Dina Acara RAT Taun Buku 2013 Pengurus Koperasi Mimitran Periode 2014-2016 Diistrenan
Koperasi Pegawai Republik Indonesia (KPRI) Guru & Karyawan “ Mimitran “ kecamatan Sukasari kota Bandung Ngalaksanakeun kagiatan Rapat Anggota Taunan (RAT) taun buku 2013 lumangsung di SD Negeri Isola 1-2 ,Jl.Gegerkalong Girang No.12 Bandung,Kemis 2 Januari 2014. Kagiatan diluuhan 263 undangan anggota tina sajumlah 304 anggota dipibanda ngawengku 90 lalaki, 214 awewe sarta nu mutasi 5 anggota dipingpin Ketua Periode 2011-2013 Nanan Warya katut rengrengan turta pengawas sarta diluuhan Kepala Balatkop UKM Perindag kota Bandung Drs.Herna Herdiana MM nyuluran Kepala UKM Perindag kota Bandung Drs.Ema Sumarna M.Si,Pengurus Dekopinda kota Bandung Drs.Asep Supriatna sarta pengurus PKPRI kota Bandung Drs.Kustiwa Benoputra M.Pd. Aya sababaraha hasil penting tina rapat nu kaitung lancar dimitian ti jam 8 isuk-isuk nepi ka rengse bada lohor nyaeta lian ti undangan anggota kabeh nyaluyuan turta narima sacara syah laporan pertanggungjawaban pengurus /pengawas keuangan taun buku 2013 sarta Rencana Kerja &RAPBK taun buku 2014 ART Koperasi Mimitran. Kulantaran pengurus geus rengse mancen tugasna dilaksanakeun pemilihan pengurus Koperasi Mimitran pikeun periode 2014-2016 nu hasilna ngawengku Ketua : Nanan Warya ,Wakil Ketua : Wasis Aji Budhi,S.Pd, Sekretaris I : Drs.Dodi Gondowarsito,Sekretaris II : Drs.Wawan Herdiawan,Bendahara: Hj.Cucu Solihat . Sedengkeun rengrengan Pengawasna nyaeta salaku Ketua Pengawas : Drs.Kamil,Sekretaris Pengawas : Suhermat Wisastra,Anggota Pengawas : Ahmad Zakaria ,S.Pd.Pengurus anyar ieu teh harita keneh langsung diistrenan ku Herna disaksian Asep jeung Kustiwa katut para anggota.
Sarengsena ngistrenan Herna netelakeun yen Koperasi mimitran kaasup koperasi sehat , dina taun 2014 di kota Bandung nu kahiji ngalaksanakeun RAT tina sajumlah 2.536 koperasi nu aya di kota Bandung diantarana nu sehatna mah ngan 446 koperasi kaasup Mimitran. Jeroning kitu sarengsena diistrenan Nanan waktu ditanya Koran Giwangkara ngeunaan kesanna dumeh kapilih deui . Nanan nembrakkeun yen pancen atawa tugas nu dicangking ieu nyaeta amanah nu mulya perlu pisan dijungjung luhur pisan turta dipertanggungjawabkeun ka anggota.leuwih legana deui ka Illahi Robi.
Anapon ngeunaan kaayaan koperasina numutkeun Nanan salila taun buku 2013,Alhamdullilah nu diharepkeun bisa ngawujud katangen tina aya leuwihna tina rencana hasil usaha jeung Sisa Hasil Usaha (SHU) na .“ Simkuring sadar yen dina ngawujudkeun koperasi nu bisa nedunan kabutuhan jeung karaharjaan anggota henteu sagampang malikeun dampal leungeun jadi perlu aya gawe bareng jeung kasadaran ti sababaraha pihak boh ti pengurus salaku nu nyekel amanah ti anggota,pengawas salaku kepanjangtanganan anggota dina pengawasan jeung pengontrolan pengelolaan koperasi,anggota salaku pemilik koperasi kudu ngarasakeun yen koperasi teh bener-bener salaku nu bogana,ku ngarasa mibanda ieu teh ngajadikeun boga tanggung jawab ngajaga,ngariksa miara koperasi. Nyakitu deui ti para pembina instansi nu aya pakuat pakaitna jeung koperasi gede pisan peranna dina numuwuhmekarkeun koperasi “. tandes Nanan.(Suherman.S).-

