Dr.Ade Anwar ,M.M.Pd : Program Pendidikan Keunggulan Lokal Nyoko Kana Tujuan Sakola
Dosen TNI AU di Skadik 201 Lanud Sulaiman Dr.Ade.Anwar,M.M.Pd netelakeun perencanaan manajemen strategik di sekolah berbasis keunggulan lokal utamana mata pelajaran produktif nu diluyukeun jeung kaahlian atawa jurusanna masing-masing prinsipna sarua nyaeta kepala sekolah saacanna ngalaksanakeun kebijakan ngeunaan program keunggulan lokal nu dilaksanakeun di sakola masing-masing ngamimitian kagiatan sacara babarengan jeung dewan guru sarta staf nyusun program pendidikan mibanda basis keunggulan lokal nu nyoko kana visi,misi jeung tujuan sakola. Hal ieu ditetelakeun dina kesimpulan disertasina judulna “ Manajemen Strategik Pendidikan Berbasis Keunggulan Lokal “ ( Studi Deskritif Kualitatif di SMKN 6 Kota Bandung dan SMKN 1 Katapang Kab Bandung ) dina ujian sidang terbuka pikeun ngaraih gelar Doktor (S3) Widang Ilmu Pendidikan Program Studi Manajemen Pendidikan Sekolah Pasca Sarjana Universitas Islam Nusantara (Uninus) dihareupeun Ketua Sidang Prof.Dr.H.Sutaryat Trismansyah,MA nu oge salaku Direktur Sekolah Pasca Sarjana Uninus sarta Penguji Prof.Dr.H.Cece Rakhmat,Prof.Dr.H.E.Mulyasa,M.Pd,Prof.Dr.Achmad Sanusi,Dr.H.Daeng Arifin,M.Si jeung Prof.Dr.Hj.Mulyani Sumantri,M.Ed lumangsung poe Rebo 21 Maret 2018 di kampus Jl,Soekarno Hatta.No.530 Bandung hasilna ditandeskeun lulus meunang IPK (Indek Prestasi Kumulatif) 3,73 Yudicium Cum Laude.
Numutkeun Ade Anwar saperti diberitakeun Koran Giwangkara dumasar tina kasimpulan ieu kukituna perencanan manajemen strategik di sekolah berbasis keungulan lokal utamana mata pelajaran produktif diluyukeun jeung keahlian sarta jurusan dilaksanakeun kagiatana sacara babararengan lian ti mawa implikasi meunang rojongan ti sakabeh warga sekolah lingkungan sakola,rojongan ti dunia usaha turta dirojong ku sarana prasana cukup,tenaga professional mangaruhan kana implementasi pelaksananaanna lumangsung lancar.turta hade. “ Sedengkeun evaluasi manajemen strategik di sekolah berbasis keungulan lokal kepala sakola ngalakukeun evaluasi sakabeh program boh evaluasi internal ngaevaluasi progra,sarta evaluasi pelaksanaan program jeung evaluasi tenaga pendidik. .“Hal ieu dilakukeun kepala sekolah pikeun mikanyaho nepi geus kamana proram pendidikan berbasis keungulan lokal dilaksanakeun,naha geus luyu jeung program nu ditetepkeun sarta pikeun mikanyaho kamampuan tenaga pendidik dina ngabimbing siswa luyu jeung program. Nyakitu deui evaluasi external ngawengku evaluasi kana sarana jeung prasarana,evaluasi ka kemitraan sekolah jeung masarakat dilakukeun kepala sekolah pikeun mikanyaho naon wae sarana jeung prasarana nu dibutuhkeun sangkan program geus ditetepkeun bisa dicapai sacara hade sarta mikanyaho kemitraan jeung masarakat dina ngarojong program pendidikan berbasis keunggulan lokal dilaksanakeun di sekolah. “ Hasil evaluasi internal jeung ekternal dilakukeun kepala sekolah ieu bisa dijadikeun patokan kepala sekolah keur nangtukeun kebijakan dina nyokot tindakan naha program ieu bisa dituluykeun atawa henteu”ceuk Ade Anwar.
Ade Anwar ngebrehkeun faktor nu ngarojong sarta ngahambat manajemen strategik di sekolah berbasis keunggulan lokal nu dilaksanakeun di SMKN 1 Katapang kabupaten Bandung jeung SMKN 6 kota Bandung ieu tetep aya diantarana faktor pendukung nyaeta aya sadiana tenaga pendidik professional,sarana prasarana cukup,ayana bantuan dana ti pemerintah daerah,ayana bantuan ti orang tua (komite),ayana pamenta tenaga kerja ti dunia usaha jeung industri. Ari faktor penghambatna nyaeta dunia usaha jeung industri di Bandung masih saeutik,mere dana bantuan ti pemerintah pikeun kagiatan pendidikan berbasis keunggulan lokal nyakitu deui ,henteu walatrana masarakat paham kana penyelenggaraan pendidikan ngabalukarkeun sulit nyiptakeun parobahan-parobahan ka arah ngaronjatkeun mutu pendidikan jeung masih ngawatesanna tempat pemasaran hasil produksi ti Program Kemitraan & Bina Lingkungan (PKBL). Dina ieu kasempetan Ade Anwar nepikeun rekomendasi ka Dinas Pendidikan nyaeta kaserapna lulusan SMK di dunia usaha/industri nunjukeun upaya sekolah dina ngaberdayakeun sakabeh kekuatan nu aya jeung nerapkeun lengkah manajemen strategik bisa ngamunculkeun kakuatan-kakuatan bisa ngatasi kalemahan sarta mampu ngamangfaatkeun peluang dina nyanghareupan tantangan. “ Sangkan bisa kajaga bari jeung terus ditingkatkeun kukituna dibutuhkeun rojongan daria ti pemerintah ku sagala rupa kebijakan nu ngarojong kana mekarna SMK jeung lulusanna”.Ceuk Ade Anwar kalahiran Subang 23 Maret 1972 alumni S1 IAIN SGD Bandung,, jeung alumni S2 Uninus , kungsi digawe salaku Anggota Bintal Lanud Sulaiman tuluy salaku Parohani Lanud Sulaeman satuluyna ti taun 2009 nepi ka ayeuna salaku Instruktur Dosen Gol VI Skandik 201 Lanud Sulaiman (Suherman.S).-

