Peran Kopertais Dina Kawijakan Wasdalbin Ka PTAIS Can Optimal
Kepala Bagian Tata Usaha Fakultas Sains & Teknologi Universitas Islam Negeri (UIN) Sunan Gunung Djati ( SGD) Bandung Dr.H.A.Rusdiana MM netelakeun Kopertais (Koordinator Perguruan Tinggi Agama Islam Swasta) salah sahiji unsur penting nu ngaimplementasikeun kawijakan Wasdalbin (Pengawasan & pembinaan) ka PTAIS (Perguruan Tinggi Agama Islam Swasta) can optimal. “Ku can optimalna ngabalukarkeun sabagian gede PTAIS nu kiwari jumlahna sumebar di Indonnesia aya 461 PTAIS masih can akuntabel .Hal ieu diindikasikeun ku nilai akreditasi di satiap PTAIS.Kanyataan ieu ngabuktikeun yen masih lemahna implementasi kawijaksanaan Wasdalbin nu dilakukeun ku Kopertais “ ceuk Rusdiana netelakeun dumasar hasil panalungtikanna dilakukeun di tilu Kopertais nyaeta Kopertais Wilayah I DKI Jakarta,Kopertis Wilayah II Jawa Barat Banten jeung Kopertis Wilayah IV Surabaya waktu mertahan disertasina “ Implementasi Kebijakan Pengawasan Pengendalian Dan Pembinaan Dalam Mewujudkan Akuntabilitas Perguruan Tinggi” pikeun meunang gelar Doktor widang manajemen pendidikan program studi manajemen pendidikan di Program Pasca Sarjana Uninus di kampus Jl.Soekarno-Hatta No.530 Bandung sawatara nu anyar kaliwat diberitakeun Koran Giwangkara hasilna dinyatakeun lulus.
Numutkeun Rusdiana nu ngajadikeun hal eta akibat henteu ayana kasepahaman kana eusi kawijakan Wasdalbin KMA 156/2004 nu dijabarkeun luyu jeung Keputusan Dirjen Pendidikan Islam Nomor DII/497/2007 ngeunaan tugas,fungsi jeung mekanisme kerja Kopertais. Henteu ayana kasepahaman ieu disababkeun ku lemahna aspek komunikasi kawijakan tina nu nyieun kawijakan (Menteri Agama RI) ka pelaksana kawijakan khususna Kopertais. Masing-masing Kopertais jumlahna aya 13 Kopertis mibanda pemahaman nu bareda jeung isi kawijakan . Tina akibat henteu seragamna pemahaman mangaruhan kana mekanisme,pengawasan jeung pengendalian, pembinaan PTAIS di wilayah masing-masing Kopertis.“ Kakurang optimalan pelaksanaan Wasdalbin nu dilakukeun ku Kopertais nu leuwih parah deui mah oge akibat tina kasalahpahaman ngeunaan isu otonomi pendidikan nu mere kesan yen Kopertais henteu meunang ngalakukeun intervensi ka PTAIS kaasup dina hal Wasdalbin.
Dina ieu kasempetan Rusdiana ngebrehkeun hasil panalutingkanna ngeunaan dampak implementasi kawijakan Wasdalbin di Kopertais Wilayah II Jabar & Banten nu kiwari ngabina 94 PTAIS,141 jurusan program studi nu jumlah mahasiswana kurang leuwih 22 ribu mahasiswa nu sumebar di dua propinsi Jabar jeung Banten.Hasilna nunjukeun fakta yen tina 94 PTAIS sarta 141 program studi di Kopertais Wilayah II Jabar& Banten aya 52 atawa 36,87 % nu kategori 2 prodi meunang peringkat akreditasi A,30 terakreditasi B jeung 20 jurusan program studi meunang predikat akreditasi C.Sedengkeun sesana nu 89 atawa 60,13 % tina jumlah program studi can kaakreditasi.“ Hal ieu nunjukeun masih handapna mutu PTAIS di Kopertais Wilayah II Jabar & Banten dina ngabantu jeung ngabina sangkan sakabeh PTAIS di wilayahna bisa kaakreditasi jeung ngaronjatkeun peringkat nilai akreditasi ti satiap PTAIS nu geus kaakreditasi ku ngaliwatan pengawasan,pembinaan,pengendalian jeung pemberdayaan”.ceuk Rusdiana kalahiran Dusun Puhun desa Cinyasag,kec.Panawangan.kab Ciamis 21 April 1961anak kahiji ti tujuh saudara pasangan bapa Sukarta (Alm) jeung ibu junirah nu oge kiwari salaku dosen manajemen di Fakultas Sains & Teknologi UIN SGD Bandung sarta dosen di sababaraha PTAIS Kopertis Wilayah II Jabar & Banten sarta salaku konsultan PTAIS.
Kukituna pikeun ngungkulan ngeunaan can optimalna pelaksanaan kawijaksanaan Kopertais promovendus lian ti peupejeuh ka pemerintah nyaeta Kementrian Agama sangkan dina netepkeun tujuan jeung program kawijakanna kudu luyu jeung visi,misi,tujuan sarta kondisi lingkungan Kopertais jeung PTAIS.perencanaanna ngalibetkeun unsur-unsur nu mibanda kapentingan.Nyakitu deui dina ngalaksanakeun implementasi kawijaksanaan keur ngawujudkeun akuntabilitas PTAIS sakuduna mah leuwih mentingkeun pelayanan sahade-hadena nu prinsipna melayani lain keur dilayani jeung pemberdayaan nu dimekarkeun ngaliwatan strategi ku cara ngaronjatkeun pelayanan nu mibada mutu ,penegakan hukum,ningkatkeun kecakapan-kecakapan atawa prestasi pikeun pengelola,utamana kecakapan nu anyar luyu jeung kabutuhan,ngamekarkeun organisasi ka arah dinamis,kreatif,fungsional jeung efektif salaku faktor perubahan jeung nyanghareupan parobahan sarta ngaronjatkeun motivasi para pengelola organisasi. Hal ieu penting ngarupakeun konsep strategis dina ngawujudkeun PTAIS nu akuntabel jeung mibanda daya saing.(Suherman.S).-