Dr.YetiWidyawati,S.Pd,M.M.Pd : Pembelajaran Bahasa Inggris Ngagunakeun Edmodo Mawa Pangaruh Kana Hasil Belajar
Kamampuan peserta didik dina bahasa utamana Bahasa Inggris masih jauh tina nu diharepkeun, kata ngentina beubeunangan peunteuna para peserta didi kmasih rata-rata boh dina proses pembelajaran nyakitu deui hasil belajarna. Nilik kana kalemahan siswa dina pelajaran bahasa Inggeris kukituna guruna kudu paham kana manajemen pembelajaran bari ngupayakeun ngarangsang keaktifan siswa ku ngaberdayakeun media jeung sumber belajar ngaliwatan model pembelajaran, diantarana manajemen pembelajaran bahasa Inggris mibanda Teknologi Informasi & Komunikasi (TIK). Teknologi pikeun pembelajaran loba bisa digunakan diantarana kungaliwatan jejaring sosial nu tiap menit jeung tiap detik salawasna didareugdeug para peserta didik seperti facebook, twiter, quipper , edmodo sarta sejenna.
“Manajemen Perencanaan, pelaksanaan jeung evaluasi pembelajaran mibanda basis TIK ngagunakeun edmodo salaku penunjang pembelajaran Bahasa Inggris geuningan geus bisa ngaronjatkeun hasil pembelajaran sarta mawa pangaruh kana hasil belajarna kanyahoan tina hasil peunteun peserta didik nangaronjat“. ceukDr.Yeti WidyawatiS.Pd,M.M..Pd salaku guru mata Pelajaran Bahasa Inggris di SMP Negeri I Ciwidey kabupaten Bandung nu oge salaku Wakil Kepala Sekolah (Wakasek)Widang Sarana jeung prasarana, sarta Ketua MGMP (Musyawarah Guru Mata Pelajaran) Bahasa Inggris gugus03 kabupaten Bandung waktu mertahankeun disertasi judulna “ Manajemen Pembelajaran Bahasa Inggris Berbasis TIK Melalalui Jejaring Sosial Edmodo Bagi Peserta Didik Sekolah Menengah Kejuruan (Studi Eksperimen pada Guru dan Peserta Didik di Tiga SMK Kabupaten Bandung, SMKNegeri Katapang, SMK Marhamah Hasanah, SMK Al Wafa) dina ujian sidang pikeun ngaraih gelar Doktor (Dr) Widang Ilmu Pendidikan Program Studi Manajemen Program Pasca sarjana S-3 (Doktor) Univesitas Islam Nusantara (Uninus) sawatara waktu nu anyar kaliwat lumangsung di kampusJl. Soekarno-Hatta No.530 Bandung hasilna ditandeskeun lulus meunang peunteun Indek Prestasi Kumulatif (IPK) 3,67 Yudicium sangat memuaskan nu dina ieu kasempetan diluuhan guru guru SMP Negeri Ciwidey sarta kulawarga. Sarengsena ditegeskeun lulus ujian sidang terbuka Doktor Program S3 UninusDr.YetiWidyawatiS,Pd,M.M.Pd ,Poto Diluhur di tengah dipoto bareng jeung kulawarga.
Numutkeun Yeti saperti diberitakeun Koran Giwangkara saupamamana jemen sistem pembelajaran mibanda basis TIK kungaliwatan jejaring sosial Edmodo geus meunang rojongan ti para pemegang kebijakan, tangtuna diperlukeun ayana peningkatan kompetensi guru dina ngalakukeun kreativitas jeung inovasi dina raraga ngawujudkeun tujuan pendidikan di sakolana.“ Ku kituna dina ieu kasempetan sim kuring nepikeun rekomenadasi ka pemangku kebijakan di pemerintah kabupaten Bandung sarta Pemerintah Propinsi Jawa Barat jeung Direktorat Pembinaan SMK/SMA sangkan ngaoptimalkeun tim pengelola sumber belajar supaya pembelajaran mibanda basis TIK kungaliwatan jejaring sosisial Edmodo nu geus loba dipikaresep peserta didik kulantaran geus diparake di satiap sakola kulantaran pembelajaran na langsu ngngajarkeun opat kamampuan bahasana ngawengkung ngadengekeun (listening), Ngomong (speaking), Maca(reading) jeung Nulis (writing) “.pokna. Yeti Ngajentrekeun edmodo ngarupakeun media pembelajaran ngaliwatan internet (online) geus loba digunakeun pengajar di mancanagara nyaeta website www.edmodo.com pembelajaran gratis. Websitei eu mirip facebook tapi leuwih private sarta aman kulantaran ngan ngijinkeun guru pikeun ngatur account sarta para siswa namah ngan meunang kode group bisa ngakses tur ta bisa gabung ka grup. Sedengkeun Pembelajaran Bahasa Inggris edmodo bisa dilakukeun ku make handphone amdroid. “Pembelajaran diciptakeun ku guru asup tiheula salaku “ teacher” saterusna ngabentuk kelas virtual sarta ngondang siswa pikeun asup salaku ”student” ku mere kode kelas virtual nu ngarupa keun hiji privasi antara guru jeung siswa. Saenggeus kitu ngabentuk kelas virtual tuluy guru jeung siswa siap ngagunakeun aplikasi edmodo.Dina pelaksanaan pembelajaran para siswa tiheula asup ka kelas virtual ku“ log in”. Evaluasi di bikeunka para siswa kungaliwatan “quis””ceuk Yeti nupoeSaptu 26 Agustus 2017 distrenan rektor UninusDr.H.Suhendra Yusuf,MA dina acara Wisuda Uninuska 61 lumangsung di kampus Jl.Soekarno-HattaNo.530 Bandung.Salila ancrub di dunya pendidikan Yeti dilahirkeun di Bandung 08 Juli 1964 anak kadua ti lima saudara pasangan bapa Timin Sutarmin jeung Ibu Wari Winingsih geus ngalahirkeun prestasasi narima pangajen nyaeta salaku juara ka tilu nulis Lembar Kerja Siswa (LKS) taun 2014, juara kadua guru Berprestasi Tingkat Gugus 03 kabupaten Bandung taun 2014 jeung di taun 2015 juara kahiji guru Berprestasi Tingkat SMP kabupaten Bandung. Promovendus (Yeti) carogena Taufik L salaku pengusaha di kota Bandung sarta mibanda 4 anak nyaeta Hangga Anungratyas Pratama Sarjana Teknik digawe di perusahaan miliki keluarga, Nabila Widya Nuraningtyas bidan mibanda gelar Sarjana Science Terapan, Karina Triza Ayuningtyas masih sakola di salah sahiji perguruan tinggi jeung Rio Fikian Thanesia masih sakola di SD (Suherman.S).-