MPR RI Seminar Kebangsaan Di UIN SGD Bandung
Majelis Permusyawaratan Rakyat (MPR) RI gawe bareng Jeung Senat Mahasiswa Universitas Islam Negeri (UIN) Sunan Gunung Djati (SGD) Bandung poe Senen 09 April 2018 ngayakeun Seminar Kebangsaan nyokot tema “Mengokohkan 4 Pilar Berbangsa dan Bernegara Sebagai Komitmen Kebangsaan “ lumangsung di Gedong Anwar Musaddad Jl.A.H.Nasution No.105 kota Bandung ti mimiti jam 08.00- nepi ka rengse diluuhan Ketua Umum Senat Mahasiswa UIN SGD Bandung Acep Jamaludin sarta 500 mahasiswa ti sababaraha Fakultas UIN SGD Bandung salaku peserta seminar sarta diluluhan oge ku Dr.M.A Ali Taher,SH,M.H Anggota MPR RI ti Fraksi PAN nyuluran Ketua MPR RI Dr. (HC).H.Zulkifli Hasan,SE,MM salaku pembicara ngadugikeun materi.Numutkeun Ali Taher saperti diberitakeun Koran Giwangkara 4 pilar berbangsa jeung bernegara perlu tuluy tuluyan ditepikeun ka para nonoman atawa generasi muda kaasup pelajar. Pihakna kabeneran mibanda latar belakang aktivis pelajar,mahasiswa resimen mahasiswa ,nu dilakukan ieu nyaeta bagian tina cara ngawangun kebangsaaan urang nyaeta nasionalisme .Kiwari nasionalisme geus mimiti luntur ku aya mekarna politik,.dinamika politik,ayeuna ulah tepi ka memecah belah Negara kesatuan Republik Indonesia .Pihakna kakara balik ti Daerah, ampir satiap minggu ka daerah nyaksian yen geuningan kanyataanna kiwari percaya atawa henteu aya retak-retak kebangsaan,retak-retak ieu tangtuna empat pilar perlu didengungkeun deui. Hal ieu lain ngan sakadar program MPR tapi leuwih ti eta nyaeta mere atikan nilai-nilai kebangsaan ,kukituna pihakna ampir satiap minggu dua kali ceramah empat pilar dimana-mana nyuluran Ketua MPR sarta ti Badan Pengkajian MPR Republik Indonesia
“Muga muga UIN SGD Bandung salah sahiji kawah candradimuka pendidikan tinggi kaagamaan di Indonesia paling panghareupna leuwih paham kana nilai-nilai ideologis kebangsaan turta terus ngalakukeun kajian-kajian sarta neuleuman ngeunaan materi-materi empat pilar ieu dimekarkeun , bisa wae engke mah lain opat pilar tapi leuwih lima pilar, kukituna perlu aya masukan ti mahasiwa,dosen sarta ti para pemimpin perguruan tinggi “.ceuk Ali Taher nu oge salaku anggota DPR RI nyangking kalungguhan salaku Ketua Komisi 8 DPR RI widang keagamaan,sosial jeung bencana sarta ngabina 57 Perguruan Tinggi Agama Islam.(Suherman.S).-