Dr.H.Bambang Hermanto,Drs,M.Si Ketua Stiepar Periode 2016- 2020

Ketua Yapari-Aktripa Drs.Toto Suryana AF,M.Pd  poe Rebo 3 Februari 2016 ngistrenan Dr.H.Bambang Hermanto,Drs,M.Si salaku Ketua Sekolah Tinggi Ilmu Ekonomi Pariwisata (Stiepar) Yapari Aktripa Bandung periode 2016-2020 ngaganti Ketua heubeul Dr.Encep Syarief Nurdin,Drs,M.Pd,M.Si nu geus rengse mangsa jabatanna..Kagiatan istrenan lumangsung di lantey 3 aula Stiepar Jl.Prof.Dr.Ir.Sutami No.81-83 Bandung diluuhan turta  disaksian  rengrengan senat sivitas akademika Stiepar Yapari-Aktripa.sarta para ondangan. Kapamingpinan Bambang salaku Ketua ti saprak ngadegna Stiepar Yapari-Aktripa taun 1962 ngarupakeun Ketua Stiepar nu ka 12. Pikeun sivitas akademika Stiepar tangtuna pada mikawanoh ka Ketua Stiepar anyar ieu kulantaran geus puluhan taun icikibung di kampus Stiepar.Bambang pituin kalahiran Bandung  4 Juli 1961  alumni Universitas Padjadjaran( Unpad) sarta pituin sadidinten na   ngadosenan di Program Studi  Ilmu Administrasi Bisnis Fakultas Ilmu Sosial Ilmu Politik (FISIP) Unpad  mung ti  kawit  taun 1989 kenging tugas  di Stiepar Yapari –Aktripa Bandung  salaku dosen luar biasa.

Numutkeun Bambang  ditinggali  kasang tukangna ilmu dipibandana  sareng  widang pariwisata katinggalna tebih pisan,tapi saupami dicaketkeun tiasa caket oge,margi saleresna na mah saperti di Program Administrasi Bisnis  Fisip  salah sawios peminatan na  kajian utamana teh ngeunaan pariwisata.Jadi  janten dosen luar biasa di Stiepar upami dietang tos  26 taun ngawulang dasar-dasar manajemen.,namung salami opat taun ahir nalika   kapamimingpinan pa Encep Syarif Nurdin   diangkat jadi  pejabat Stiepar Yapari Aktripa salaku Kepala Bidang Penjaminan Mutu sarta di bulan Januari diayakeun proses  pemilihan Ketua Stiepar hasilna  meunang rojongan ti senat Akademik Stiepar nepi ka resmi diistrenan jadi Ketua Stiepar Yapari Aktripa Bandung neraskeun hancana  pa Encep.“ Waktos diistrenan rada ngadaregdeg oge  rumaos widang pariwisata sanes widang  kaahlian  utama,,tapi dina ngajalankeun amanah ieu tangtosna kedah leuwih soson-soson diajar  ka rekan rekan sejawat tos lami  dina urusan pariwisata.

Salaku lengkah awal kiwari keur konsentrasi kana statuta ,margi statuta mangrupi Anggaran Dasar,naon wae nu teu  tiaasa diaksanakeun sarta nu tiasa dilaksanakeun”.pokna saperti diberitakeun Koran Giwangkara. Ngomentaran ngeunaan kaayaan Stiepar  ayeuna jeung ka hareup   Bambang mibanda pamadegan optimis  upami ninggali kana situasi nasional kangge widang pendidikan katinggalina kaayaanna langkung  kondusif dina harti situasi  keamanan,politik jeung ekonomi insya Allah majeng ka sae. Mudah-mudahan kukituna seueur kulawarga-kulawarga nu hoyong nyakolakeun di widang pariwisata,utamina mah di era Masarakat Ekonomi Asean (MEA) kagiatan pariwisata kaasup  ngarupakeun kagiatan unggulan. Program-program pemerintah unggulan pariwisata  ieu  tangtosna meryogikeun sumber daya pariwisata nu langkung seueur tur  sae,supados  urang teu janten tamu di bumi nyalira.

“ Kukituna  mudah-mudahan ku ayana rojongan ti sadaya  pihak boh ti Kopertis,pemerintah  nyakitu deui ti dinas-dinas.Simkuring  malihan tos nepangan Kepala Dinas Kebudayaan Pariwisata Jawa Barat  pa Nunung  nyaeta waktos hadir di Badan Promosi Jawa Barat mudah-mudahan  ku paheuyeuk-heuyek leungeun rempug jukung sauyunan  ngaronjatkeun widang pangwangunan pariwisata.Sedenngkeun  nu perlu dironjatkeun di Stiepar numutkeun Bambang nyaeta solidaritas,kakompakan diantara pimpinan,dosen,karyawan oge mahasiswa sarta pengurus lembaga kemahasiswaan, pikeun  ngaroris  atanapi nolih masalah,naon kinten-kinten nu kedah  diperhatoskeun,direngsekeun . Nyakitu deui  tingkatkeun  harmoni kesetiakawanan sarta taat  kana hukum, aturan . “ Salajengna soal prioritas nyaeta Stiepar gaduh katerbatasan,tapi kahoyong na seueur,kumargi kitu kedah tiasa nyusun skala prioritas,naon wae nu kedah dipayunkeun sarta nu kedah ditunda heula.” Ceuk Bambang Hermanto (Suherman.S).-

You may also like...

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *