Genep Mahasiswa Ikopin Meunang Beasiswa Ti CIMB NIAGA
Aya genep mahasiswa Institut Koperasi Indonesia (Ikopin) nu meunang Program beasiswa ti CIMB NIAGA . Beasiswa dipasasrahkeun ku Head Of Coporate Communication CIMB NIAGA Harya Denny Suryo disaksian Rektor Ikopin Dr.(HC) Ir,Burhanuddin Abdullah,MA katut civitas akademika lumangsung Rebo 30 Oktober 2013 di Graha Suhardini kampus Ikopin Jatinangor.Dipasrahkeunnana beasiswa ka genep mahasiswa Ikopin saperti diberitakeun Koran Giwangkara ngawengku ti jurusan Manajemen Keuangan ditarima ku Desi Kristiani,Siti Rohmah,,Irma Hardianti sarta ti jurusan Manajemen Perbankan ditarima ku Redha Mauvi Ahmad, Shintya Sepdiandi jeung Muhamad Adhitia nu samemehna dilaksanakeun heula dua pihak neken gawe bareng Program Beasiswa CINB NIAGA-Ikopin 2013-2016.Dina ieu kasempetan satuluyna Kuliah Umum Edukasi Pendidikan Perbankan temana “ Ketahanan Ekonomi Indonesia Menghadapi Ketidakpastian Ekonomi Dunia “ diguar ku Chief Economist CIMB Niaga Winang Budoyo(Suherman.S).-