkey jeung Bachelor Of Divininity  ti Ankara University Turki.(Suherman.S).-

You may also like...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *