Sema FAI Uninus Ngayakeun Gebyar Kreasi Seni Nusantara
Senat mahasiswa (Sema) Fakultas Agama Islam (FAI) Universitas Islam Nusantara (Uninus) rengse ngayakeun kagiatan acara Gebyar Kreasi Seni Nusantara (GKSN) 2018 nyokot tema “ Pelajar Nusantara Bersatu Dalam Seni Budaya “ lumangsung salila opat poe ti mimiti Senen 5 Maret nepi ka 8 Maret 2018 lumangsung di kampus Uninus Jl.Soekarno-Hatta No.530 Bandung. “Diayakeun kagiatan acara ieu lian ti dina raraga pengabdian ka masarakat oge sakalian mieling lahirna Fakultas Agama Islam Uninus sarta ngajalin ukhuwah Islamiyah antar sekolah sa Indonesia nyakitu deui salaku ajang ngawanohkeun Uninus ka daerah luar kampus“.ceuk Ketua Pelaksanana ieu kagiatan Gita Ta’limatul Fsuziah dibarengan Wakil Ketua Pelaksana Ade Hilman Fahmidin saperti diberitakeun Koran Giwangkara.Numutkeun Gita Ta’limatul Fauziah peserta kagiatan ieu diiluan peserta TK/PAUD/RA ,SD,MI,SMP,MTS sa Bandung Raya sarta SMA/SMK/MA sa Indonesia. Sedengkeun jenis perlombaanna ngawengku TK saderajat Hapalan Do’a,Fashion Show,Mewarnai,SD/sederajat Pildacil,Hifdzil Qur’an,Adzan,SMA/sederajat Kaligrafi,MTQ,Marawis, Nasyid,Stand Up Comedy jeung Pidato 3 bahasa.(Suherman.S).-